Pindah kana eusi

Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?

Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?

Jawaban Alkitab

 Alkitab téh ti ”Allah, nu sok nguatkeun nu keur susah haté”. (2 Korintus 7:6) Alkitab lain buku ngeunaan kaséhatan méntal, tapi buku ieu geus ngabantu loba jalma sangkan teu bunuh diri. Naséhatna ogé bisa ngabantu Sadérék.

 Naséhat naon nu aya dina Alkitab?

  • Caritakeun parasaan Sadérék.

     Alkitab nyebutkeun: ”Sobat salawasna sok nembongkeun kanyaahna. Ari dulur pikeun naon mun lain keur silih tulungan dina kasusah?”​—Siloka 17:17.

     Maksudna: Urang butuh dukungan batur lamun keur strés.

     Lamun dipikiran terus ku sorangan, beban Sadérék bakal karasa leuwih beurat. Tapi lamun dicaritakeun ka batur, beban Sadérék jadi leuwih hampang, malahan Sadérék bisa boga pandangan nu leuwih positif.

     Bisa dicoba: Poé ieu kénéh, ungkabkeun parasaan Sadérék ka kulawarga atawa ka sobat nu bisa dipercaya. a Sadérék ogé bisa ngungkabkeun parasaan dina tulisan.

  • Téangan bantuan médis.

     Alkitab nyebutkeun: ”Nu butuh dokter mah lain jalma séhat, tapi jalma gering.”​—Matius 9:12.

     Maksudna: Lamun gering, urang kudu néangan bantuan médis.

     Niat bunuh diri bisa jadi tanda panyakit méntal atawa émosi. Lamun awak urang gering pan urang teu éra, jadi urang gé teu kudu éra lamun boga panyakit méntal atawa émosi. Éta bisa diubaran.

     Bisa dicoba: Gancang téangan bantuan ti dokter nu ahli.

  • Sing inget, Allah nyaah ka Sadérék.

     Alkitab nyebutkeun: ”Lima manuk piit dijualna ngan dua kencring, pan? Tapi, euweuh hiji-hiji acan nu dipopohokeun ku Allah. . . . Ulah sieun, maranéh téh jauh leuwih dihargaan tibatan loba manuk piit.”​—Lukas 12:6, 7.

     Maksudna: Sadérék dihargaan pisan ku Allah.

     Meureun Sadérék ngarasa euweuh nu paduli, tapi Allah paham kana kasangsaraan Sadérék. Anjeunna tetep nyaah ka Sadérék sanajan Sadérék geus teu hayang hirup. Jabur 51:17 dina Terjemahan Dunia Baru (NW) nyebutkeun, ”Haté nu remuk jeung ancur moal disapirakeun ku Anjeun, nun Allah.” Allah hoyong Sadérék tetep hirup lantaran nyaah ka Sadérék.

     Bisa dicoba: Pariksa sorangan bukti tina Alkitab yén Allah nyaah ka Sadérék. Misalna, tingali pasal 24 tina buku Mendekatlah kepada Yehuwa.

  • Pék ngadoa.

     Alkitab nyebutkeun: ”Pasrahkeun sakabéh kahariwangan aranjeun ka Anjeunna, lantaran Anjeunna merhatikeun aranjeun.”​—1 Pétrus 5:7.

     Maksudna: Allah hoyong Sadérék ngungkabkeun naon nu sabenerna dihariwangkeun ku Sadérék.

     Allah bisa masihan katengtreman jeung kakuatan pikeun henteu nyerah. (Filipi 4:6, 7, 13) Éta téh cara Anjeunna ngadukung saha waé nu ménta bantuan ka Anjeunna.​—Jabur 55:23.

     Bisa dicoba: Pék ngadoa ayeuna kénéh. Sebutkeun nami Yéhuwa jeung ungkabkeun parasaan Sadérék. (Jabur 83:18, NW) Pénta bantuana-Na sangkan Sadérék teu nyerah.

  • Bayangkeun harepan Alkitab pikeun mangsa kahareup.

     Alkitab nyebutkeun: ”Harepan ieu téh ibarat jangkar keur kahirupan urang, nu kuat jeung bisa diandelkeun.”​—Ibrani 6:19.

     Maksudna: Émosi Sadérék bisa robah-robah, sakapeung senang sakapeung sedih, kawas kapal nu naék turun waktu keur angin ribut, tapi harepan dina Alkitab bisa ngabantu émosi Sadérék tetep stabil.

     Harepan dina Alkitab lain hayalan, éta téh jangji ti Allah nu bakal nyingkirkeun kabéh kanyeri urang.​—Wahyu 21:4.

     Bisa dicoba: Pék diajar leuwih loba ngeunaan harepan Alkitab ku cara maca palajaran 5 tina brosur Kabar Gumbira ti Gusti!

  • Lakukeun kagiatan nu dipikaresep.

     Alkitab nyebutkeun: ”Gumbira teh matak sehat.”​—Siloka 17:22.

     Maksudna: Lamun urang ngalakukeun kagiatan nu dipikaresep, parasaan urang jadi leuwih bungah.

