Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 4

Carana Ngatur Duit

Carana Ngatur Duit

”Menta heula nasehat, sangkan hasil.”​—Siloka 20:18

Urang kabéh butuh duit pikeun nyumponan sagala pangabutuh kulawarga. (Siloka 30:8) Lamun ”boga duit, matak aman pipikiran”. (Pandita 7:12) Sanajan teu gampang ngomongkeun sual duit, ulah nepi ka duit jadi pimasalaheun dina perkawinan. (Epesus 4:32) Salaki pamajikan perlu silih percaya jeung sabilulungan dina mutuskeun cara ngagunakeun duit.

1 RENCANAKEUN SING TALITI

PITUDUH KITAB SUCI: ”Upamana, ti maraneh aya anu boga maksud nyieun munara, tangtu diuk heula ngitung-ngitung piwaragadeunana, hayangeun nyaho naha duitna teh picukupeun atawa moal dipake nganggeuskeun pagaweanana.” (Lukas 14:28) Ngarencanakeun babarengan carana maké duit téh penting. (Amos 3:3) Putuskeun barang naon waé nu perlu dibeuli jeung lobana duit nu rék dikaluarkeun. (Siloka 31:16) Sanajan Sadérék boga duit, teu perlu sagala dibeuli. Ulah ngahutang, tapi paké duit nu aya.​—Siloka 21:5; 22:7.

CARA NERAPKEUN:

  • Lamun aya sésa duit di ahir bulan, putuskeun babarengan bakal dikumahakeun duitna

  • Lamun duitna teu cukup, rencanakeun pikeun ngurangan biaya-biaya. Contona, ti batan dahar di luar, mending masak sorangan

2 PERLU TERUS TERANG JEUNG ASUP AKAL

PITUDUH KITAB SUCI: ”Seja bruk-brak teh lain ka payuneun Allah bae, ka papada jelema nya kitu keneh.” (2 Korinta 8:21) Perlu jujur ngeunaan duit nu ditarima jeung dikaluarkeun ku Sadérék.

Perlu badami heula jeung batur hirup Sadérék saacanna nyieun putusan penting ngeunaan kumaha ngagunakeun duit. (Siloka 15:22) Komunikasi nu terus terang ngeunaan duit bakal ngajaga karukunan perkawinan Sadérék. Duit perlu dianggap sabagé milik kulawarga, lain milik sorangan.​—1 Timoteus 5:8.

CARA NERAPKEUN:

  • Tangtukeun jumlah duit nu meunang dikaluarkeun nu teu perlu dibadamikeun heula jeung batur hirup Sadérék

  • Sual duit perlu dibadamikeun heula saméméhna aya masalah