Nu Ditulis ku Lukas 3:1-38

  • Mimitina Yahya nguarkeun warta (1, 2)

  • Yahya ngabéjaan jalma-jalma sangkan dibaptis (3-20)

  • Baptisan Isa (21, 22)

  • Silsilah Isa Al-Masih (23-38)

3  Dina taun ka-15 pamaréntahan Kaisar Tibérius, waktu Pontius Pilatus jadi gubernur Yudéa, waktu Hérodés* jadi pangawasa daérah* Galiléa, waktu Filipus, lanceukna, jadi pangawasa daérah Ituréa jeung Trakhonitis, waktu Lisanias jadi pangawasa daérah Abiléné,  sarta waktu Hanas jeung Kayafas jadi imam kapala, Yahya anak Zakharia meunang firman ti Allah di gurun keusik.  Jadi manéhna ngideran daérah Walungan Yordan. Manéhna ngabéjaan jalma-jalma sangkan dibaptis sabagé tanda maranéhna geus tobat, ngarah dosa-dosana dihampura,  sakumaha nu ditulis dina kitab Nabi Yésaya, ”Aya jelema nu gegeroan di gurun keusik, ’Siapkeun jalan keur Yéhuwa, bersihan jalan éta!  Unggal lebak kudu diurug, unggal gunung jeung pasir diratakeun, jalan nu pungkal-péngkol kudu dilempengkeun, jeung jalan nu batuan dimuluskeun,  sarta kabéh jalma bakal ningali kasalametan ti Allah.’”*  Jadi, manéhna ngomong ka jalma réa nu daratang rék dibaptis ku manéhna, ”Éh, turunan oray! Saha nu ngabéjaan maranéh bisa lolos tina amarah Allah?  Buktikeun heula maranéh geus tarobat. Ulah sok ngomong, ’Da urang mah turunan Ibrahim.’ Yeuh déngékeun, Allah mah bisa nyieun batu-batu ieu jadi turunan Ibrahim.  Di deukeut akar tangkal, geus aya kampak. Unggal tangkal nu teu buahan bakal dituar tuluy dialungkeun kana seuneu.” 10  Tuluy jalma réa nanya kieu ka manéhna, ”Mun kitu, urang kudu kumaha atuh?” 11  Manéhna ngajawab, ”Nu boga dua baju,* bikeun hiji ka nu teu boga, kitu ogé jeung nu boga dahareun.” 12  Malahan, tukang mulung pajeg gé daratang hayang dibaptis ku manéhna. Ceuk maranéhna, ”Guru, urang kudu kumaha?” 13  Ceuk manéhna, ”Ulah nagih* pajeg leuwih tina jumlah nu diwajibkeun.” 14  Para prajurit ogé naranya kieu, ”Urang kudu kumaha?” Dijawabna téh, ”Ulah sok ngaganggu* atawa nuduh nu henteu-henteu ka batur. Sing puas ku tunjangan* sorangan.” 15  Harita jalma-jalma nu ngarepkeun datangna Al-Masih malikir kieu ngeunaan Yahya, ”Ieu kitu Al-Masih téh?” 16  Yahya ngomong kieu ka kabéhan, ”Urang mah ngabaptis maranéh téh ku cai, tapi jalma nu bakal datang mah ngabaptis maranéh ku kawasa suci jeung seuneu. Manéhna téh leuwih hébat tibatan urang, ngaleupaskeun tali sendalna gé urang mah teu pantes. 17  Di tempat misahkeun gandum, manéhna nyekel sekop keur misahkeun gandum jeung cangkangna. Terus manéhna bakal ngabersihan tempat éta. Gandumna dikumpulkeun ka lumbungna, ari cangkangna diduruk ku seuneu nu moal pareum.” 18  Manéhna ogé méré loba naséhat séjén jeung terus nguarkeun warta hadé ka jalma-jalma. 19  Tapi Yahya negor Hérodés, pangawasa daérah Galiléa, ngeunaan sagala kajahatan manéhna jeung ngeunaan Hérodias, pamajikan lanceukna. 20  Ku sabab éta, Hérodés nyieun kajahatan deui: Yahya dipanjarakeun ku manéhna. 21  Waktu kabéh jalma dibaptis, Isa ogé dibaptis. Pas manéhna ngadoa, langit muka, 22  tuluy kawasa suci dina wujud manuk japati eunteup ka Isa. Geus kitu aya sora ti langit, ”Manéh téh Putra Bapa.* Bapa* nyaah jeung resep ka manéh.” 23  Isa ngamimitian palayananna basa kira-kira umur 30 taun. Ceuk jalma réa, manéhna téhanak Yusuf,anak Héli, 24  anak Mattat,anak Léwi,anak Mélkhi,anak Yannai,anak Yusuf, 25  anak Matatias,anak Amos,anak Nahum,anak Ésli,anak Nagai, 26  anak Maat,anak Matatias,anak Séméin,anak Yosékh,anak Yoda, 27  anak Yoanan,anak Résa,anak Zérubabél,anak Syéaltiél,anak Néri, 28  anak Mélkhi,anak Adi,anak Kosam,anak Élmadam,anak Ér, 29  anak Yésus,anak Éliézér,anak Yorim,anak Mattat,anak Léwi, 30  anak Siméon,anak Yudas,anak Yusuf,anak Yonam,anak Éliakim, 31  anak Méléa,anak Ména,anak Matata,anak Natan,anak Daud, 32  anak Isai,anak Obéd,anak Boaz,anak Salmon,anak Nahsyon, 33  anak Aminadab,anak Arni,anak Hézron,anak Péréz,anak Yéhuda, 34  anak Yakub,anak Ishak,anak Ibrahim,anak Térah,anak Nahor, 35  anak Sérug,anak Réu,anak Pélég,anak Ébér,anak Syéla, 36  anak Kainan,anak Arpakhsyad,anak Sém,anak Nuh,anak Lamékh, 37  anak Métusélah,anak Hénokh,anak Yaréd,anak Mahalaléél,anak Kainan, 38  anak Énos,anak Sét,anak Adam,anak Allah.

Catetan Tambihan

Maksudna, Hérodés Antipas. Tingali Daptar Istilah.
As. ”tétrark”.
Atawa ”carana Allah nyalametkeun”.
Atawa ”baju leuwih”.
Atawa ”narik”.
Atawa ”meres”.
Atawa ”gajih”.
As. ”Kuring”.
As. ”Kuring”.