Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Kumaha Carana Ngirit Lamun Panghasilan Jadi Saeutik?

Kumaha Carana Ngirit Lamun Panghasilan Jadi Saeutik?

 Na ayeuna Sadérék leuwih hésé pikeun nyumponan pangabutuh bulanan? Kaayaan ékonomi bisa ujug-ujug barobah ku lantaran pandémi, musibat alam, karusuhan pulitik, jeung perang. Mémang, masalah ékonomi téh bisa nyieun urang strés. Tapi, aya saran-saran alus tina Kitab Suci nu bisa ngabantu urang nyanghareupanana.

1. Sing daék narima kanyataan.

 Prinsip Kitab Suci: ”Keur sagala aya, keur sagala kurang, teu weleh ditarimakeun.”—Pilipi 4:12.

 Meureun ayeuna panghasilan Sadérék ngurangan, tapi Sadérék bisa diajar carana hirup leuwih saderhana. Leuwih gancang Sadérék narima kanyataan, Sadérék jeung kulawarga gé jadi leuwih gampang pikeun nyanghareupan masalah ieu.

 Téangan bantuan ti pamaréntah atawa bantuan sosial di daérah Sadérék. Mun aya, sing geura ngadaptar, biasana bantuan siga kieu téh aya wates waktuna.

2. Badamikeun jeung kulawarga.

 Prinsip Kitab Suci: ”Kudu getol tatanya heula, tangtu hasil nya maksud. Mun teu kitu bororaah.”—Siloka 15:22.

 Obrolkeun kaayaanana jeung batur hirup sarta barudak Sadérék. Lamun geus diobrolkeun, kulawarga jadi bisa ngarti kaayaanana jeung bisa milu ngadukung lamun aya parobahan nu kudu dilakukeun. Lamun kabéhanana bisa ngirit, sésa duitna jadi leuwih loba jeung bisa diatur-atur keur kabutuhan séjénna.

3. Tangtukeun anggaranana.

 Prinsip Kitab Suci: ”Diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana.”—Lukas 14:28.

 Lamun panghasilan jadi leuwih saeutik, Sadérék kudu leuwih merhatikeun, duit téh dipaké jang naon waé. Mimitina, catet heula sabaraha panghasilan Sadérék ayeuna. Sanggeus éta, catet sakabéh biaya bulanan jeung nu keur jajan. Catet wé heula kabéhanana, sanajan engkéna kudu dirobah. Catet ogé sabaraha duit nu hayang dipisahkeun jang dipaké lamun aya kaayaan darurat.

 Saran: Waktu keur nyatet biaya nu dikaluarkeun, catet ogé biaya-biaya anu laleutik. Sadérék bisa jadi teu nyangka, geuning biaya-biaya nu laleutik éta mun dijumlahkeun kabéhanana téh jadi gedé. Contona, saurang priya reuwas waktu ningali catetan biayana. Manéhna téh karék sadar geus méakeun jutaan rupiah unggal taunna ngan keur permén karét!

4. Tingali mana biaya nu paling penting jeung jieun parobahan.

 Prinsip Kitab Suci: ”Pilih-pilih mana nu leuwih penting”—Pilipi 1:10, Terjemahan Dunia Baru.

 Bandingkeun panghasilan jeung biaya bulanan Sadérék. Sanggeus éta, pilih-pilih biaya mana nu bisa dikurangan atawa dileungitkeun. Ku kituna, panghasilan Sadérék bisa mahi jang sabulaneun. Pék pikirkeun hal-hal ieu:

  •   Kendaraan. Lamun Sadérék boga sababaraha kendaraan, bisa teu dijual hiji? Lamun boga kendaraan méwah, bisa teu diganti ka nu biasa? Atawa, bisa teu kendaraan Sadérék dijual tuluy ngan maké kendaraan umum atawa sapédah?

  •   Hiburan. Sadérék bisa teu eureun heula langganan pakét streaming, TV satelit, atawa TV Kabel pikeun sababaraha bulan? Atawa, aya teu gantina nu leuwih murah?

  •   Kaperluan Sapopoé. Obrolkeun jeung kulawarga kumaha carana supaya bisa ngirit cai lédeng, listrik, jeung bénsin. Pareuman lampu jeung keran mun keur teu dipaké. Kabiasaan leutik siga kieu téh bisa ngabantu urang pikeun ngirit.

  •   Dahareun. Tong sering-sering dahar di réstoran, mending masak wé di imah. Rencanakeun rék masak naon, mun bisa masakna gé sakalian loba. Mun aya sésa tong dipiceun. Terus, mun rék balanja jieun heula daptarna supaya henteu meuli nu teu puguh. Beuli buah-buahan jeung sayur-sayuran dina usumna, biasana hargana sok leuwih murah. Tong sering-sering meuli junk food. Mun bisa, pelak sayur sorangan.

  •   Pakéan. Beuli pakéan mun pakéan Sadérék geus belél, ulah ngan pédah hayang nuturkeun modél anyar wungkul. Téangan pakéan nu keur diskon atawa nu urut. Mun cuacana keur alus, ti batan maké mesin pengering, mendingan gé Sadérék moé pakéan supaya bisa ngirit listrik.

  •   Barang nu Rék Dibeuli. Saacan meuli barang, pék pikirkeun, ’Na abdi bener-bener butuh? Na abdi mampuh mayarna?’ Bisa teu Sadérék engké deui ngaganti parabot, barang éléktronik, atawa kendaraan? Sabalikna, mun aya barang-barang nu geus teu kapaké, bisa teu dijual? Ku kituna, Sadérék bisa hirup leuwih saderhana jeung leuwih ngirit.

 Saran: Lamun ayeuna panghasilan Sadérék leuwih saeutik, bisa jadi Sadérék jadi leuwih kajurung pikeun ngeureunkeun kabiasaan nu goréng nu méakeun duit siga ngudud, maén judi, atawa mabok-mabok. Nyieun parobahan siga kieu téh teu ngan ngabantu Sadérék ngirit, tapi ogé bisa nyieun hirup Sadérék leuwih séhat.

5. Ulah poho kana hal-hal rohani.

 Prinsip Kitab Suci: ”Bagja jelema-jelema anu salawasna ngaharep kana pitulung sarta pituduh Allah.”—Mateus 5:3, Sunda Formal.

 Kitab Suci méré saran nu alus. Ceuk Kitab Suci, ”Boga duit, matak aman pipikiran. Komo deui untungna lamun boga kanyaho kana hikmah, matak salamet hirup.” (Pandita 7:12) Hikmah siga kieu téh aya dina Kitab Suci. Loba jalma geus ngarasakeun sorangan, mun ngalarapkeun naséhat tina Kitab Suci, maranéhna jadi teu hariwang teuing kana masalah duit.—Mateus 6:31, 32.