2 Korintus 8:1-24

  • Ngumpulkeun sumbangan keur urang Kristen di Yudéa (1-15)

  • Titus rék diutus ka Korintus (16-24)

8  Dulur-dulur, ayeuna urang-urang rék méré nyaho yén Allah geus ngurniakeun welas asih nu taya bandingna* ka sidang-sidang jamaah di Makédonia.  Salila ngalaman kasusah jeung cocoba nu beurat, maranéhna barangbéré bari jeung suka bungah, sanajan maranéhna téh miskin pisan. Ieu némbongkeun maranéhna kacida béréhanana.  Maranéhna téh méré sakamampuhna, malah leuwih ti kitu. Kuring sorangan saksina.  Ku kahayang sorangan, maranéhna keukeuh méménta supaya meunang kahormatan pikeun méré sumbangan sukaréla jeung milu méré bantuan* keur jalma-jalma suci.  Teu nyangka nepi ka kitu. Sakumaha kahayang Allah, maranéhna téh ngabdi sapinuh haté ka Juragan jeung ngalalayanan urang-urang ogé.  Jadi, urang-urang ngajurung Titus supaya ngaréngsékeun pagawéan nu geus dimimitian ku manéhna di antara aranjeun, nyaéta ngumpulkeun sumbangan sukaréla ti aranjeun.  Aranjeun téh geus hadé pisan dina sagala hal: Aranjeun boga iman nu kuat, pinter nyarita, boga loba pangaweruh, sumanget dina ngalakukeun sagala hal, jeung nyaah ka batur sakumaha urang-urang nyaah ka aranjeun. Jadi, mugia dina méré sumbangan gé aranjeun béréhan.  Kuring ngomong kieu téh lain rék maréntah, tapi supaya aranjeun apal kana sumanget batur jeung kuring hayang nguji, aranjeun téh bener-bener mikanyaah batur atawa henteu.  Aranjeun apal kana welas asih nu taya bandingna* ti Isa Al-Masih Juragan urang. Manéhna téh beunghar tapi jadi miskin demi aranjeun, supaya aranjeun jadi beunghar ku kamiskinan manéhna. 10  Kieu ceuk kuring mah, lamun hal ieu diréngsékeun, aranjeun bakal meunang mangpaat, da ieu geus dimimitian sataun ka tukang, jeung harita téh aranjeun meni sumanget. 11  Jadi ayeuna mah, réngsékeun naon nu geus dimimitian ku sumanget nu sarua, jeung lakukeun éta sakamampuh aranjeun. 12  Lamun saurang jalma méréna iklas, éta dipikaresep ku Allah, da Allah hayang manéhna méré sakumaha kasanggupanana, lain di luar kasanggupanana. 13  Maksud kuring téh lain rék ngurangan beban batur bari jeung neumbleuhkeun ka aranjeun. 14  Tapi, kuring hayang bebanna dibagi rata: Kaleuwihan aranjeun bisa nalangan kakurangan maranéhna, jeung kaleuwihan maranéhna bisa nalangan kakurangan aranjeun, jadina saimbang. 15  Sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Jalma nu boga loba moal kaleuwihan, jeung jalma nu boga saeutik moal kakurangan.” 16  Sukur ka Allah nu geus ngageuing haté Titus pikeun bener-bener merhatikeun aranjeun cara urang-urang, 17  lantaran manéhna teu ngan saukur nyumponan paménta urang-urang, tapi meni sumanget ngajalankeunana. Manéhna datang ka aranjeun téh ku kahayangna sorangan. 18  Urang-urang gé ngutus saurang sadérék pikeun maturan manéhna. Kabéh sidang pada mujikeun sadérék éta lantaran naon nu geus dilakukeun ku manéhna demi warta hadé. 19  Lain éta hungkul, manéhna gé geus ditugaskeun ku sidang-sidang jamaah supaya bisa maturan urang-urang dina perjalanan mawa sumbangan sukaréla ieu. Sumbangan nu rék dibagikeun ku urang-urang téh demi kamulyaan Juragan* jeung pikeun ngabuktikeun yén urang-urang iklas nulungan batur. 20  Ku kituna, urang-urang téh ati-ati dina ngabagikeun sumbangan nu loba ieu supaya teu disalahkeun ku sasaha. 21  Sabab urang-urang mah ’jujur dina ngurus sagala hal, lain ngan saukur di hareupeun Yéhuwa, tapi ogé di hareupeun manusa’. 22  Aya saurang sadérék deui nu diutus bareng jeung maranéhna. Sadérék éta téh geus sering diuji sarta kabukti getol dina sagala hal, jeung ayeuna manéhna bakal beuki getol lantaran yakin pisan aranjeun bakal ngalakukeun nu bener. 23  Lamun aya nu tatanya ngeunaan Titus, béjakeun yén manéhna téh babaturan kuring nu babarengan ngabantu aranjeun. Atawa lamun aya nu tatanya ngeunaan sadérék-sadérék éta, béjakeun yén maranéhna téh rasul* sidang-sidang jamaah, nu ngamulyakeun Al-Masih. 24  Jadi, témbongkeun aranjeun téh nyaah ka maranéhna, jeung buktikeun ka sidang-sidang jamaah yén naon nu diagulkeun ku urang-urang ngeunaan aranjeun téh bener.

Catetan Tambihan

Atawa ”palayanan”.
Atawa ”Gusti”. Yunani: Kyrios. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”utusan”.