Nu Ditulis ku Yahya 6:1-71

  • Isa méré dahar 5.000 lalaki (1-15)

  • Isa leumpang dina cai (16-21)

  • Isa, ”roti kahirupan” (22-59)

  • Loba nu kasinggung kana omongan Isa (60-71)

6  Sanggeus kitu, Isa meuntasan Situ Galiléa, atawa Tibérias.  Jalma réa terus nuturkeun manéhna, lantaran maranéhna ningali mujijat-mujijat manéhna basa nyageurkeun nu gering.  Jadi, Isa jeung murid-muridna naék ka gunung tuluy diuk di dinya.  Harita téh geus téréh parayaan Paskah urang Yahudi.  Ningali jalma réa sakitu ngabrulna, Isa ngomong ka Filipus, ”Di mana urang bisa meuli roti keur méré dahar maranéhna?”  Sabenerna, Isa nanya kitu téh rék nguji manéhna, sabab Isa geus nyaho naon nu rék dilakukeun.  Filipus ngajawab, ”Roti 200 dinareun* moal cukup, sanajan dibéré saeutik séwang gé.”  Salah saurang muridna nyaéta Andréas, adina Simon Pétrus, ngomong kieu,  ”Ieu aya budak lalaki boga roti barli lima jeung lauk leutik dua. Tapi mahi jang naon?” 10  Ceuk Isa, ”Titah jalma-jalma dariuk.” Éta tempat téh loba jukutna, jadi maranéhna dariuk, kira-kira aya 5.000 lalaki. 11  Isa nyokot roti, ngucap sukur, tuluy ngabagikeun rotina ka jalma-jalma nu dariuk, nya kitu ogé jeung lauk leutikna. Maranéhna dalahar nepi ka seubeuh. 12  Sanggeus jalma-jalma sareubeuh dahar, Isa ngomong ka murid-muridna, ”Kumpulkeun sésana ngarah euweuh nu kapiceun.” 13  Jadi, sésa ti lima roti nu didalahar ku jalma-jalma téh dikumpulkeun, meunang 12 karanjang pinuh. 14  Basa jalma-jalma ningali mujijat ieu, maranéhna ngomong, ”Jelema ieu bener-bener Nabi nu dijangjikeun bakal datang ka dunya.” 15  Isa apal manéhna rék dipaksa jadi raja ku maranéhna, jadi Isa indit sorangan ka gunung. 16  Barang reup peuting, murid-murid Isa tarurun ka situ. 17  Maranéhna naék parahu, tuluy meuntasan situ rék ka Kapernaum. Ayeuna geus poék, tapi Isa can datang-datang waé. 18  Harita ogé, situ jadi motah lantaran aya angin gedé. 19  Tapi sanggeus balayar kira-kira lima atawa genep kilométer,* maranéhna ningali Isa leumpang dina cai ngadeukeutan parahu. Maranéhna jadi sarieuneun. 20  Ceuk Isa ka maranéhna, ”Ulah sieun! Ieu urang!” 21  Kakara maranéhna atoh narima Isa dina parahu. Teu lila, parahuna nepi ka tempat nu dijugjug ku maranéhna. 22  Isukna, jalma réa nu araya kénéh di peuntaseun situ ningali euweuh parahu di dinya. Tadina mah aya hiji parahu leutik di dinya, tapi dipaké balayar ku murid-muridna, ari Isana mah teu milu. 23  Harita, parahu-parahu ti Tibérias nepi ka tempat deukeut maranéhna dibéré roti ku Juragan sanggeus manéhna ngucap sukur. 24  Basa jalma réa tadi nyaho Isa jeung murid-muridna geus teu aya di dinya, maranéhna numpak parahu-parahu éta balayar ka Kapernaum rék néangan Isa. 25  Waktu panggih jeung Isa di peuntaseun situ, maranéhna nanya, ”Rabi,* iraha nepi ka dieuna?” 26  Isa ngajawab, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, maranéh mah néangan urang téh lain lantaran ningali mujijat, tapi lantaran geus dahar roti nepi ka seubeuh. 