Nu Ditulis ku Lukas 7:1-50

  • Iman saurang perwira (1-10)

  • Isa ngahirupkeun deui anak randa di Nain (11-17)

  • Yahya Jurubaptis dipuji (18-30)

  • Isa ngutuk jalma-jalma nu teu paduli (31-35)

  • Awéwé nu boga dosa dihampura (36-50)

    • Ibarat ngeunaan jalma-jalma nu boga hutang (41-43)

7  Sanggeus bérés ngomong ka jalma-jalma, Isa asup ka Kapernaum.  Di dinya, aya saurang perwira nu boga palayan nu kacida dipikanyaahna. Palayan éta keur gering jeung sakarat.  Basa ngadéngé ngeunaan Isa, manéhna ngutus sababaraha pamingpin bangsa Yahudi pikeun ménta Isa datang jeung nyageurkeun palayanna.  Maranéhna datang jeung méménta ka Isa, ”Éta jalma téh pantes ditulungan,  sabab manéhna nyaaheun ka bangsa urang, malah pernah mangnyieunkeun tempat ibadah keur urang.”  Jadi, Isa milu jeung maranéhna. Tapi barang téréh nepi, manéhna dipapag ku sobat-sobatna perwira éta nu diutus mawa pesen, ”Pa, ulah répot-répot, abdi teu layak narima Bapa di imah abdi.  Abdi gé teu manggihan Bapa da ngarasa teu layak. Geus wéh ngomong ti dieu palayan abdi sina cageur, da pasti manéhna cageur.  Abdi gé saurang bawahan jeung boga prajurit-prajurit bawahan. Lamun abdi nitah nu hiji, ’Geura indit!’ manéhna bakal indit, lamun nitah nu séjén, ’Ka dieu!’ manéhna bakal nyampeurkeun, jeung lamun nitah palayan abdi, ’Gawékeun yeuh!’ pasti digawékeun.”  Basa ngadéngé kitu, Isa tajub jeung ngomong ka jalma-jalma nu naluturkeun, ”Urang ngabéjaan, di Israél, urang can pernah manggihan jalma nu boga iman sakitu gedéna.” 10  Utusan-utusan éta baralik, ari pék téh palayan éta geus cageur. 11  Teu lila, Isa indit ka kota Nain. Murid-muridna jeung jalma réa milu indit. 12  Pas deukeut gerbang kota, aya nu keur ngagotong mayit. Nu maotna téh anak tunggal, indungna téh randa deuih. Loba jalma ti kota éta milu nganteurkeun. 13  Barang katingali ku Juragan, manéhna karunyaeun pisan ka éta randa, tuluy ngomong kieu, ”Ulah ceurik deui, Bu.” 14  Tuluy Isa nyampeurkeun, nyabak pasaranna,* jeung nu ngagarotongna eureun. Ceuk manéhna, ”Jang, urang nitah, geura hudang!” 15  Nu maot téh hirup deui, diuk, tuluy ngomong. Geus kitu, ku Isa dipasrahkeun ka indungna. 16  Kabéh jalma tarajubeun jeung ngamulyakeun Allah bari ngomong, ”Saurang nabi agung aya di antara urang,” sarta, ”Allah geus inget ka umat-Na.” 17  Béja ngeunaan Isa nyebar ka sakuliah Yudéa jeung ka daérah sakurilingeunana. 18  Murid-muridna Yahya ngalaporkeun kajadian-kajadian ieu ka manéhna. 19  Jadi, Yahya nitah dua muridna nanya ka Juragan, ”Ari anjeun téh Pribadi nu dijangjikeun téa, atawa urang kudu ngadagoan nu séjén?” 20  Waktu panggih jeung Isa, maranéhna ngomong, ”Urang dititah ku Yahya Jurubaptis nanya kieu, ’Ari anjeun téh Pribadi nu dijangjikeun téa, atawa urang kudu ngadagoan nu séjén?’” 21  Harita, manéhna nyageurkeun loba jalma nu garering, boh nu parah boh nu henteu, ngusir roh-roh jahat, jeung nyageurkeun nu lolong jadi bisa ningali deui. 22  Isa ngomong ka maranéhna, ”Béjakeun ka Yahya naon nu ditingali jeung nu didéngé ku maranéh: Nu lolong jadi bisa ningali, nu lumpuh jadi bisa leumpang, nu kusta jadi cageur, nu torék jadi bisa ngadéngé, nu maot dihirupkeun deui, jeung nu miskin ngadéngé warta hadé. 23  Bagja jalma nu teu cangcaya ka urang.”* 24  Sanggeus utusan Yahya baralik, Isa ngomong ngeunaan Yahya ka jalma réa, ”Maranéh indit ka gurun keusik téh rék nempo naon? Jujukutan jangkung nu luak-léok katebak ku angin? 25  Mun kitu rék nempo naon? Jalma nu maké baju méwah?* Jalma nu maké baju alus jeung hirup méwah mah ayana di istana. 