Budalan 23:1-33

  • Hukum keur Israél (1-19)

    • Ngeunaan kajujuran jeung kaadilan (1-9)

    • Ngeunaan sabat jeung perayaan (10-19)

  • Malaikat nu nungtun urang Israél (20-26)

  • Tanah nu bakal dipimilik jeung watesna (27-33)

23  ”Ulah nyebarkeun béja nu teu bener. Ulah méré katerangan nu salah nu bisa nyilakakeun batur, sabab mun kitu, manéh téh ngabantu jalma jahat.  Ulah tuturut ka jalma réa anu marigawé kajahatan. Ulah méré katerangan palsu di pangadilan pédah hayang nyenangkeun* jalma réa.  Ulah beurat sabeulah waktu ngurus perkara jalma miskin.  ”Lamun maranéh nempo sapi atawa kaldé musuh maranéh nyasab, pék anteurkeun ka nu bogana.  Lamun maranéh nempo kaldé milik jalma nu ngéwa ka maranéh ngudupruk lantaran muatanana beurat teuing, ulah diculkeun tuluy ngaléos indit. Maranéh kudu mantuan éta jalma nurunkeun muatanana.  ”Ulah nyimpang tina kaadilan waktu ngurus perkara jalma miskin.  ”Ulah pipilueun méré tuduhan palsu. Ulah maéhan jalma bener jeung jalma nu teu nyieun kasalahan, sabab jalma nu migawé kajahatan siga kitu moal dianggap bener* ku Kuring.  ”Ulah narima panyogok, sabab panyogok bisa nyimpangkeun jalma bijaksana ti nu bener sarta bisa ngarobah putusanana jalma bener.  ”Ulah nindes urang asing nu cicing di antara maranéh. Maranéh sorangan nyaho kumaha rasana jadi urang asing, da maranéh gé pernah jadi urang asing di Mesir. 10  ”Salila genep taun, maranéh meunang melakan lahan jeung ngumpulkeun hasilna. 11  Tapi dina taun katujuh, lahanna kudu diantepkeun jeung teu meunang dipelakan. Naon waé nu jaradi sorangan di dinya bakal didahar ku nu miskin, sésana bakal didahar ku sato liar. Nya kitu ogé jeung kebon anggur sarta kebon zaitun maranéh. 12  ”Maranéh meunang digawé salila genep poé. Tapi dina poé nu katujuh, maranéh teu meunang digawé. Ku kituna, sapi jeung kaldé maranéh bisa reureuh sarta budak beulian jeung urang asing bisa mulihkeun tanagana. 13  ”Maranéh kudu bener-bener ngajalankeun paréntah Kuring. Ulah nyebut ngaran allah-allah séjén. Ngaran maranéhna ulah nepi ka diucapkeun ku maranéh. 14  ”Maranéh kudu ngayakeun perayaan keur Kuring sataun tilu kali. 15  Dina waktu nu geus ditangtukeun dina bulan Abib,* maranéh kudu ngayakeun Perayaan Roti nu Teu Diragian, sabab dina bulan éta maranéh budal ti Mesir. Maranéh kudu ngadahar roti nu teu diragian salila tujuh poé, sakumaha paréntah Kuring. Teu meunang aya nu datang ka hareupeun Kuring bari teu mawa nanaon. 16  Maranéh gé kudu ngayakeun Perayaan Panén* waktu maranéh ngala hasil panén nu pangmimitina tina lahan maranéh. Dina ahir taun, ayakeun ogé Perayaan Ngumpulkeun Hasil Panén,* nyaéta waktu maranéh ngumpulkeun hasil panén nu pangpandeurina tina lahan maranéh. 17  Sataun tilu kali, sakabéh lalaki kudu ngadep ka hareupeun Yéhuwa, Gusti nu bener. 18  ”Ulah ngabaktikeun getih sato bareng jeung naon waé nu maké ragi. Gajih nu dibaktikeun dina perayaan Kuring teu meunang nyésa nepi ka isuk. 19  ”Hasil panén nu mimiti jeung nu pangalusna kudu dibawa ka imah Yéhuwa Allah maranéh. ”Ulah ngulub daging anak embé ku cisusu indungna. 20  ”Kuring ngutus hiji malaikat di hareupeun maranéh pikeun ngajaga maranéh sapanjang jalan sarta nungtun maranéh ka tempat nu geus disadiakeun ku Kuring. 21  Pék déngékeun jeung turutkeun omongan manéhna. Manéhna téh datang ngawakilan ngaran Kuring. Ulah ngalawan ka manéhna, sabab manéhna moal bakal ngahampura kasalahan maranéh. 22  Tapi, lamun maranéh bener-bener nurut kana omonganana sarta ngalampahkeun sakabéh paréntah Kuring, musuh maranéh bakal jadi musuh Kuring, lawan maranéh bakal jadi lawan Kuring. 23  Malaikat Kuring bakal aya di hareupeun maranéh sarta mawa maranéh asup ka tanah urang Amori, urang Hét, urang Périz, urang Kanaan, urang Héwi, jeung urang Yébus. Kabéhanana bakal dibasmi ku Kuring. 24  Ulah sujud atawa kagoda pikeun nyembah allah-allah maranéhna, sarta ulah nuturkeun kabiasaan maranéhna. Ancurkeun patung-patungna sarta runtuhkeun pilar-pilar sucina. 25  Maranéh kudu nyembah ka Yéhuwa Allah maranéh. Ku kituna, Kuring bakal ngaberkahan maranéh ku dahareun jeung inumeun. Kuring gé bakal nyingkirkeun panyakit ti maranéh. 26  Awéwé di tanah maranéh moal aya nu kaluron atawa mandul. Maranéh gé ku Kuring bakal dipanjangkeun umurna. 27  ”Saacan maranéh datang, bangsa-bangsa geus kaburu sieun ka Kuring. Bangsa anu merangan maranéh bakal dikacowkeun ku Kuring. Sakabéh musuh maranéh bakal disina éléh jeung kalabur. 28  Saacan maranéh datang, musuh-musuh bakal disina leungit sumanget* ku Kuring. Kuring bakal ngusir urang Héwi, urang Kanaan, jeung urang Hét ti hareupeun maranéh. 29  Diusirna moal disakalikeun dina sataun, supaya tanahna henteu kalantar sarta sato-sato galak henteu ngalobaan jeung nyilakakeun maranéh. 30  Kuring bakal ngusir maranéhna saeutik-saeutik, nepi ka maranéh ngalobaan jeung ngawasaan tanah éta. 31  ”Wates tanah maranéh téh nyaéta ti Laut Beureum nepi ka Laut Tengah,* sarta ti tanah gurun nepi ka Walungan Éfrat. Kuring bakal masrahkeun penduduk tanah éta ka maranéh, sarta pendudukna bakal diusir ku maranéh. 32  Ulah nyieun perjangjian jeung maranéhna atawa allah-allah maranéhna. 33  Maranéhna teu meunang cicing di tanah maranéh, supaya maranéh teu kapangaruhan nyieun dosa ka Kuring. Lamun maranéh nyembah allah-allah maranéhna, maranéh tangtu kajiret terus cilaka.”

Catetan Tambihan

Atawa ”nuturkeun pandangan”.
Atawa ”moal dileupaskeun”.
Tingali Lamp. B15.
Sok disebut ogé Perayaan Minggu-Minggu, atawa Péntakosta.
Sok disebut ogé Perayaan Saung Daun, atawa Perayaan Tabernakel.
Atawa bisa jadi ”disina geumpeur; kasieunan”.
Atawa ”lautna urang Filistin”.