Ayub 1:1-22

  • Ayub satia jeung beunghar (1-5)

  • Sétan nganggap Ayub boga niat goréng (6-12)

  • Harta Ayub béak, anak-anakna maot (13-19)

  • Ayub teu nyalahkeun Allah (20-22)

1  Di tanah Uz aya hiji lalaki nu ngaranna Ayub.* Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.* Manéhna gé hormat* ka Allah jeung nyingkahan lampah goréng.  Manéhna boga tujuh anak lalaki jeung tilu anak awéwé.  Dombana aya 7.000, ontana aya 3.000, sapina aya 1.000,* jeung kaldéna* aya 500. Palayanna gé loba pisan. Di antara jalma-jalma di daérah Wétan, manéhna téh nu paling beunghar jeung dihormat.  Anak-anakna nu lalaki sok bagilir ngayakeun pésta di imahna masing-masing. Dulur-dulur awéwé maranéhna gé bakal diajak dahar jeung nginum babarengan.  Sanggeus kabéhanana meunang giliran, Ayub bakal nitah anak-anakna datang pikeun nyucikeun maranéhna. Geus kitu, Ayub bakal hudang subuh-subuh sarta ngabaktikeun kurban beuleuman keur unggal anakna. Ceuk pamikirna, ’Bisi barudak téh aya nu nyieun dosa sarta nyumpahan Allah dina haténa.’ Éta nu terus dilampahkeun ku Ayub.  Dina poé nu geus ditangtukeun, putra-putra Allah nu bener* ngadep ka Yéhuwa. Sétan gé milu ngadep.  Terus Yéhuwa nanya ka Sétan, ”Manéh tas ti mana?” Sétan ngajawab Yéhuwa, ”Tas ngideran jeung nilik-nilik bumi.”  Yéhuwa ngomong deui ka Sétan, ”Manéh merhatikeun hamba Kuring Ayub teu? Di bumi euweuh nu kawas manéhna. Manéhna téh jalma bener jeung bersih hirupna.* Manéhna gé hormat* ka Kuring jeung nyingkahan lampah goréng.”  Sétan némbalan ka Yéhuwa, ”Kumaha lamun manéhna teu dibéré naon-naon? Daékeun kénéh hormat ka Gusti? 10  Lainna salila ieu téh manéhna ditangtayungan? Manéhna, kulawargana, jeung sagala pangabogana dipageran, pan? Pagawéanana diberkahan, ingon-ingonna gé beuki ngalobaan. 11  Sok ayeuna mah coba paké kakuatan Gusti, cokot sagala pangabogana. Manéhna pasti nyumpahan Gusti di hareupeun Gusti.” 12  Tuluy Yéhuwa ngajawab Sétan, ”Heug! Sagala pangabogana aya dina kakawasaan manéh, asal ulah nyilakakeun manéhna!” Léos Sétan indit ti hareupeun Yéhuwa. 13  Dina hiji poé, waktu kabéh anak Ayub dalahar jeung ngarinum anggur di imah anak lalaki nu cikal, 14  torojol saurang palayan mawa béja ka Ayub, ”Waktu sapi-sapi keur ngawuluku* sarta kaldé-kaldé keur nyaratuan di deukeut dinya, 15  ujug-ujug urang Syéba narajang. Kabéh ingon-ingon dijarah, para palayan gé dipaéhan ku pedang. Mung abdi anu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.” 16  Can anggeus manéhna ngomong, torojol palayan séjén mawa béja, ”Seuneu ti Allah* turun ti langit ngaduruk domba-domba sareng para palayan nepi ka béak! Mung abdi anu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.” 17  Can anggeus manéhna ngomong, torojol palayan séjén mawa béja, ”Tilu gorombolan urang Khaldéa narajang. Onta-onta dijarah, para palayan gé dipaéhan ku pedang. Mung abdi anu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.” 18  Can anggeus manéhna ngomong, torojol palayan séjén mawa béja, ”Anak-anak Juragan nu pameget sareng nu istri nuju taruang sareng ngaleueut anggur di bumi anak pameget nu cikal. 19  Gelebug angin gedé ti tanah gurun nebak opat juru bumi éta. Bumina ambruk ninggang anak-anak Juragan, sadayana tiwas. Mung abdi nu salamet, jadi tiasa ngawartosan Juragan.” 20  Seug Ayub cengkat tuluy nyoéhkeun pakéanana, buukna digundulan, bruk manéhna sujud 21  tuluy ngomong, ”Aing lahir teu babawaan,Mulang gé moal babawaan. Yéhuwa nu masihan, Yéhuwa nu nyandak. Mugia nami Yéhuwa terus dipuji.” 22  Sanajan ngalaman éta kabéh, Ayub teu nyieun dosa atawa nyalahkeun Allah.*

Catetan Tambihan

Bisa jadi hartina ”Jalma nu Dipikangéwa ku Batur”.
Atawa ”satia ka Allah”.
As. ”sieun”.
As. ”500 pasang”.
As. ”kaldé bikangna”.
Ungkapan Ibrani nu ngamaksudkeun para malaikat.
Atawa ”satia ka Allah”.
As. ”sieun”.
Ngaguar taneuh.
Atawa bisa jadi ”Kilat”.
Atawa ”nuduh Allah ngalampahkeun nu teu bener”.