26  Jadi, maranéh téh indit rék nempo naon? Nabi? Éta bener. Ceuk urang mah manéhna leuwih luhur tibatan nabi. 27  Manéhna nu dimaksud dina tulisan ieu, ’Kuring ngirim utusan miheulaan* manéh, nu nyiapkeun jalan keur manéh!’ 28  Urang ngabéjaan, di antara jalma nu pernah dijurukeun ku awéwé, euweuh nu leuwih luhur tibatan Yahya. Tapi, nu pangleutikna dina Pamaréntahan Allah leuwih punjul tibatan manéhna.” 29  (Waktu kabéh jalma jeung tukang mulung pajeg ngadéngé hal ieu, maranéhna ngakukeun yén Allah téh adil, sabab maranéhna geus dibaptis ku Yahya. 30  Tapi, urang Farisi jeung guru-guru Torét teu nurut kana pituduh Allah lantaran maranéhna embung dibaptis ku Yahya.) 31  ”Ari jelema-jelema jaman kiwari bisa diupamakeun kawas saha? Maranéhna siga saha? 32  Maranéhna téh kawas barudak nu dariuk di pasar jeung ngomong ka babaturanana, ’Urang niup suling tapi maranéh henteu ngigel. Urang ngawihkeun lagu sedih tapi maranéh henteu ceurik.’ 33  Kitu ogé, Yahya Jurubaptis datang, teu dahar roti jeung teu nginum cianggur, tapi ceuk maranéh, ’Manéhna kasurupan roh jahat.’ 34  Putra manusa datang, osok dahar osok nginum cianggur, tapi ceuk maranéh, ’Tuh tempo, jelema rewog, tukang nginum cianggur. Babaturanana gé tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema dosa!’ 35  Sanajan kitu, kabijaksanaan* saurang jalma katémbong tina lalampahanana.”* 36  Aya saurang Farisi nu teterusan ngondang Isa dahar bareng. Jadi Isa datang ka imahna, diuk, tuluy dahar. 37  Aya saurang awéwé nu kasohor jelema dosa di kota éta. Manéhna nyaho Isa keur dahar di imah urang Farisi éta. Tuluy, manéhna datang bari mawa minyak seungit dina botol marmer. 38  Manéhna sideku di tukangeun Isa, deukeut sukuna. Segruk ceurik, cipanonna maseuhan suku Isa, tuluy diséka ku buukna. Ku manéhna, suku Isa gé diciuman jeung dikucuran minyak seungit. 39  Ningali kitu, urang Farisi nu ngondang Isa ngomong dina haténa, ”Mun bener manéhna téh nabi, kuduna mah nyaho awéwé siga kumaha nu nyabak manéhna téh. Awéwé éta téh jelema dosa.” 40  Tapi lantaran nyaho nu dipikirkeun ku manéhna, Isa ngomong, ”Simon, urang rék nyarita.” Ceuk manéhna, ”Mangga, Guru!” 41  ”Aya dua jalma nu boga hutang ka tukang nginjeumkeun duit. Nu hiji hutangna 500 dinar,* nu hiji deui 50 dinar. 42  Waktu maranéhna teu boga nanaon keur ngalunasan hutangna, hutang duanana dibébaskeun. Tah, saha nu bakal leuwih nyaah ka nu nginjeumkeun?” 43  Simon ngajawab, ”Sigana mah nu hutangna leuwih gedé.” Ceuk Isa, ”Jawaban manéh bener.” 44  Terus, manéhna ningali ka éta awéwé jeung ngomong ka Simon, ”Tingali awéwé ieu. Urang datang ka imah manéh, ku manéh teu dibéré cai keur ngumbah suku. Tapi, ieu awéwé ngabaseuhan suku urang ku cipanonna tuluy diséka ku buukna. 45  Manéh teu nyium urang, ari awéwé ieu mah ti barang urang datang, teu eureun nyiuman suku urang. 46  Manéh teu ngaminyakan sirah urang, tapi awéwé ieu mah ngucurkeun minyak seungit kana suku urang. 47  Ku kituna urang ngabéjaan manéh, dosa awéwé ieu sanajan loba gé geus dihampura, jadi manéhna nyaah pisan ka urang. Tapi anu dosana teu pira tuluy dihampura, kanyaahna moal sabaraha.” 48  Geus kitu, Isa ngomong ka awéwé éta, ”Dosa-dosa Nyai geus dihampura.” 49  Nu dalahar bareng jeung manéhna pada ngaromong kieu, ”Saha manéhna téh nepi ka bisa ngahampura dosa?” 50  Tapi Isa ngomong ka awéwé éta, ”Nyai salamet lantaran boga iman. Jung indit, ulah hariwang.”

Catetan Tambihan

Atawa ”tandu keur ngagotong mayit”.
As. ”teu titajong ku lantaran urang”.
Atawa ”kaén lemes”.
As. ”di hareupeun beungeut”.
Atawa ”hikmat”.
As. ”kabukti bener ti anak-anakna”.