Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naha Enya Urang Kabéh Bisa Bébas tina Masalah Ékonomi?

Naha Enya Urang Kabéh Bisa Bébas tina Masalah Ékonomi?

 Di sababaraha nagri, jalma-jalma ngayakeun démo lantaran ngarasakeun kateuadilan dina hal ékonomi. Komo deui sanggeus aya pandémi COVID-19, kahirupan téh jadi leuwih susah lantaran jalma-jalma kudu di-lockdown, hésé néangan napkah, jeung hésé meunangkeun parawatan kaséhatan. Ku kituna, nu beunghar jeung nu miskin téh jadi beuki kaciri bédana.

 Naha enya urang kabéh bisa bébas tina masalah ékonomi? Bisa. Alkitab méré nyaho naon nu bakal dilakukeun ku Allah pikeun ngaréngsékeun kabéh masalah umat manusa.

Masalah-masalah ékonomi nu bakal diréngsékeun ku Allah

 Masalahna: Pamaréntahan manusa mah teu bisa nyadiakeun sakabéh kabutuhan rahayatna.

 Jalan kaluarna: Allah bakal ngagantikeun kabéh pamaréntahan manusa ku Pamaréntahan Allah. Pamaréntahan nu aya di sorga ieu téh bakal ngawasaan sakuliah bumi.​—Daniel 2:44; Matius 6:10.

 Hasilna: Pamaréntahan Allah bakal maréntah sakuliah bumi ku cara nu hadé. Moal aya deui jalma anu miskin. Engké mah sagala kabutuhan maranéhna bakal dicumponan. (Jabur 9:8-10, 19) Jalma-jalma bakal ngarasa puas kana hasil gawéna. Maranéhna jeung kulawargana bakal ngarasa bagja. Alkitab jangji, ”Anu nyarieun imah bisa dipake ku maranehna keneh, moal dieusian ku jalma lian. Marelak anggur, anggurna bisa kainum sorangan ku nu melakna, moal ku nu sejen.”​—Yesaya 65:21, 22.

 Masalahna: Manusa teu bisa nyingkirkeun kabéh masalah nu nyababkeun kasangsaraan jeung kamiskinan.

 Jalan kaluarna: Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun sakabéh hal nu nyangsarakeun jeung ngahariwangkeun manusa.

 Hasilna: Waktu Pamaréntahan Allah ngawasa, moal aya deui nu nyababkeun urang susah, siga perang, kakurangan dahareun, jeung pandémi. (Jabur 46:10; 72:16; Yesaya 33:24) Allah jangji, ”Umat Allah bakal bebas tina kasalempang, rumah tanggana bakal repeh-rapih reugreug pageuh.”​—Yesaya 32:18.

 Masalahna: Jalma-jalma nu égois jeung sarakah téh osok ngamangpaatkeun batur.

 Jalan kaluarna: Rahayat tina Pamaréntahan Allah téh bakal diajar pikeun leuwih mikanyaah batur tibatan dirina sorangan.​—Matius 22:37-39.

 Hasilna: Waktu Pamaréntahan Allah maréntah bumi, jalma-jalma bakal nyonto sipat Anjeunna ku cara silih pikanyaah jeung ”teu mentingkeun diri”. (1 Korintus 13:4, 5) Ceuk Alkitab, ”Di Sion, gunung PANGERAN nu suci sepi anu niat jail, moal aya anu niat jahat. Sakuliah tanah bakal pinuh ku kanyaho ka [Yéhuwa], a lir laut pinuh ku cai.”​—Yesaya 11:9.

 Alkitab ngajelaskeun yén urang téh hirup dina ahir jaman. Sakeudeung deui Allah bakal nyingkirkeun kabéh masalah ékonomi. b (Jabur 12:6) Tapi ti ayeuna gé, Anjeun bisa nyanghareupan masalah ékonomi ku bantuan prinsip-prinsip Alkitab. Anjeun bisa ningali artikel ”Kumaha Carana Ngirit Lamun Panghasilan Jadi Saeutik?” jeung ”Pandangan yang Benar tentang Uang”.

a Yéhuwa téh nami Allah nu aya dina Alkitab.​—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.

b Supaya Anjeun yakin Alkitab téh bisa dipercaya, mangga tingali artikel ”Alkitab Sumber nu Bisa Dipercaya”.