Pindah kana eusi

Naon nu Bakal Diwujudkeun ku Karajaan Allah?

Naon nu Bakal Diwujudkeun ku Karajaan Allah?

Jawaban Alkitab

 Karajaan Allah bakal numpes kabéh pamaréntahan manusa jeung bakal maréntah sakuliah dunya. (Daniel 2:44; Wahyu 16:14) Pas maréntah, Karajaan Allah bakal . . .

  •   Nyingkirkeun kabéh jalma jahat nu mentingkeun diri jeung ngabahayakeun urang. ”Nu daroraka mah ku Allah baris didudut, nu jarahat baris dicabut ti dinya.”—Siloka 2:22.

  •   Ngeureunkeun kabéh peperangan.”[Allah] ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat.”—Jabur 46:10.

  •   Nyieun rahayatna makmur jeung nyieun bumi jadi aman. ”Tiap jalma hirupna ayem tengtrem, bisa jongjon ngurus kebon anggur jeung kondang, moal manggih deui pikasieuneun.”—Mika 4:4.

  •   Ngarobah bumi jadi pirdaus. ”Tanah keri bakal suka seuri. Tegal garing bakal pinuh ku kekembangan.”—Yesaya 35:1.

  •   Nyadiakeun pagawéan nu matak bagja keur kabéh jalma. ”Umat [Allah] . . . bakal bisa metik kani’matan hasil gawena. Sagala gawena bakal mulus.”—Yesaya 65:21-23.

  •   Nyingkirkeun panyakit. ”Anu maratuh di tanah urang moal aya anu udah-aduh ku panyakit.”—Yesaya 33:24.

  •   Nyieun rahayatna moal ngolotan. ”Seug nu gering teh neutneutan menyat, tanagana pulih deui, bedas deui cara keur ngora.”—Ayub 33:25.

  •   Ngahirupkeun deui nu maot. ”Anu paraeh bakal ngadarenge soara [Yésus], tuluy kalaluar ti jero kuburna.”—Yohanes 5:28, 29.