Pindah kana eusi

Naha Sasatoan Bisa Asup ka Sawarga?

Naha Sasatoan Bisa Asup ka Sawarga?

Jawaban Alkitab

 Alkitab ngajarkeun yén di antara sakabéh ciciptaan di bumi, ngan sababaraha manusa nu asup ka sawarga. (Wahyu 14:1, 3) Maranéhna bakal mingpin jadi raja jeung imam bareng jeung Yésus. (Lukas 22:28-30; Wahyu 5:9, 10) Kalolobaan umat manusa bakal di hirupkeun deui di pirdaus nu aya di bumi.—Jabur 37:11, 29.

 Teu pernah disebutkeun dina Alkitab yén di sawarga bakal aya sato atawa anjing piaraan. Éta téh aya alesanana. Sasatoan moal bisa nyumponan sarat pikeun ”disalaur ku Allah” ka sawarga. (Ibrani 3:1) Sarat-saratna téh kaasup boga pangaweruh, némbongkeun iman, jeung taat kana paréntah Allah. (Mateus 19:17; Yohanes 3:16; 17:3) Manusa wungkul nu diciptakeun pikeun hirup langgeng.—Kajadian 2:16, 17; 3:22, 23.

 Supaya bisa asup ka sawarga, ciptaan nu aya di bumi kudu dihirupkeun deui. (1 Korinta 15:42) Alkitab nyutat sababaraha kajadian ngeunaan jalma nu dihirupkeun deui. (1 Raja 17:17-24; 2 Raja 4:32-37; 13:20, 21; Lukas 7:11-15; 8:41, 42, 49-56; Yohanes 11:38-44; Kisah 9:36-42; 20:7-12) Tapi, sakabéhna manusa, lain sato.

 Kumaha kaayaan sato nu paéh?

 Alkitab ngajarkeun boh manusa boh sasatoan téh ”mahluk hirup”, jadi jalma jeung sato boga kahirupan nu sarua. Aya dua unsur dina kahirupan manusa jeung sato nyaéta ”taneuh” jeung ”napas anu matak hirup”.—Kajadian 1:24; 2:7; Bilangan 31:28

 Alkitab ogé nyebutkeun yén manusa jeung sato bisa paéh. (Budalan 19:13) Sanggeus paéh, sato jeung manusa balik deui jadi lebu atawa taneuh. (Pandita 3:19, 20) Hartina maranéhna teu aya deui. a

 Naha sasatoan boga dosa?

 Henteu. Dosa téh hartina pikiran, parasaan, atawa lalampahan nu papalingpang jeung papakon Allah. Ciptaan bisa nyieun dosa lamun boga kasanggupan pikeun milih nu bener jeung nu salah, sato mah teu boga kasanggupan ieu. Salila hirupna nu pondok, sasatoan ngagunakeun naluri dina tingkah polahna. (2 Petrus 2:12) Sanajan teu boga dosa, sasatoan tetep wé paéh.

 Naha meunang nyiksa sasatoan?

 Henteu. Sasatoan dikawasakeun ku Allah ka manusa, tapi éta lain hartina manusa bisa sangeunahna ka sasatoan. (Kajadian 1:28; Jabur 8:7-9) Allah merhatikeun kaayaan sasatoan, kaasup manuk piit nu leutik. (Yunus 4:11; Mateus 10:29) Mantenna maréntahkeun umatna sangkan ngurus ulah sangeunahna ka sasatoan.—Budalan 23:12; Pamindo 25:4; Siloka 12:10.

a Pikeun katerangan leuwih loba, tingali pasal 6 tina buku Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?