27  Digawé téh ulah keur néangan dahareun nu gancang buruk, tapi keur néangan dahareun nu awét jeung bisa mawa hirup langgeng. Putra manusa bakal méré dahareun ieu, sabab manéhna geus disatujuan* ku Bapa, nyaéta Allah.” 28  Jadi maranéhna nanya, ”Urang-urang kudu kumaha atuh supaya bisa ngajalankeun pagawéan ti Allah?” 29  Ceuk Isa, ”Pikeun ngajalankeun pagawéan ti Allah, maranéh kudu boga iman ka nu diutus ku Anjeunna.” 30  Tuluy maranéhna ngomong, ”Guru rék nyieun mujijat naon ngarah urang kabéh ningali jeung percaya? Naon nu bakal dilakukeun ku Guru? 31  Karuhun urang dahar manna di gurun keusik, sakumaha nu ditulis dina Kitab Suci, ’Anjeunna méré roti ti sorga keur didahar.’” 32  Ceuk Isa ka maranéhna, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, Musa teu méré roti nu sajati ti sorga, tapi ayeuna Bapa urang méré maranéh roti nu sajati ti sorga. 33  Roti ti Allah mah nyaéta pribadi nu turun ti sorga jeung masrahkeun kahirupanana keur dunya.” 34  Jadi maranéhna ngomong, ”Mugi Juragan terus méré roti éta.” 35  Ceuk Isa ka maranéhna, ”Urang roti kahirupan téh. Saha waé nu datang ka urang moal lapar deui, jeung saha waé nu boga iman ka urang moal haus deui. 36  Tapi urang geus pernah ngomong, sanajan maranéh geus ningali urang, maranéh teu percaya. 37  Kabéh jalma nu dipasrahkeun ku Bapa ka urang bakal datang ka urang, jeung saha waé nu datang ka urang moal diusir, 38  sabab urang turun ti sorga téh lain rék ngalampahkeun kahayang sorangan, tapi kahayang Anjeunna nu ngutus urang. 39  Anjeunna nu ngutus urang téh hayang kabéh nu dipasrahkeun ka urang ulah aya nu leungit, tapi kudu dihirupkeun deui ku urang dina poé panungtungan. 40  Bapa urang gé hayang saha waé nu narima Putra jeung boga iman ka manéhna meunangkeun hirup langgeng. Urang bakal ngahirupkeun deui jalma éta dina poé panungtungan.” 41  Geus kitu, urang Yahudi pada kukulutus ngaromongkeun manéhna sabab manéhna ngomong, ”Urang téh roti nu turun ti sorga.” 42  Maranéhna ngaromongkeun kieu, ”Manéhna téh Isa anakna Yusuf téa lain? Indung bapana gé urang wawuh, pan? Bisa-bisana manéhna ngomong, ’Urang turun ti sorga’.” 43  Ku kituna, Isa ngomong kieu ka maranéhna, ”Ulah kukulutus. 44  Moal aya nu bisa datang ka urang lamun teu ditarik ku Bapa nu ngutus urang, jeung manéhna bakal dihirupkeun deui ku urang dina poé panungtungan. 45  Para nabi nulis, ’Maranéhna kabéh bakal diajar ku Yéhuwa.’ Saha waé nu ngadéngékeun Bapa jeung diajar ti Bapa bakal datang ka urang. 46  Euweuh nu pernah ningali Bapa, kajaba pribadi nu asalna ti Allah. Manéhna geus pernah ningali Bapa. 47  Urang ngomong nu sabener-benerna, saha waé nu percaya bakal meunangkeun hirup langgeng. 48  ”Urang téh roti kahirupan. 