Nu Ditulis ku Matius 4:1-25

  • Isa digoda ku Iblis (1-11)

  • Isa mimiti ngawawar di Galiléa (12-17)

  • Isa ngondang murid-murid nu mimiti (18-22)

  • Isa ngawawar, ngajar, jeung nyageurkeun (23-25)

4  Tuluy Isa ditungtun ku kawasa suci ka gurun keusik. Di ditu, manéhna digoda ku Iblis.  Sanggeus puasa 40 poé 40 peuting, manéhna lapar.  Jol Iblis datang ngagoda Isa, ”Lamun manéh bener putra Allah, coba ieu batu jadikeun roti.”  Tapi manéhna ngajawab, ”Aya ayat nu nyebutkeun, ’Manusa téh hirup lain ku dahareun* hungkul, tapi ogé ku unggal kekecapan Yéhuwa.’”  Tuluy, Iblis mawa Isa ka puncak bait nu aya di kota suci.  Geus kitu, manéhna ngomong, ”Lamun manéh bener putra Allah, sok ngajleng. Pan aya ayat nu nyebutkeun, ’Allah bakal maréntahkeun para malaikat-Na nyalametkeun manéh,’ jeung, ’Maranéhna bakal nyanggap manéh supaya suku manéh teu tigasruk kana batu.’”  Isa ngajawab, ”Aya deui ayat nu nyebutkeun, ’Ulah nguji Yéhuwa, Allah manéh.’”  Ayeuna, Isa dibawa ka gunung anu luhur pisan. Di dinya, Iblis némbongkeun sakabéh karajaan di sakuliah dunya jeung sagala kamulyaanana.  Terus ceuk Iblis, ”Ieu kabéh rék dibikeun ka manéh, asal manéh daék sujud jeung nyembah sakali waé ka urang.” 10  Terus Isa ngajawab, ”Nyingkah manéh, Sétan! Sabab aya ayat nu nyebutkeun, ’Manéh kudu nyembah ka Yéhuwa, Allah manéh. Ngan ka Anjeunna manéh kudu ngawula.’” 11  Léos si Iblis nyingkah, tuluy para malaikat datang ngaladénan Isa. 12  Basa Isa ngadéngé Yahya ditéwak, manéhna indit ka Galiléa. 13  Tapi mondokna mah di Kapernaum, deukeut situ di daérah Zébulon jeung Naftali, lain di Nazarét. 14  Ku kituna, naon nu disebutkeun liwat Nabi Yésaya laksana, nyaéta, 15  ”Éh Galiléa, tempatna jalma-jalma nu lain Yahudi, tanahna Zébulon jeung Naftali, nu aya di sapanjang jalan ka laut, di peuntaseun Walungan Yordan! 16  Jalma-jalma nu aya dina poék bakal ningali caang nu ngagebray, jeung jalma-jalma nu kapoékan ku ajal bakal kasorot ku caang.” 17  Ti saprak harita, Isa méré nyaho jalma-jalma, ”Geura tarobat lantaran Pamaréntahan sorga geus deukeut.” 18  Pas mapay basisir Situ Galiléa, Isa panggih jeung adi lanceuk, nyaéta Simon, nu disebut Pétrus, jeung Andréas, adina. Maranéhna keur ngajaring lauk da pagawéanana téh nalayan. 19  Ceuk Isa, ”Hayu milu jeung urang. Ku urang, maranéh rék diajarkeun ngala jelema.” 20  Harita kénéh jaringna diculkeun, tuluy maranéhna milu jeung Isa. 21  Ti dinya, Isa panggih jeung anak-anakna Zébédéus, nyaéta Yakobus jeung Yahya. Maranéhna keur ngoméan jaring di parahu bareng jeung bapana. Tuluy ku Isa digeroan. 22  Seug harita kénéh maranéhna marilu. Bapana ditinggalkeun dina parahu. 23  Geus kitu, Isa ngideran Galiléa. Manéhna ngajar di tempat-tempat ibadah sarta nguarkeun warta hadé ngeunaan Pamaréntahan Allah bari nyageurkeun jalma-jalma gering nu panyakitna rupa-rupa. 24  Béja ngeunaan Isa nyebar ka sakuliah Siria. Ku kituna, loba jalma murubul marawa nu garering, nu kasiksa ku rupa-rupa kasakit, nu kasurupan, nu ayan, jeung nu lumpuh. Kabéhanana dicageurkeun ku Isa. 25  Éta sababna, loba jalma datang nuturkeun manéhna. Aya nu ti Galiléa, Dékapolis,* Yérusalém, Yudéa, jeung ti peuntaseun Walungan Yordan.

Catetan Tambihan

As. ”roti”.
Atawa ”Wilayah Sapuluh Kota”.