Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 4

Saha Isa Almasih téh?

Saha Isa Almasih téh?

1. Kumaha asal-usul kahirupan Nabi Isa?

Ku naon jalma-jalma resep ngobrol jeung Nabi Isa?—MATEUS 11:29; MARKUS 10:13-16.

Béda jeung manusa séjénna, Nabi Isa geus hirup di sawarga sabagé malaikat saacan dilahirkeun di bumi. (Yohanes 3:13) Anjeunna téh nu pangmimitina diciptakeun ku Gusti. Anjeunna mantuan Gusti nyiptakeun sagala hal, ibarat murid nu mantuan guruna. Lantaran diciptakeun langsung ku Gusti, Nabi Isa disebut ”Putra Allah”. (Mateus 16:16) Anjeunna ogé disebut ”Mésias (Almasih)”, atawa Nu Diistrénan. Mésias téh hartina jalma nu diistrénan ku Gusti pikeun ngajalankeun tugas husus. Baca Siloka 8:22, 23, 30; Kolosa 1:15, 16.

2. Ku naon Nabi Isa datang ka bumi?

Gusti ngutus Putra-Na ka bumi ku mindahkeun kahirupanana ti sawarga ka rahim parawan Yahudi, nyaéta Mariam. Jadi, Nabi Isa teu boga bapa manusa. (Lukas 1:30-35) Anjeunna datang ka bumi pikeun (1) ngajarkeun bebeneran ngeunaan Gusti, (2) méré tuladan dina ngalakukeun kahoyong Gusti sanajan keur susah, jeung (3) ngorbankeun hirupna nu sampurna sabagé tebusan. Baca Mateus 20:28.

3. Ku naon urang butuh tebusan?

Tebusan téh harga nu kudu dibayar pikeun ngabébaskeun saurang jalma atawa nebus hiji barang, hargana ogé kudu sarua jeung nu ditebusna. (Budalan 21:29, 30) Gusti teu hoyong manusa ngolotan jeung maot. Ti mana urang nyaho? Gusti ngabéjaan Adam yén lamun teu taat, Adam bakal maot. Sabalikna lamun taat, manéhna moal maot. Tapi, Adam malah teu taat ka Yéhuwa, manéhna ngalakukeun ”dosa”. (Kajadian 2:16, 17; 5:5) Kitab Suci nyebutkeun yén maot ”sumebar” ka sakuliah dunya ku sabab Adam. Adam ngawariskeun dosa jeung balukarna, nyaéta maot, ka sakabéh turunanana. Jadi, urang butuh tebusan supaya bébas tina maot nu disababkeun ku dosa nu diwariskeun ku Adam. Baca Rum 5:12, 18.

Saha nu bisa mayar tebusan pikeun ngabébaskeun urang tina maot? Waktu maot, urang ngan bisa mayar hukuman tina dosa sorangan. Manusa nu teu sampurna moal bisa nebus dosa batur. Baca Mateus 16:26.

4. Naon tujuan tina maotna Nabi Isa?

Lantaran lahir tina mujijat, Nabi Isa téh sampurna, teu siga urang. Nabi Isa teu pernah ngalakukeun dosa. Jadi, sabenerna anjeunna teu kudu maot. Tapi, anjeunna maot pikeun nebus dosa loba jalma. Gusti réla ngutus Putra-Na ieu pikeun maot demi urang. Ieu téh bukti kanyaah Gusti nu sakitu gedéna ka umat manusa. Nabi Isa gé nyaah ka urang, buktina anjeunna taat ka Bapana jeung réla ngorbankeun hirupna keur urang. Baca Yohanes 3:16; Rum 5:18, 19.

Tingali vidéo Naon Tujuan tina Maotna Nabi Isa?

5. Naon nu keur dilakukeun ku Nabi Isa ayeuna?

Sanggeus Nabi Isa maot, Yéhuwa ngahirupkeun deui anjeunna sabagé malaikat. (1 Petrus 3:18) Geus kitu, anjeunna ngadagoan Yéhuwa masihan kawasa pikeun maréntah sakuliah bumi sabagé Raja. (Ibrani 10:12, 13) Ayeuna, Nabi Isa keur maréntah di sawarga sabagé Raja. Murid-muridna keur ngawartakeun kabar gumbira ieu ka sakuliah dunya. Baca Daniel 7:13, 14; Mateus 24:14.

Moal lila deui, Nabi Isa bakal ngagunakeun kawasana sabagé Raja pikeun nyingkirkeun kasangsaraan jeung kabéh nu nyababkeunana. Basa di bumi, Nabi Isa nyageurkeun nu garering, ngahirupkeun nu maot, jeung nulungan jalma-jalma. Ieu kabéh téh ngagambarkeun naon nu bakal diwujudkeun ku anjeunna di mangsa kahareup keur kabéh jalma nu taat. (Mateus 15:30, 31; Yohanes 5:28) Kabéh jalma nu boga iman ka Nabi Isa, nyaéta nu taat ka anjeunna, bakal hirup langgeng di Pirdaus di bumi. Baca Jabur 37:9-11.