Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

PALAJARAN 7

Naon Karajaan Allah téh?

Naon Karajaan Allah téh?

1. Naon Pamaréntahan Gusti téh?

Ku naon Nabi Isa cocog jadi Raja? —MARKUS 1:40-42.

Pamaréntahan Gusti disebut ogé Karajaan Allah. Éta téh pamaréntahan nu aya di sawarga. Karajaan ieu bakal ngagantikeun sakabéh pamaréntahan, sarta ngawujudkeun kahoyong Allah, boh di sawarga boh di bumi. Ieu téh kabar gumbira! Karajaan Allah bakal jadi pamaréntahan nu hadé nu salila ieu dibutuhkeun ku manusa, sarta bakal ngahijikeun kabéh jalma di bumi. Baca Daniel 2:44; Mateus 6:9, 10; 24:14.

Unggal karajaan dipingpin ku saurang raja. Yéhuwa geus ngalantik Nabi Isa sabagé Raja pikeun Karajaan Allah. Baca Wahyu 11:15.

Tingali vidéo Naon Pamarentahan Gusti teh?

2. Ku naon Nabi Isa cocog jadi Raja?

Nabi Isa cocog jadi Raja sabab anjeunna bageur jeung resep kana hal-hal nu bener. (Mateus 11:28-30) Nabi Isa gé boga kawasa pikeun nulungan umat manusa sabab anjeunna bakal maréntah bumi ti sawarga. Basa dihirupkeun deui, Nabi Isa diangkat ka sawarga. Terus anjeunna ngadagoan di katuhueun Yéhuwa pikeun dijadikeun Raja. (Ibrani 10:12, 13) Terus, Yéhuwa masihan kawasa ka anjeunna pikeun maréntah. Baca Daniel 7:13, 14.

3. Saha waé nu bakal maréntah bareng Nabi Isa?

Gusti milih sakelompok jalma pikeun maréntah di sawarga bareng Nabi Isa. (Wahyu 5:10) Basa di bumi, Nabi Isa milih sababaraha jalma pikeun jadi murid-muridna nu istiméwa. Maranéhna disebut rasul-rasul. Maranéhna téh nu pangmimitina dipilih pikeun maréntah di sawarga. Nepi ka ayeuna, Yéhuwa masih terus milih lalaki jeung awéwé nu satia pikeun jadi bagian tina kelompok ieu. Saperti Nabi Isa, maranéhna bakal dihirupkeun deui dina wujud roh. Baca Yohanes 14:1-3; 1 Korinta 15:42-44.

Sabaraha loba jalma nu bakal maréntah bareng Nabi Isa? Ceuk Nabi Isa, jumlahna téh ”ngan saeutik”. (Lukas 12:32) Aya 144.000 nu bakal maréntah sakuliah bumi bareng Nabi Isa. Baca Wahyu 14:1.

4. Aya kajadian naon waktu Nabi Isa mimiti maréntah?

Karajaan Allah mimiti maréntah sawarga ti saprak taun 1914. * Nu mimiti dilakukeun ku Nabi Isa sabagé Raja nyaéta ngabalangkeun Sétan jeung roh-roh jahat ka bumi. Saking ku ngamukna, Sétan nyieun loba masalah di bumi. (Wahyu 12:7-10, 12) Ti saprak harita, umat manusa jadi beuki sangsara. Di mana-mana loba perang, kalaparan, panyakit, jeung lini. Éta kabéh téh ”galagat” yén moal lila deui Karajaan Allah bakal jadi hiji-hijina pamaréntahan nu ngawasaan bumi. Baca Lukas 21:7, 10, 11, 31, ”SF”.

5. Naon nu diwujudkeun ku Karajaan Allah ayeuna jeung di mangsa kahareup?

Ayeuna, Karajaan Allah keur ngumpulkeun jutaan jalma nu rendah haté tina sagala bangsa ku kagiatan pangwawaran. Jalma-jalma ieu bakal jadi rahayat Karajaan Allah nu dipingpin ku Nabi Isa. Maranéhna gé bakal dilindungan waktu dunya nu jahat ieu diancurkeun. Jadi, kabéh nu hayang salamet kudu daék taat ka Nabi Isa. Baca Wahyu 7:9, 14, 16, 17.

Salila 1.000 taun, éta Karajaan bakal ngawujudkeun tujuan Allah nu mimiti pikeun umat manusa. Sakuliah bumi bakal jadi pirdaus. Terus, ahirna Nabi Isa bakal mulangkeun éta Karajaan ka Yéhuwa. (1 Korinta 15:24-26) Sadérék hayang méré nyaho kabar gumbira ieu ka saha? Baca Jabur 37:10, 11, 29.

 

^ par. 6 Rincian ramalan Kitab Suci ngeunaan taun 1914 bisa ditingali dina buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci? kaca 217-220.