Pindah kana eusi

Pindah kana daptar eusi

Naon nu Bakal Dilakukeun ku Pamaréntahan Allah?

Naon nu Bakal Dilakukeun ku Pamaréntahan Allah?

Isa ngajarkeun murid-muridna pikeun ngadoakeun supaya Pamaréntahan Allah geura datang. Isa apal, masalah nu aya di dunya ieu lain kahayang Allah. Ngan Pamaréntahan Allah nu bisa menerkeun kabéh masalah di ieu dunya. Naon nu bakal dilakukeun ku Pamaréntahan Allah?

NAON WAÉ NU GEUS DILAKUKEUN KU PAMARÉNTAHAN ALLAH?

Dina artikel saacanna urang geus ngabahas tanda-tanda nu dijelaskeun ku Isa. Tanda-tanda éta jadi bukti yén Pamaréntahan Allah geus ngadeg di sawarga jeung diparéntah ku Rajana, Isa Al-Masih.

Alkitab méré nyaho, sanggeus Isa dilantik jadi Raja, Isa ngabalangkeun Sétan jeung roh-roh jahat ti sawarga. Ayeuna Sétan jeung hantu-hantuna téh ngan bisa mawa pangaruh goréng di bumi. Éta sababna ti saprak taun 1914, kaayaan di bumi téh beuki goréng.​—Wahyu 12:7, 9.

Sanajan kaayaan dunya beuki goréng, Isa, Raja ti Pamaréntahan Allah, geus ngabantu loba jalma. Luyu jeung nu diramalkeun ku Isa, program pendidikan Alkitab di sakuliah dunya geus ngajar jeung ngabantu jutaan jalma nerapkeun prinsip Alkitab dina kahirupan sapopoé. (Yesaya 2:2-4) Jutaan jalma diajar kumaha carana boga pandangan nu saimbang kana pagawéan, diajar carana boga kahirupan kulawarga nu bagja, jeung diajar pentingna teu fokus kana harta banda. Maranéhna ngarasakeun sorangan mangpaatna diajar Alkitab. Maranéhna ogé boga laku lampah nu luyu jeung nu dipikahoyong ku Allah salaku rahayat ti Pamaréntahana-Na.

NAON NU BAKAL DILAKUKEUN PAMARÉNTAHAN ALLAH ENGKÉ?

Sanajan Isa geus maréntah di sawarga, bumi mah masih kénéh diparéntah ku pamaréntahan manusa. Ku kituna Allah ngomong ka Isa, ”Geura ereh musuh-musuh hidep.” (Jabur 110:2) Sakeudeung deui Isa bakal ngancurkeun kabéh musuh jeung mawa katengtreman ka jalma-jalma nu daék taat ka Allah.

Sakeudeung deui Pamaréntahan Allah bakal

  • Ngabinasakeun kabéh agama palsu. Dina Kitab Suci, agama palsu téh digambarkeun siga palacur nu sakeudeung deui bakal dibinasakeun. Agama palsu téh ngajarkeun kabohongan ngeunaan Allah jeung nyieun hirup loba jalma jadi susah. Loba jalma bakal reuwas waktu hal ieu kajadian.​—Wahyu 17:15, 16.

  • Nyingkirkeun pamaréntahan manusa. Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun sakabéh pamaréntahan manusa.​—Wahyu 19:15, 17, 18.

  • Ngabinasakeun jalma-jalma jahat. Kumaha jeung jalma-jalma nu sok ngalakukeun hal nu jahat sarta embung taat ka Allah? ”Demi nu daroraka mah ku Allah baris didudut, nu jarahat baris dicabut ti dinya.”​—Siloka2:22.

  • Ngabinasakeun Sétan jeung roh-roh jahat. Sétan jeung roh-roh jahat ”teu bisa deui nyasabkeun bangsa-bangsa”.​—Wahyu 20:3, 10.

Naon mangpaat nu bisa dirasakeun ku jalma-jalma nu ngadukung Pamaréntahan Allah?

NU BAKAL DILAKUKEUN PAMARÉNTAHAN ALLAH KEUR UMAT MANUSA

Salaku Raja di sawarga, Isa bakal ngalakukeun leuwih loba hal ti batan pamaréntahan manusa. Anjeunna bakal dibantu ku 144.000 jalma pilihan. (Wahyu 5:9, 10; 14:1, 3) Anjeunna bakal mastikeun kahoyong Allah laksana di bumi. Naon nu bakal dilakukeun Pamaréntahan Allah pikeun jalma-jalma di bumi?

  • Paéh jeung kanyeri moal aya-aya deui. ”Anu maratuh di tanah urang moal aya anu udah-aduh ku panyakit” jeung ”moal aya deui nu maot”.​—Yesaya 33:24; Wahyu 21:4.

  • Jalma-jalma hirupna bakal tengtrem jeung aman. ”Hirupna sina makmur, sina talengtrem”, jeung ’tiap jalma bisa jongjon ngurus kebon anggur jeung kondang, moal manggih deui pikasieuneun’.​—Yesaya 54:13; Mika 4:4.

  • Bakal aya pagawéan nu nyugemakeun. ”Sagala gawena bakal mulus. Anak-anakna moal manggih bahla. Maranehna saturunanana bakal diberkahan ku Kami, turun-tumurun.”​—Yesaya 65:21-23.

  • Ngaréngsékeun masalah lingkungan. ”Tanah keri bakal suka seuri. Tegal garing bakal pinuh ku kekembangan.”​—Yesaya 35:1.

  • Ngajar jalma-jalma carana sangkan bisa hirup langgeng. ”Sangkan bisa hirup langgeng, maranéhna kudu wanoh ka Bapa, Allah sajati nu ngan hiji, jeung ka utusan Bapa, Isa Al-Masih.”​—Yahya 17:3.

Gusti miharep sangkan anjeun bisa ngarasakeun berkah-berkah ieu. (Yesaya 48:18) Artikel saterusna bakal ngajelaskeun naon nu bisa anjeun lakukeun supaya bisa ngarasakeun éta berkah-berkah di mangsa ka hareup.