Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 3

Cara Ngaréngsékeun Masalah

Cara Ngaréngsékeun Masalah

”Kudu enya-enya silih pikanyaah, sabab ku silih pikanyaah mah bisa silih hampura.”​—⁠1 Petrus 4:8

Waktu ngamimitian rumah tangga, Sadérék duaan bakal nyanghareupan rupa-rupa masalah. Éta lantaran Sadérék jeung batur hirup Sadérék boga pamikiran, parasaan jeung pandangan hirup nu teu sarua. Atawa, masalah ogé bisa dilantarankeun ku hal-hal séjénna jeung kajadian nu teu diduga-duga.

Ulah lumpat tina masalah, lantaran Kitab Suci nganjurkeun urang pikeun nyanghareupan masalah. (Mateus 5:​23, 24) Sadérék bakal meunang jalan kaluar nu pangalusna lamun nerapkeun prinsip-prinsip Kitab Suci.

1 BAHAS MASALAHNA

PITUDUH KITAB SUCI: “Aya waktuna nyarita.” (Pandita 3:⁠7) Pastikeun Sadérék nyadiakeun waktu pikeun ngobrolkeun masalahna. Caritakeun terus terang kumaha parasaan jeung pamikiran Sadérék ngeunaan masalahna. “Kudu jujur” ka batur hirup Sadérék. (Epesus 4:25) Sanajan keuheul, ulah nepi ka paséa. Masalah nu sapélé moal jadi piributeun lamun ngomongna kalem.​​—⁠Siloka 15:4; 26:⁠20.

Sanajan Sadérék teu satuju, perlu terus sabar, tetep némbongkeun kanyaah jeung hormat ka batur hirup Sadérék. (Kolosa 4:⁠6) Masalah kudu geura diréngsékeun, ulah diantep. Ulah ngabetem lamun aya masalah.​​—⁠Epesus 4:⁠26.

CARA NERAPKEUN:

  • Téangan waktu nu cocog pikeun ngabahas masalahna

  • Sadérék perlu ngadéngékeun, ulah motong omongan batur hirup Sadérék. Aya giliranana Sadérék ngomong

2 DÉNGÉKEUN JEUNG UPAYAKEUN NGARTI

PITUDUH KITAB SUCI: “Silih raketan . . . jeung silih ajenan.” (Rum 12:10) Carana Sadérék ngadéngékeun téh penting pisan. Sadérék perlu “sapaham saperasaan” jeung “silih elehan” sangkan bisa ngarti kana pandangan batur hirup Sadérék. (1 Petrus 3:8; Yakobus 1:19) Ulah api-api ngadéngékeun. Tapi lamun bisa, Sadérék perlu eureun barang gawé sangkan bisa enya-enya ngadéngékeun, atawa ménta sangkan masalahna dibahas dina waktu séjénna. Lamun Sadérék nganggap batur hirup téh sobat, lainna musuh, Sadérék bakal “bisa ngadalian amarah”.​​—⁠Pandita 7:⁠9.

CARA NERAPKEUN:

  • Terus déngékeun, sanajan naon nu diomongkeun teu nyenangkeun Sadérék

  • Perlu ngarti kana maksudna. Perhatikeun réaksina jeung lentong sorana

3 JALANKEUN

PITUDUH KITAB SUCI: “Mun hayang nyapek kudu ngoprek, da ari ngobrol bae mah pimalarateun.” (Siloka 14:23) Teu cukup ngan saukur satuju kana jalan kaluar nu geus diputuskeun. Tapi, Sadérék ogé perlu ngajalankeunana. Sanajan perlu tekad jeung upaya enya-enya, éta moal cumah. (Siloka 10:⁠4) Lamun Sadérék duaan sauyunan, tangtu bakal “hasil”.​​—⁠Pandita 4:⁠9.

CARA NERAPKEUN:

  • Tangtukeun cara-cara praktis pikeun ngaréngsékeun masalah

  • Ti waktu ka waktu, terus pariksa kamajuan Sadérék