     Bisa dicoba: Lakukeun kagiatan nu dipikaresep ku Sadérék, misalna ngadéngékeun lagu nu nyumangetan, maca buku nu ngagedékeun haté, atawa ngalakukeun hobi. Sadérék ogé bakal leuwih bungah lamun tutulung ka batur, sanajan dina hal-hal leutik.​—Kisah 20:35.

  • Jaga kaséhatan.

     Alkitab nyebutkeun: ”Ngalatih awak téh [aya] mangpaatna.”​—1 Timotius 4:8.

     Maksudna: Urang bakal leuwih séhat lamun olahraga, cukup saré, jeung ngadahar dahareun nu séhat.

     Bisa dicoba: Jalan cepat, sanajan ngan 15 menit.

  • Inget, parasaan jeung kaayaan bisa barobah.

     Alkitab nyebutkeun: ”Aranjeun teu nyaho hirup aranjeun isukan bakal kumaha.”​—Yakobus 4:14.

     Maksudna: Masalah nu nyusahkeun haté nu karasana euweuh jalan kaluarna bisa jadi moal aya salilana.

     Teu sual sakumaha susahna kaayaan Sadérék poé ieu, éta bisa barobah isukan. Jadi, téangan cara-cara supaya Sadérék teu nyerah. (2 Korintus 4:8) Kaayaan nu nyusahkeun haté bisa barobah dina waktuna, tapi lamun Sadérék bunuh diri, éta moal bisa dirobah.

     Bisa dicoba: Baca ngeunaan tokoh-tokoh Alkitab nu pernah ngarasa leutik haté jeung hayang paéh, tuluy tingali kumaha kahirupan maranéhna barobah jadi leuwih hadé, seringna mah ku cara nu teu kabayangkeun saacanna. Ieu sababaraha contona.

 Aya teu tokoh Alkitab nu pernah hayang paéh?

 Aya. Dina Alkitab, aya sababaraha tokoh nu pernah hayang paéh. Maranéhna teu dicarékan ku Allah, tapi ditulungan. Anjeunna ogé bisa nulungan Sadérék.

Élias

  •  Saha Élias téh? Manéhna nabi nu gedé kawani, tapi pernah leutik haté. Yakobus 5:17 nyebutkeun Élias téh ”jalma nu boga parasaan siga urang”.

  •  Naha bet hayang paéh? Sakali waktu, Élias pernah ngarasa euweuh batur, sieun, jeung euweuh hargaan. Jadi, manéhna sasambat, ”Nun PANGERAN, mangga candak nyawa abdi.”​—1 Raja 19:4.

  •  Naon nu ngabantu manéhna? Élias ngungkabkeun sakabéh parasaanana ka Allah. Kumaha Allah nguatkeun manéhna? Allah nunjukkeun perhatian jeung némbongkeun kawasa-Na. Anjeunna ogé ngayakinkeun Élias yén manéhna masih dibutuhkeun jeung méré sobat nu maturan sarta ngabantu Élias.

  •  Baca ngeunaan Élias: 1 Raja 19:2-18.

Ayub

  •  Saha Ayub téh? Manéhna téh jalma beunghar nu boga anak pamajikan jeung taat ibadah ka Allah nu sajati.

  •  Naha bet hayang paéh? Kahirupan manéhna ujug-ujug barobah. Manéhna kaleungitan harta bandana, kabéh barudakna maot ku musibah, jeung manéhna gé keuna ku panyakit nu nyangsarakeun. Geus kitu, aya nu nuduh, manéhna sangsara téh ku lantaran kasalahan sorangan. Ceuk Ayub, ”Abdi pasrah, parantos bosen hirup. Kantunkeun bae.”​—Ayub 7:16.

  •  Naon nu ngabantu manéhna? Manéhna ngadoa ka Allah jeung nyarita ka batur. (Ayub 10:1-3) Élihu, sobat nu nyaah ka manéhna, ngagedékeun haténa. Élihu ngabantu manéhna boga pandangan nu bener kana kaayaanana. Nu utamana, Ayub daék narima naséhat jeung bantuan Allah.

  •  Baca ngeunaan Ayub: Ayub 1:1-3, 13-​22; 2:7; 3:1-13; 36:1-7; 38:1-3; 42:1, 2, 10-13.

Musa

  •  Saha Musa téh? Manéhna nabi nu satia nu mingpin bangsa Israil jaman baheula.

  •  Naha bet hayang paéh? Manéhna téh geus mah loba pagawéan, sering dikiritik deuih. Manéhna jadi capé pisan. Ku kituna, manéhna sasambat ka Allah, ”Langkung sae paehan bae abdi teh.”​—Bilangan 11:11, 15.

  •  Naon nu ngabantu manéhna? Manéhna nyaritakeun parasaanana ka Allah. Anjeunna ngurangan pagawéanana sangkan Musa teu pati strés deui.

  •  Baca ngeunaan Musa: Bilangan 11:4-6, 10-17.

a Lamun Sadérék geus teu tahan deui, terus euweuh batur nu bisa diajak nyarita, pék telepon ka nomer telepon darurat.