Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

BAGIAN 5

Cara Tetep Akur jeung Mitoha

Cara Tetep Akur jeung Mitoha

”Kudu boga tabeat . . . hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.”​—Kolosa 3:12

Perkawinan téh ngahasilkeun hiji kulawarga anyar. Sanajan Sadérék bakal terus nyaah jeung hormat ka kolot, tapi ayeuna jalma nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék téh batur hirup Sadérék. Bisa jadi kolot Sadérék teu bisa narima hal éta. Prinsip Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék tetep saimbang, jadi Sadérék bisa akur jeung mitoha ogé baraya bari enya-enya ngawangun kulawarga nu anyar.

1 BOGA PANDANGAN NU BENER NGEUNAAN MITOHA

PITUDUH KITAB SUCI: ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung.” (Epesus 6:2) Teu sual geus kolot atawa ngora kénéh, Sadérék kudu tetep hormat ka kolot Sadérék. Batur hirup Sadérék ogé sarua, manéhna kudu merhatikeun kolotna. ”Sipatna kanyaah teh . . . teu sirikan”, jadi ulah nganggap mitoha téh saingan Sadérék.​—1 Korinta 13:4; Galata 5:26.

CARA NERAPKEUN:

  • Ulah sok ngomong, ”Kulawarga manéh mah da sok ngarendahkeun urang waé” atawa ”Urang rék kumaha ogé, teu pernah dihargaan ku indung manéh”

  • Perlu paham kana pandangan batur hirup Sadérék

2 TEGAS LAMUN PERLU

PITUDUH KITAB SUCI: ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (Kajadian 2:24) Waktu Sadérék nikah, bisa waé indung jeung bapa Sadérék ngarasa masih boga tanggung jawab ka Sadérék. Jadi, maranéhna sok loba teuing turut campur dina rumah tangga Sadérék padahal sakuduna mah teu kitu.

Sadérék jeung batur hirup Sadérék nu kudu nangtukeun nepi ka mana maranéhna bisa turut campur. Terus, Sadérék kudu méré nyaho maranéhna ku cara terus terang, jelas, tapi ulah kasar. (Siloka 15:1) Sipat rendah haté, soméah, jeung sabar bisa ngabantu Sadérék tetep akur jeung mitoha sarta terus ”silih pikanyaah”.​—Epesus 4:2.

CARA NERAPKEUN:

  • Lamun Sadérék ngarasa kolot geus loba teuing turut campur dina rumah tangga, Sadérék perlu ngabahas masalahna jeung batur hirup dina kaayaan nu tenang

  • Sadérék duaan perlu nyieun putusan nu cocog pikeun ngaréngsékeun masalahna