Nu Ditulis ku Markus 6:1-56

  • Isa ditolak di daérah asalna (1-6)

  • Ka-12 rasul dibéré pituduh ngawawar (7-13)

  • Yahya Jurubaptis maot (14-29)

  • Isa méré dahar 5.000 lalaki (30-44)

  • Isa leumpang dina cai (45-52)

  • Nyageurkeun di Génésarét (53-56)

6  Ti dinya, Isa indit ka daérah asalna bareng jeung murid-muridna.  Pas keur poé Sabat, manéhna ngajar di tempat ibadah, jeung kalolobaan jalma nu ngadéngékeun manéhna haréraneun, tuluy ngaromong kieu, ”Manéhna diajar ieu kabéh téh ti saha? Naha manéhna bet bisa bijaksana jeung bisa nyieun mujijat siga kitu?  Lain tukang kayu téa manéhna téh, anakna Maryam, jeung lanceukna Yakobus, Yusuf, Yudas, jeung Simon? Adi-adina nu awéwé ogé aya di dieu lain?” Jadi, maranéhna teu daék percaya ka Isa.  Tapi ceuk Isa, ”Nabi mah di mana-mana gé dihormat. Tapi di lemburna, di antara barayana, jeung di kulawargana sorangan mah tara dianggap.”  Jadi, manéhna teu nyieun loba mujijat di dinya. Manéhna ngan nyageurkeun sababaraha nu gering ku cara numpangkeun leungeunna.  Manéhna héran pisan lantaran maranéhna teu boga iman. Tuluy, manéhna indit ka kampung-kampung di sakurilingeunana pikeun ngajar.  Geus kitu, ka-12 rasul dikumpulkeun ku manéhna tuluy diutus duaan-duaan jeung dibéré kawasa ngusir roh jahat.  Maranéhna gé dibéré pituduh ulah mawa nanaon keur di jalan iwal ti iteuk, sarta ulah mawa roti, kantong dahareun, jeung duit,*  meunang maké sendal, tapi ulah mawa baju salin.* 10  Manéhna ogé ngomong, ”Lamun indit ka hiji daérah, pék cicing di salah sahiji imah nepi ka manéh indit deui ti daérah éta. 11  Lamun di hiji daérah euweuh nu daék narima atawa embung ngadéngékeun maranéh, pék kaluar ti dinya, jeung kebutkeun kekebul tina suku maranéh, tanda maranéhna geus diélingan.” 12  Bral maranéhna indit jeung ngawawarkeun yén jalma-jalma kudu tarobat. 13  Maranéhna gé ngusir loba roh jahat, ngoléskeun minyak ka nu gering, tuluy dicalageurkeun. 14  Ieu kadéngé ku Raja Hérodés sabab ngaran Isa geus kasohor. Jalma-jalma ngaromong, ”Yahya Jurubaptis geus hirup deui, matakna manéhna bisa nyieun mujijat-mujijat.” 15  Tapi nu séjénna ngomong, ”Manéhna téh Élia.” Aya deui nu ngomong, ”Manéhna téh nabi, kawas nabi-nabi jaman baheula.” 16  Tapi basa ngadéngé éta, Hérodés ngomong kieu, ”Yahya nu diteukteuk beuheungna ku aing hirup deui.” 17  Hérodés téh kawin jeung Hérodias, nu tadina pamajikanana Filipus, lanceukna Hérodés. Sabab hayang nyenangkeun Hérodias, manéhna maréntahkeun supaya Yahya ditéwak, diranté, jeung dipanjarakeun. 18  Yahya sering negor Hérodés, ”Pamajikan lanceuk téh teu meunang dikawin.” 19  Jadi, Hérodias geuleuheun ka Yahya jeung hayang maéhan manéhna tapi teu bisa, 20  sabab manéhna dilindungan ku Hérodés nu sieuneun ka Yahya, da nyaho manéhna téh jelema bener jeung suci. Hérodés resep ngadéngékeun manéhna. Unggal ngadéngékeun Yahya, Hérodés bingung Yahya rék dikumahakeun. 21  Tapi Hérodias meunang kasempetan waktu Hérodés ngayakeun pésta dina poé ulang taunna. Hérodés ngondang para pajabat pamaréntahan, komandan militér, jeung jalma-jalma nu boga pangaruh di Galiléa. 22  Budak awéwéna Hérodias datang jeung ngigel nepi ka Hérodés jeung tamu-tamuna aratoheun. Raja ngomong ka manéhna, ”Sok, Enéng rék ménta naon, pasti dibéré.” 23  Raja nepi ka sumpah, ”Ménta naon waé gé tangtu dibéré, rék ménta satengah karajaan gé dibikeun.” 24  Budak awéwé éta indit nanyakeun ka indungna, ”Rék ménta naon nya?” Ceuk indungna, ”Sirahna Yahya Jurubaptis.” 