49  Karuhun maranéh ngadahar manna di gurun keusik, tapi angger wéh maranéhna maot. 50  Tapi, saha nu ngadahar roti nu turun ti sorga mah moal bakal maot. 51  Urang téh roti kahirupan nu turun ti sorga. Nu ngadahar roti ieu bakal hirup salilana. Sabenerna, roti nu rék dibikeun ku urang téh daging urang, supaya dunya meunangkeun kahirupan.” 52  Ngadéngé kitu, urang Yahudi paréa-réa omong jeung pada baturna, cenah, ”Piraku manéhna rék méré dagingna sina didahar ku urang?” 53  Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, lamun teu ngadahar daging Putra manusa jeung teu nginum getihna, maranéh moal bisa hirup.* 54  Saha waé nu dahar daging jeung nginum getih urang bakal meunangkeun hirup langgeng jeung bakal dihirupkeun deui ku urang dina poé panungtungan. 55  Daging urang téh dahareun nu sajati, getih urang gé inuman nu sajati. 56  Saha waé nu dahar daging urang jeung nginum getih urang tetep ngahiji jeung urang, urang gé ngahiji jeung manéhna. 57  Urang diutus ku Bapa nu hirup, urang gé hirup ku karana Bapa. Nya kitu ogé, jalma nu ngadahar daging urang bakal hirup ku karana urang. 58  Jadi, ieu roti nu turun ti sorga téh. Ieu téh lain roti nu didahar ku karuhun maranéh, nu tungtungna mah angger wéh maranéhna maot. Tapi, saha waé nu ngadahar ieu roti bakal hirup salilana.” 59  Manéhna ngajarkeun ieu téh di tempat ibadah* di Kapernaum. 60  Basa ngadéngé éta, loba muridna ngomong kieu, ”Omonganana teu bisa ditarima, urang embung ngadéngékeun nu kawas kitu!” 61  Barang nyaho murid-muridna kukulutus ngeunaan hal ieu, Isa ngomong, ”Maranéh kasinggung?* 62  Kumaha upama engké maranéh ningali Putra manusa naék ka tempat asalna? 63  Nu méré kahirupan téh kawasa suci, lainna upaya manusa nu taya gunana. Nu diomongkeun ku urang téh asalna ti kawasa suci jeung méré kahirupan. 64  Tapi, sababaraha di antara maranéh aya nu teu percaya.” Sabab ti mimiti gé, Isa nyaho saha waé nu teu percaya jeung saha nu bakal ngahianat ka manéhna. 65  Isa neruskeun, ”Éta sababna urang ngomong, moal aya nu bisa datang ka urang lamun teu diidinan ku Bapa.” 66  Ku sabab éta, loba muridna embung nuturkeun deui manéhna tuluy balik deui ka kahirupanana nu baheula. 67  Terus, Isa nanya ka 12 rasul, ”Maranéh rék arindit ogé?” 68  Simon Pétrus ngajawab, ”Juragan, ka saha deui urang-urang rék indit? Ucapan Juragan téh mawa kahirupan nu langgeng. 69  Urang kabéh geus percaya jeung nyaho Juragan téh Utusan Suci ti Allah.” 70  Isa ngajawab, ”Urang milih maranéh téh 12 urang, pan? Tapi, salah saurang ti maranéh téh tukang mitnah.”* 71  Sabenerna, nu dimaksud ku Isa téh Yudas anakna Simon Iskariot. Manéhna bakal ngahianat ka Isa sanajan manéhna téh salah saurang ti 12 rasul.

Catetan Tambihan

As. ”kira-kira 25 atawa 30 setadi”. 1 setadi = 185 m.
Atawa ”Guru”.
Atawa ”dicap tanda disatujuan”.
As. ”moal boga kahirupan dina diri maranéh”.
Atawa bisa jadi, ”tempat ngumpulna jalma-jalma”.
As. ”Maranéh titajong karana hal ieu?”
Atawa ”siga iblis”.