Pindah kana eusi

Naha Alkitab Bisa Ngabantu dina Masalah Duit jeung Hutang?

Naha Alkitab Bisa Ngabantu dina Masalah Duit jeung Hutang?

Jawaban Alkitab

 Tangtu. Perhatikeun opat prinsip Alkitab nu bisa ngabantu Sadérék dina masalah duit jeung hutang:

  1.   Nyieun anggaran balanja. ”Rarancangkeun sing asak, sangkan mucekil. Bari gurunggusuh mah beubeunanganana moal sabaraha.” (Siloka 21:5) Ulah meuli barang ngan lantaran diskon. Tuturkeun anggaran balanja nu geus dijieun.

  2.   Ulah nginjeum mun teu perlu. ”Anu nginjeum duit sok jadi budakna anu nginjeumkeun.” (Siloka 22:7) Mun Sadérék boga hutang jeung teu sanggup ngalunasan, coba ménta cicilan nu leuwih asup akal ka nu nginjeumkeun. Ulah nyerah. Perhatikeun catetan Alkitab dina Siloka 6:1-5, ngeunaan jalma nu teu bijaksana dina nginjeum duit tuluy manéhna nyieun upaya pikeun ngalunasan hutang éta, ”Buru-buru tepungan ka ditu, wayahna balaka teu sanggup. Tong diengkekeun, komo diselang sare atawa reureuh heula mah sanajan sakeudeung ge.” Lamun can dikabulkeun, ulah nyerah.

  3.   Boga pandangan nu bener ngeunaan duit. ”Jalma sarakah mah hayang buru-buru beungharna bae, teu nyahoeun yen dirina baris malarat.” (Siloka 28:22) Lamun urang sirik jeung sarakah, éta bisa ngancurkeun kauangan urang sarta ngaruksak karohanian urang.

  4.   Ngarasa puas. ”Anu matak asal cukup dahar cukup pake ge hirup teh meujeuhna.” (1 Timoteus 6:8) Duit teu bisa nyieun urang bagja atawa puas. Malah, di dunya ieu sababaraha jalma nu ngarasa bagja teu boga loba duit. Nu nyieun maranéhna bagja téh justru lantaran dipikanyaah ku kulawarga jeung babaturan, sarta nyobat jeung Allah.—Siloka 15:17; 1 Petrus 5:6, 7.