25  Manéhna buru-buru nyampeurkeun raja jeung ménta kieu, ”Abdi nyuhunkeun ayeuna ogé sirahna Yahya Jurubaptis dina baki.” 26  Ngadéngé kitu raja jadi sedih pisan. Tapi, raja teu bisa nolak paménta éta lantaran geus sumpah di hareupeun tamu-tamu. 27  Jadi, raja langsung nitah pangawalna sina mawa sirahna Yahya. Pangawal éta indit jeung neukteuk beuheungna Yahya nu aya di panjara 28  jeung sirahna dibawa maké baki tuluy dibikeun ka budak awéwé éta. Ku budak awéwé éta dibikeun ka indungna. 29  Basa murid-muridna Yahya nyarahoeun, maranéhna datang nyokot jasadna tuluy dimakamkeun. 30  Para rasul ngumpul deui jeung Isa tuluy nyaritakeun sagala hal nu dilakukeun jeung diajarkeun ku maranéhna. 31  Ku lantaran loba jalma jul-jol, maranéhna teu kaburu dahar-dahar acan. Jadi Isa ngomong ka maranéhna, ”Hayu urang indit heula ka tempat nu sepi ngarah bisa istirahat sakeudeung.” 32  Jadi, maranéhna indit meuntas ka tempat nu sepi ngarah misah ti jalma-jalma. 33  Tapi, jalma-jalma ningali maranéhna indit, jeung loba ogé nu nyahoeun hal ieu. Jadi, jalma-jalma ti kabéh kota lalumpatan jeung miheulaan maranéhna. 34  Basa turun tina parahu, Isa ningali jalma réa geus ngarumpul. Manéhna karunyaeun sabab maranéhna téh siga domba nu taya pangangonna. Jadi, ku Isa maranéhna diajarkeun loba hal. 35  Pas geus soré, murid-muridna nyampeurkeun jeung ngomong ka manéhna, ”Tempat ieu téh jauh ti mamana, jaba geus soré deuih. 36  Titah indit atuh jalma-jalma téh sina meuli dahareun sorangan ka kampung-kampung.” 37  Isa ngajawab, ”Maranéh wéh nu méré dahar.” Dijawab deui ku maranéhna, ”Jadi, urang kudu indit meuli roti 200 dinareun* keur méré dahar maranéhna?” 38  Ceuk manéhna, ”Jung tingali, boga roti sabaraha hiji?” Sanggeus ditingali, maranéhna ngomong, ”Aya lima, jeung lauk dua siki.” 39  Geus kitu, manéhna nitah kabéh jalma dariuk sakelompok-sakelompok dina jukut héjo. 40  Gék maranéhna dariuk. Sakelompokna téh aya nu 100, aya nu 50 urang. 41  Manéhna nyokot lima roti jeung dua lauk éta, tanggah ka langit, jeung ngucap sukur. Rotina disemplékan, dibikeun ka murid-muridna supaya dibagi-bagikeun ka jalma réa. Dua laukna ogé dibagi-bagikeun ka kabéhan. 42  Jadi, kabéh dalahar nepi ka wareg. 43  Maranéhna ngumpulkeun sésa roti, aya 12 karanjang pinuh, can kaasup laukna. 44  Nu dalahar éta roti aya 5.000 lalaki. 45  Geus kitu, manéhna langsung nitah murid-muridna indit ti heula ka peuntaseun naék parahu ka arah Bétsaida. Ari manéhna mah rék ngabubarkeun jalma réa. 46  Sanggeus jalma-jalma arindit, manéhna naék ka gunung rék ngadoa. 47  Pas geus peuting, Isa masih kénéh aya di dinya sorangan, ari murid-murid dina parahu geus aya di tengah situ. 48  Isa ningali murid-muridna keur susah payah ngadayung sabab anginna gedé pisan. Jadi pas subuh-subuh,* manéhna nyampeurkeun murid-muridna, leumpang dina cai, tapi siga nu rék ngaliwatan maranéhna. 49  Waktu murid-muridna ningali aya nu keur leumpang dina cai, maranéhna ngagorowok, ”Éta naon siga aya nu datang!”* 50  Kabéh rareuwaseun ningali manéhna, tapi Isa langsung ngomong, ”Tenang, ulah sieun! Ieu urang.” 51  Sanggeus manéhna naék kana parahu, jep anginna jempé. Ningali ieu, maranéhna haréraneun, 52  sabab maranéhna can paham kénéh kana harti mujijat roti. Éta kabéh can katepi ku pikiranana. 53  Sanggeus meuntas, maranéhna nepi di Génésarét, jeung parahuna balabuh di dinya. 54  Barang maranéhna turun tina parahu, urang dinya arapaleun ka Isa. 55  Maranéhna lalumpatan ngabéjaan penduduk daérah éta. Geus kitu, jalma-jalma ngagotongan nu gering dina tandu dibawa ka manéhna. 56  Ka mana waé Isa indit, ka kampung-kampung atawa ka kota-kota, jalma-jalma mawa nu garering ka pasar-pasar, marénta diidinan nyabak tungtung baju luarna hungkul. Kabéh nu nyabak jadi calageur.

Catetan Tambihan

As. ”tambaga”.
As. ”maké baju dua rangkep”.
As. ”giliran jaga nu kaopat”. Kira-kira jam 3 nepi ka 6 isuk.
Atawa ”Aya titingalian!”