Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 7

Cara Ngadidik Budak Sadérék

Cara Ngadidik Budak Sadérék

”Sakur anu diwurukkeun ku Bapa poe ieu ulah dipopohokeun. Ajarkeun ka anak.”​—Pamindo 6:6, 7

Yéhuwa, Nu Nyiptakeun kulawarga, nugaskeun kolot pikeun ngagedékeun budakna. (Kolosa 3:20) Sabagé kolot, Sadérék boga tanggung jawab ngalatih budak sangkan mikaasih Yéhuwa ogé jadi jalma nu bisa diandelkeun. (2 Timoteus 1:5; 3:15) Upayakeun sangkan Sadérék nyaho eusi haténa. Tangtuna tuladan Sadérék ogé penting pisan. Sadérék bisa enya-enya ngajarkeun prinsip-prinsip Kitab Suci ka maranéhna lamun éta geus aya dina haté Sadérék.​—Jabur 40:9.

1 GAMPANG DIDEUKEUTAN KU BUDAK SADÉRÉK

PITUDUH KITAB SUCI: ”Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.” (Yakobus 1:19) Sadérék tangtu hayang budak Sadérék teu asa-asa nyarita naon waé ka Sadérék. Maranéhna kudu nyaho yén Sadérék siap ngadéngékeun iraha waé. Ciptakeun kaayaan nu répéh rapih, atawa tengtrem, supaya maranéhna teu nutup diri. (Yakobus 3:18) Lamun Sadérék kacirina galak jeung sok ngiritik, maranéhna moal bakal terus terang. Sadérék kudu sabar jeung sering némbongkeun kanyaah ka maranéhna.​—Mateus 3:17; 1 Korinta 8:1.

CARA NERAPKEUN:

  • Sadiakeun waktu lamun budak Sadérék hayang ngobrol

  • Sering ngobrol jeung budak Sadérék, lain lamun keur aya masalah wungkul

2 COBA PAHAM KANA MAKSUD OMONGANANA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Jalma anu sehat akal, sagala lampahna dipikir ti samemehna.” (Siloka 13:16) Kadang-kadang teu cukup ngan saukur ngadéngékeun omongan budak Sadérék pikeun nyaho parasaan manéhna nu sabenerna. Budak ngora sok ngaleuwih-leuwihkeun omonganana atawa omonganana sok béda jeung maksudna. ”Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.” (Siloka 18:13) Jadi, tong gancang ambek.​—Siloka 19:11.

CARA NERAPKEUN:

  • Ulah nyela jeung perlu tetep tenang, teu sual naon nu diomongkeun ku budak Sadérék

  • Inget kumaha parasaan Sadérék waktu saumur manéhna sarta naon nu katingalina penting keur Sadérék harita

3 TÉMBONGKEUN YÉN SADÉRÉK DUAAN SAPIKIRAN

PITUDUH KITAB SUCI: ”Anaking! Turutkeun papatah nu jadi bapa, gugu pitutur nu jadi indung.” (Siloka 1:8) Yéhuwa méré wewenang ka indung jeung bapa pikeun ngurus budakna. Sadérék kudu ngajar maranéhna sangkan hormat jeung taat ka Sadérék. (Epesus 6:1-3) Budak Sadérék bisa ngarasakeun lamun kolotna teu ”sahate jeung sapikir”. (1 Korinta 1:10) Ulah katingali teu sapakat di hareupeun budak, sabab maranéhna bisa kurang ngahargaan Sadérék sabagé kolot.

CARA NERAPKEUN:

  • Bahas jeung putuskeun cara ngadisiplin budak

  • Lamun Sadérék duaan teu sapakat sual ngadidik budak, upayakeun paham kana pandangan batur hirup

4 JIEUN RENCANA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup.” (Siloka 22:6) Sadérék teu bisa ujug-ujug suksés ngadidik budak. Sadérék kudu boga rencana, kaasup carana ngadisiplin budak. (Jabur 127:4; Siloka 13:1) Disiplin téh lain ngan saukur ngahukum, tapi ngabantu manéhna paham alesanana Sadérék méré aturan. (Siloka 28:7) Budak Sadérék perlu diajar mikaasih Firman Yéhuwa ogé paham kana prinsip-prinsipna. (Jabur 1:2) Éta ngabantu maranéhna boga ati sanubari nu bersih.​—Ibrani 5:14.

CARA NERAPKEUN:

  • Bantu budak Sadérék paham yén Yéhuwa téh bener-bener aya jeung bisa dipercaya

  • Bantu budak Sadérék waspada jeung ngajauhan hal-hal nu bejad saperti nu aya di internét jeung jejaring sosial. Ajar maranéhna cara ngajauhan jalma-jalma nu cabul

”Budak teh papatahan kumaha kuduna hirup”