Pindah kana eusi

Saha Néfilim téh?

Saha Néfilim téh?

Jawaban Alkitab

 Néfilim téh para raksasa nu perkasa jeung telenges, turunan ti malaikat-malaikat jahat nu kawin jeung awéwé-awéwé dina jaman Nuh. a

 Alkitab nyaritakeun yén ’putra-putra surgawi barogoheun ka barudak awewe, kawantu gareulis’. (Kajadian 6:2) Sabenerna ”putra-putra surgawi” éta téh ngamaksudkeun para malaikat nu barontak ka Allah. Maranéhna ”naringgalkeun tempat maranéhna nu sakuduna” di sawarga, barobah wujud jadi manusa, jeung ”tuluy bae nyarokot hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna”, dijadikeun pamajikan.—Yudas 6, Terjemahan Dunia Baru [NW]; Kajadian 6:2.

 Perkawinan campuran ieu ngahasilkeun turunan nu teu wajar. (Kajadian 6:4) Néfilim téh raksasa nu sok ngaganggu batur jeung kejem. Maranéhna nyieun bumi pinuh ku katelengesan. (Kajadian 6:13) Alkitab nyebutkeun yén maranéhna téh ”jelema anu kacida garagahna tur kamashur” di jaman baheula. (Kajadian 6:4) Malah sanggeus Néfilim dibinasakeun gé, jalma-jalma masih telenges jeung loba nu kasieunan.—Kajadian 6:5; Bilangan 13:33. b

Kasalahpahaman ngeunaan Néfilim

 Kasalahpahaman: Néfilim masih hirup di bumi nepi ka jaman ayeuna.

 Fakta: Yéhuwa ngadatangkeun Caah Gedé pikeun ngancurkeun dunya nu pinuh ku katelengesan dina jaman baheula. Néfilim dibinasakeun bareng jeung jalma-jalma nu jahat. Sabalikna, harita ngan Nuh sakulawarga nu dipikanyaah jeung disalametkeun ku Yéhuwa.—Kajadian 6:9, 10; 7:12, 13, 23; 2 Petrus 2:5.

 Kasalahpahaman: Bapana urang Néfilim téh manusa.

 Fakta: Bapa maranéhna téh disebut ”putra-putra surgawi”. (Kajadian 6:2) Dina Alkitab, istilah ieu digunakeun pikeun ngamaksudkeun para malaikat. (Ayub 1:6; 2:1; 38:7) Baheula, para malaikat boga kakuatan pikeun barobah wujud jadi manusa. (Kajadian 19:1-5; Yosua 5:13-15) Rasul Pétrus nyebutkeun ngeunaan ”para malaikat nu aya ada di panjara nu baheulana henteu narurut ka Allah dina jaman Nuh, basa Mantenna sabar ngadagoan”. (1 Petrus 3:19, 20, NW) Waktu ngabahas ngeunaan hal nu sarua, Yudas nu nulis Alkitab ngajelaskeun yén sababaraha malaikat ”naringgalkeun kadudukan maranéhna jeung naringgalkeun tempat maranéhna nu sakuduna”.—Yudas 6.

 Kasalahpahaman: Néfilim téh para malaikat nu barontak.

 Fakta: Kajadian 6:4 nunjukkeun yén Néfilim téh lain malaikat, tapi turunan nu dihasilkeun tina hubungan séksual antara awéwé jeung malaikat nu barobah wujud jadi manusa. Sanggeus para malaikat ”nyarokot [awéwé] hiji sewang, sakabogohna-sakabogohna”, Yéhuwa ngomong yén dina 120 taun, Mantenna bakal ngahukum dunya jahat di jaman éta. (Kajadian 6:1-3) Ayat sanggeusna nyebutkeun yén ”di jaman eta”, para malaikat nu barobah wujud jadi manusa teterusan ngayakeun hubungan jeung awéwé-awéwé manusa, tuluy ngahasilkeun ”jelema anu kacida garagahna tur kamashur”, nyaéta para Néfilim.—Kajadian 6:4.

a Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”Néfilim” téh bisa jadi hartina ”Tukang Nalukkeun”. Wilson’s Old Testament Word Studies nyebutkeun yén kecap ieu ngamaksudkeun jalma-jalma nu ”sok nalukkeun manusa ku kakerasan, ngarampas, sarta nyababkeun batur sangsara”.

b Buktina aya dina Bilangan 13:33. Waktu mata-mata Israil ningali jalma-jalma nu awakna galedé, maranéhna jadi inget ka Néfilim nu geus paéh ratusan taun saacanna.—Kajadian 7:21-23.