Nu Ditulis ku Yahya 1:1-51

  • Firman jadi manusa (1-18)

  • Kasaksian ti Yahya Jurubaptis (19-28)

  • Isa, Anak Domba Allah (29-34)

  • Murid-murid Isa nu mimiti (35-42)

  • Filipus jeung Natanaél (43-51)

1  Ti mimiti pisan, Firman téh geus aya. Firman éta babarengan jeung Allah sarta Firman éta saperti Allah.*  Manéhna geus babarengan jeung Allah ti mimiti pisan.  Sagala hal aya ku lantaran manéhna. Mun lain ku manéhna mah, hiji gé moal aya nu jadi.  Kahirupan téh aya ku lantaran manéhna. Kahirupan manéhna jadi caang keur manusa.  Éta caang gumebyar di nu poék, tapi poék teu bisa mareuman éta caang.  Aya jalma nu diutus ku Allah, ngaranna téh Yahya.  Manéhna jadi saksi keur éta caang, ngarah sagala jalma jadi percaya ku lantaran manéhna.  Manéhna téh lain éta caang, tapi diutus keur méré kasaksian ngeunaan éta caang.  Caang nu sajati nyaangan sagala jalma. Caang éta téréh datang ka dunya ieu. 10  Manéhna pernah aya di dunya. Dunya ieu aya ku lantaran manéhna, tapi dunya teu kenal ka manéhna. 11  Manéhna datang ka nagri asalna, tapi teu ditarima ku bangsana. 12  Ari kabéh nu narima manéhna mah dibéré hak jadi anak-anak Allah lantaran boga iman ka manéhna.* 13  Maranéhna lain dilahirkeun ku getih jeung daging atawa ku kahayang bapa manusa, tapi ku kahayang Allah. 14  Firman éta jadi manusa jeung cicing di antara urang. Urang geus nempo kamulyaanana, nyaéta kamulyaan nu ditarima ku putra hiji-hijina ti bapana. Manéhna boga loba welas asih Allah nu taya bandingna,* manéhna gé terus ngajarkeun bebeneran. 15  (Yahya méré kasaksian ngeunaan manéhna, ceuk Yahya, ”Tah ieu jalma nu disebut ku urang, ’Jalma nu datangna sanggeus urang téh geus miheulaan urang, sabab manéhna geus aya saacan urang.’”) 16  Lantaran manéhna boga loba welas asih nu taya bandingna,* urang gé teterusan narima welas asih éta ti manéhna. 17  Torét téh dibikeun liwat Musa, ari welas asih nu taya bandingna* jeung bebeneran mah datangna liwat Isa Al-Masih. 18  Euweuh nu pernah ningali Allah, tapi nu bisa ngajelaskeun ngeunaan Bapa mah putra hiji-hijina nu saperti Allah,* nu aya di gigireun* Anjeunna. 19  Ieu jawaban Yahya pas ditanya ku para imam jeung urang Léwi ti Yérusalém nu diutus ku urang Yahudi, ”Manéh téh saha?” 20  Ku Yahya dijawab sajujurna, ”Urang mah lain Al-Masih.” 21  Tuluy maranéhna nanya deui, ”Mun kitu saha atuh? Élia?” Dijawab, ”Lain.” ”Manéh téh Nabi nu diarep-arep téa?” Dijawab, ”Lain!” 22  Ku kituna maranéhna ngomong, ”Jadi manéh téh saha? Cik béré nyaho supaya urang bisa ngajelaskeun ka jalma-jalma nu ngutus urang. Sok jelaskeun, manéh téh saha?” 23  Yahya ngajawab, ”Urang téh jelema nu gegeroan di gurun keusik, ’Bersihan jalan keur Yéhuwa,’ sakumaha nu disebutkeun ku Nabi Yésaya.” 24  Maranéhna téh diutus ku urang Farisi. 25  Tuluy maranéhna nanya, ”Lamun manéh lain Al-Masih, lain Élia, lain Nabi nu diarep-arep téa, ku naon manéh bet ngabaptis jalma-jalma?” 26  Ku Yahya dijawab, ”Urang mah ngabaptis téh ku cai. Tapi, di tengah-tengah maranéh aya jalma nu teu dikenal ku maranéh, 27  nyaéta jalma nu datang sanggeus urang, ngaleupaskeun tali sendalna gé urang mah teu pantes.” 