Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Parawan Mariam?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Parawan Mariam?

 Jawaban Alkitab

 Alkitab nyaritakeun yén, Mariam, indungna Yésus meunang kahormatan nu teu dibikeun ka sasaha, nyaéta ngalahirkeun Yésus basa manéhna parawan kénéh. Alkitab nganubuatkeun mujijat ieu dina buku Yesaya jeung nyaritakeun laksanana nubuat éta dina Injil Mateus jeung Lukas.

 Ngeunaan datangna Mésias, Yésaya nganubuatkeun, ”Hiji lanjang bakal bobot, seug ngowokeun putra pameget.” (Yesaya 7:14) Ku bingbingan Allah, Mateus ngahubungkeun nubuat Yésaya ieu jeung Mariam. Sanggeus nyaritakeun yén Mariam kakandungan sacara mujijat, Mateus nambahkeun, ”Pang kajadian kitu teh supaya laksana sabda Allah anu diandikakeun ka nabi baheula, ungelna, ’Hiji parawan a bakal ngandung, ngowokeun putra pameget anu pijenenganeunana Immanuel’ (hartina ’Allah nyarengan ka urang’).”—Mateus 1:22, 23.

 Dina Injilna, Lukas ogé nyaritakeun ngeunaan Mariam nu kakandungan sacara mujijat. Lukas nulis yén Allah ngutus malaikat Jabrail ”ka hiji parawan anu eukeur babakalan jeung Yusup turunan Raja Daud. Eta parawan ngaranna Mariam”. (Lukas 1:26, 27) Mariam gé ngomong manéhna parawan kénéh. Basa ngadéngé manéhna bakal jadi indungna Yésus, sang Mésias, Mariam nanya, ”Eta perkawis teh kumaha pitiasaeunana, margi abdi teh parawan keneh?”—Lukas 1:34.

  Kumaha saurang parawan bisa ngalahirkeun?

 Mariam ngandung ku lantaran kawasa roh suci, atawa kawasa Allah. (Mateus 1:18) Mariam dibéjaan, ”Nyai bakal disumpingan ku Roh Suci, bakal diliputan ku kakawasaan Allah. Ku sabab kitu eta putra anu bakal medal teh suci, bakal disebut Putra Allah.” b (Lukas 1:35) Allah sacara mujijat mindahkeun kahirupan Putra-Na ka rahim Mariam. Ku kituna, manéhna jadi kakandungan.

 Naon tujuanana Yésus dilahirkeun ku saurang parawan?

 Tujuanana téh sangkan Yésus boga awak manusa nu sampurna supaya anjeunna bisa nyalametkeun manusa tina dosa jeung maot. (Yohanes 3:16; Ibrani 10:5) Allah mindahkeun kahirupan Yésus ka rahim Mariam. Sanggeusna, roh suci Allah nangtayungan orok dina kandungan Mariam sangkan teu keuna ku dosa.​—Lukas 1:​35.

 Yésus dilahirkeun sabagé manusa sampurna sarua jeung Adam basa manéhna can nyieun dosa. Alkitab nyebutkeun Yésus ”henteu midamel dosa”. (1 Petrus 2:​22) Lantaran sampurna, Yésus bisa nebus umat manusa tina dosa jeung maot.​—1 Korinta 15:21, 22; 1 Timoteus 2:​5, 6.

 Naha Mariam salilana parawan?

 Alkitab teu ngajarkeun yén Mariam salilana parawan, atawa jadi parawan abadi. Tapi, Alkitab ngajelaskeun yén Mariam boga anak-anak séjén.​—Mateus 12:46; Markus 6:3; Lukas 2:7; Yohanes 7:5.

Alkitab nyebutkeun yén Yésus boga sababaraha adi

 Naha Mariam dikandung tanpa dosa?

 Henteu. Mémang sababaraha agama ngajarkeun Mariam dikandung tanpa dosa. Misalna numutkeun New Catholic Encyclopedia, ”Parawan Mariam bébas tina DOSA ASAL ti mimiti kahirupanana, nyaéta ti saprak manéhna dikandung. Manusa nu séjén mah ngawaris dosa . . . Tapi lantaran boga KURNIA nu istiméwa, Mariam teu keuna ku dosa asal”. c

 Sabalikna, Alkitab teu pernah ngajarkeun yén Mariam bébas tina dosa asal. (Jabur 51:7; Rum 5:​12) Buktina, Mariam méré kurban panebus dosa sanggeus manéhna ngalahirkeun saperti nu diatur ku Hukum Musa. (Imamat 12:​2-8; Lukas 2:​21-​24) New Catholic Encyclopedia nyebutkeun yén doktrin ngeunaan Mariam nu dikandung tanpa dosa téh teu diajarkeun ku Alkitab. Éta mah hasil pamikiran Garéja.

 Kumaha sakuduna pandangan urang ngeunaan Mariam?

 Mariam jadi tuladan keur urang dina hal iman, kataatan, karendahan haté, jeung karohanian. Manéhna salah sahiji jalma satia nu bisa dipiconto ku urang.​—Ibrani 6:​12.

 Sanajan Mariam boga hak istiméwa jadi indungna Yésus, Alkitab teu ngajarkeun yén urang kudu nyembah atawa ngadoa ka manéhna. Yésus teu pernah méré kahormatan husus ka indungna, atawa nitah murid-muridna ngalakukeun hal éta. Malah, salian tina Injil, Mariam ngan pernah sakali disebutkeun dina buku Padamelan Rasul, jeung teu pernah disebutkeun dina 22 buku lianna dina Perjangjian Anyar.​—Rasul 1:​14.

 Euweuh bukti dina Alkitab yén Mariam narima kahormatan husus atawa dipuja-puja ku urang Kristen abad kahiji. Sabalikna, Alkitab ngajarkeun yén urang Kristen kudu nyembah ka Allah wungkul.​—Mateus 4:​10.

a Kecap Ibrani nu dipaké keur ”hiji lanjang” dina nubuat Yésaya téh nyaéta almah nu bisa ngamaksudkeun awéwé nu parawan atawa nu teu parawan deui. Tapi, Mateus, nu dibéré ilham ti Allah, maké kecap Yunani nu leuwih jéntré nyaéta parthenos nu hartina ”parawan”.

b Aya nu teu satuju kana ungkapan ”Putra Allah” lantaran éta bisa ngamaksudkeun yén Allah ngalakukeun hubungan séks jeung saurang awéwé. Tapi, sabenerna éta lain nu dimaksud dina Kitab Suci. Alkitab nyebut Yésus ”Putra Allah” jeung ’Putra cikal ti sakabeh mahluk’ lantaran anjeunna nu mimiti jeung hiji-hijina mahluk nu langsung diciptakeun ku Allah. (Kolosa 1:​13-​15) Alkitab ogé nyebut manusa nu mimiti, Adam, sabagé ”putra Allah”. (Lukas 3:38) Adam disebut kitu lantaran manéhna ciptaan Allah.

c Édisi Kadua, Jilid 7, kaca 331.