Pindah kana eusi

Naon Maksudna ’Mikanyaah Musuh-Musuh’?

Naon Maksudna ’Mikanyaah Musuh-Musuh’?

Jawaban Alkitab

 Dina hutbahna nu kasohor di gunung, Nabi Isa ngomong, ”Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh.” (Matius 5:44; Lukas 6:27, 35) Maksud kekecapana téh nyaéta urang kudu nyaah ka jalma-jalma nu ngéwa jeung teu adil ka urang.

 Isa nunjukkeun kanyaah ka musuh-musuhna ku cara ngahampura nu nganiaya manéhna. (Lukas 23:33, 34) Pangajaran Isa ngeunaan mikanyaah musuh-musuh téh saluyu jeung nu dicatet dina Kitab-kitab Ibrani, atawa Perjangjian Lawas.​—Budalan 23:4, 5; Siloka 24:17; 25:21.

 ”Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh, jeung doakeun nu nganiaya maranéh.”​—Matius 5:43, 44.

Nu dibahas dina artikel ieu:

 Ku naon urang perlu mikanyaah musuh?

  •   Allah masihan tuladan. Allah téh ”bageur ka jalma nu jahat jeung nu tara mulang tarima”. (Lukas 6:35) Anjeunna gé ”méré . . . panonpoé . . . ka nu jahat”.​—Matius 5:45.

  •   Kanyaah bisa ngageuing musuh urang pikeun barobah. Alkitab ngajurung urang supaya bageur ka musuh. Lamun urang bageur ka musuh, éta téh siga ”urang numpuk ruhay dina sirahna”. (Roma 12:20, catetan handap) Ibarat éta téh ngajelaskeun ngeunaan manaskeun bijih logam supaya ngahasilkeun logam nu murni. Kitu ogé, lamun urang bageur ka jalma anu ngéwa ka urang, manéhna bisa jadi leuleuy jeung sipat-sipat hadéna jadi katingali.

 Kumaha carana mikanyaah musuh?

  •   ”Sing bageur ka jalma nu ngéwa ka maranéh.” (Lukas 6:27) Ceuk Alkitab, ”Lamun musuh aranjeun lapar, béré dahar; lamun haus, béré nginum.” (Roma 12:20) Anjeun bisa némbongkeun kanyaah ka musuh ku cara séjénna. Pék pikirkeun naséhat nu kasohor, nu disebut Aturan Emas, ”Naon nu dipiharep ku maranéh ti batur, lampahkeun éta ogé ka batur.”​—Lukas 6:31.

  •   ”Berkahan jalma nu nyumpahan maranéh.” (Lukas 6:28) Urang ngaberkahan musuh-musuh urang lamun urang ngomong ku cara nu sopan jeung bageur ka maranéhna, sanajan maranéhna ngomong nu matak nganyenyeri haté. Alkitab méré nyaho, ”Hinaan ulah dibales ku hinaan. Sabalikna, pangméntakeun berkah.” (1 Pétrus 3:9) Lamun urang ngalampahkeun naséhat ieu, urang jeung manéhna moal bakal silih bales.

  •   ”Doakeun jalma nu ngahina maranéh.” (Lukas 6:28) Lamun aya nu ngahina, ”ulah ngabales kajahatan ku kajahatan deui.” (Roma 12:17) Tapi, urang bisa ménta Allah ngahampura manéhna. (Lukas 23:34; Kisah 7:59, 60) Tibatan ngabales kajahatanana, mending urang pasrahkeun masalahna ka Allah nu bisa ngahakiman ku cara nu adil.​—Imamat 19:18; Roma 12:19.

 ”Terus pikanyaah musuh-musuh maranéh, sing bageur ka jalma nu ngéwa ka maranéh, berkahan jalma nu nyumpahan maranéh, jeung doakeun jalma nu ngahina maranéh.”​—Lukas 6:27, 28.

  •   Kudu ”sabar jeung bageur”. (1 Korintus 13:4) Waktu ngajelaskeun ngeunaan kanyaah, Rasul Paulus ngagunakeun kecap Yunani agape. Kecap ieu téh aya ogé dina Matius 5:44 jeung Lukas 6:27, 35. Urang bisa nunjukkeun kanyaah nu sajati ka musuh-musuh urang ku cara sabar, bageur, teu sirikan, teu ngagulkeun diri, jeung teu kasar.

 ”Jalma nu boga kanyaah téh sabar jeung bageur. Manéhna teu sirikan, teu ngagulkeun diri, teu gedé hulu, teu kurang ajar, teu mentingkeun diri, jeung teu gancang ambek. Manéhna teu ngunek-ngunek kasalahan batur. Manéhna teu resep kana hal-hal nu teu bener, resepna téh kana hal-hal nu bener. Manéhna sabar nyanghareupan sagalana, percaya kana sagala hal, terus boga harepan, jeung tabah dina sagala kaayaan. Kanyaah moal aya ahirna.”​—1 Korintus 13:4-8.

 Naha enya urang perlu perang ngalawan musuh?

 Henteu. Isa ngajar murid-muridna supaya teu merangan musuh-musuhna. Contona, waktu Isa méré paringetan ngeunaan Yérusalém nu bakal diancurkeun, anjeunna nitah murid-muridna kabur ka pagunungan, lainna ngalawan. (Lukas 21:20, 21) Isa ogé ngomong ka Rasul Pétrus, ”Sarungkeun deui pedangna, sabab saha waé nu ngagunakeun pedang, paéhna ku pedang deui.” (Matius 26:52) Alkitab jeung catetan sajarah némbongkeun yén murid-murid Isa dina abad kahiji téh teu merangan musuh-musuhna. a2 Timotius 2:24.

 Pandangan nu salah ngeunaan mikanyaah musuh

 Pandangan nu salah: Hukum Allah maréntahkeun bangsa Israél pikeun mikangéwa musuh-musuhna.

 Kanyataanana: Hukum Allah mah teu maréntahkeun siga kitu. Malahan, urang Israél téh dijurung pikeun mikanyaah sasamana. (Imamat 19:18) Kecap sasama téh hartina sakabéh umat manusa. Tapi, sababaraha urang Yahudi nganggap yén sasamana téh nyaéta urang Yahudi deui. Maranéhna percaya jalma-jalma nu lain Yahudi téh musuh anu kudu dipikangéwa. (Matius 5:43, 44) Isa nyaritakeun kisah ngeunaan urang Samaria anu bageur ka sasamana supaya maranéhna boga pandangan anu bener.​—Lukas 10:29-37.

 Pandangan nu salah: Nyaah ka musuh téh hartina urang satuju kana kalakuanana nu salah.

 Kanyataanana: Alkitab nunjukkeun urang bisa nyaah ka saurang jalma sanajan urang teu satuju kana kalakuanana nu salah. Contona, Nabi Isa mikaijid kajahatan, tapi anjeunna ngadoakeun jalma-jalma nu maéhan anjeunna. (Lukas 23:34) Isa gé ijid kana kateuadilan jeung dosa, tapi anjeunna ngorbankeun kahirupan keur jalma-jalma nu dosa.​—Yahya 3:16; Roma 6:23.

a Dina buku The Rise of Christianity nu ditulis ku E. W. Barnes nyebutkeun, ”Sanggeus kabéh informasi nu aya dirisét sacara taliti, hasilna némbongkeun yén nepi ka pamaréntahan Marcus Aurelius [kaisar Roma ti taun 161 nepi ka 180 M], euweuh urang Kristen nu jadi prajurit; atawa tetep jadi prajurit sanggeus jadi urang Kristen.”