28  Ieu téh kajadianana di Bétani, di peuntaseun Walungan Yordan, tempat Yahya ngabaptis. 29  Isukna, Yahya nempo Isa datang ka manéhna. Ceuk Yahya, ”Tah ieu Anak Domba Allah nu bakal mupus dosa dunya! 30  Manéhna nu pernah disebut ku urang, ’Jalma nu bakal datang sanggeus urang, geus miheulaan urang, sabab manéhna geus aya saacan urang.’ 31  Mimitina mah urang gé teu kenal ka manéhna, tapi urang ngabaptis ku cai téh supaya manéhna bisa dikenal ku urang Israél.” 32  Yahya gé méré kasaksian, ”Urang nyaksian kawasa suci, nu siga manuk japati, turun ti langit tuluy eunteup ka manéhna. 33  Mémang mimitina mah urang gé teu kenal, tapi Allah nu nitah urang ngabaptis jalma-jalma ngomong kieu ka urang, ’Mun manéh ningali kawasa suci turun tuluy eunteup ka saurang jalma, tah jalma éta nu bakal ngabaptis ku kawasa suci.’ 34  Urang geus ningali sorangan, jadi urang wani ngomong, manéhna téh Putra Allah.” 35  Isukna deui, Yahya keur bareng jeung dua muridna. 36  Pas nempo Isa ngaliwat, manéhna ngomong, ”Tah éta Anak Domba Allah téh!” 37  Basa dua muridna ngadéngé kitu, maranéhna nuturkeun Isa. 38  Isa ngalieuk ka tukang jeung ningali aya nu nuturkeun. Tuluy Isa nanya, ”Maranéh rék naon?” Maranéhna ngajawab, ”Rabi (nu sarua hartina jeung ”Guru”), ari Rabi cicing di mana?” 39  Isa ngajawab, ”Hayu milu, engké gé nyaho sorangan.” Éta kajadian téh kira-kira jam opat soré.* Geus kitu maranéhna milu ka pamatuhanana, tuluy cicing di dinya poé éta. 40  Salah saurang ti dua jalma nu ngadéngé omongan Yahya jeung nuturkeun Isa téh Andréas, adina Simon Pétrus. 41  Geus kitu manéhna langsung manggihan lanceukna, Simon, tuluy ngomong, ”Urang geus panggih jeung Mésias” (nu sarua hartina jeung ”Al-Masih”). 42  Terus Simon diajak manggihan Isa. Basa nempo manéhna, Isa ngomong, ”Manéh Simon, budakna Yahya, pan? Manéh bakal disebut Kéfas” (nu sarua hartina jeung ”Pétrus”). 43  Isukna Isa hayang indit ka Galiléa. Di ditu, manéhna panggih jeung Filipus. Isa ngomong, ”Hayu jadi murid urang.” 44  Filipus téh asalna ti Bétsaida, salembur jeung Andréas jeung Pétrus. 45  Filipus manggihan Natanaél, tuluy nyarita, ”Urang geus manggihan jelema nu disebutkeun dina Hukum Musa jeung Kitab Para Nabi, ngaranna Isa, budakna Yusuf, urang Nazarét.” 46  Tapi Natanaél kalah ka ngajawab, ”Ah piraku aya nu hadé ti Nazarét.” Dijawab ku Filipus, ”Hayu tingali wéh ku sorangan.” 47  Waktu Isa ningali Natanaél nyampeurkeun, manéhna ngomong, ”Tah ieu urang Israél nu hadé mah. Manéhna teu munapék.” 48  Natanaél tuluy ngomong, ”Kenal ti mana ka urang?” Isa ngajawab, ”Méméh manéh diajak ku Filipus gé, urang geus nempo manéh di handapeun tangkal ara.” 49  Ceuk Natanaél, ”Rabi, anjeun téh Putra Allah, Raja Israél.” 50  Isa ngajawab, ”Kakara dibéjaan urang nempo manéh di handapeun tangkal ara gé manéh geus percaya? Manéh bakal ningali nu leuwih hébat tibatan ieu!” 51  Terus Isa ngomong, ”Urang ngomong nu sabener-benerna, manéh bakal nempo langit muka, ningali malaikat turun ka Putra manusa tuluy naék deui.”

Catetan Tambihan

Atawa ”sipatna ilahi”.
As. ”ngaran manéhna”.
Atawa ”sipatna ilahi”.
Atawa ”di dada”, nyaéta tempat keur pribadi nu akrab pisan.
As. ”jam nu kasapuluh [sanggeus meleték panonpoé]”.