Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Ambek?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Ambek?

Jawaban Alkitab

 Alkitab ngajarkeun yén lamun saurang jalma sok ngumbar amarah, éta bisa ngarugikeun dirina sorangan sarta jalma-jalma di sakurilingeunana. (Siloka 29:22) Sakapeung wajar mun urang ambek, tapi Alkitab nyebutkeun yén jalma-jalma nu terus ”ngumbar amarah” moal disalametkeun. (Galata 5:19-21) Aya prinsip-prinsip dina Alkitab nu bisa dilarapkeun lamun urang keur ambek.

 Naha urang sama sakali teu meunang ambek?

 Henteu. Dina sababaraha kaayaan, ambek téh teu salah. Misalna, jalma nu satia, Néhémia, ”jadi jengkel” waktu apal yén dulur sabangsana ditindes.—Nehemia 5:6.

 Allah gé pernah ambek. Misalna, waktu umat-Na di jaman baheula ngalanggar jangji pikeun nyembah ngan ka Mantenna wungkul sarta maranéhna kalah ka nyembah allah-allah palsu, Yéhuwa jadi ”sakalangkung benduna”. (Hakim 2:13, 14) Padahal, ambek téh lain sipat utama Allah. Jadi lamun Mantenna ambek, éta pasti aya alesanana jeung bisa dikadalikeun.—Budalan 34:6; Yesaya 48:9.

 Dina kaayaan naon ambek téh salah?

 Ambek téh salah lamun teu dikadalikeun jeung euweuh alesanana. Biasana nu sok kieu téh manusa nu teu sampurna. Contona:

  •   Kain ”jadi ngentab, murukusunu bakat ku ambek” waktu Allah nolak kurbanna. Saking ambekna, Kain nepi ka maéhan adina.—Kajadian 4:3-8.

  •   Nabi Yunus ”malah bendu” waktu Allah ngahampura urang Ninéwé. Allah ngalempengkeun cara pikir Yunus. Allah ngajelaskeun yén manéhna teu boga hak pikeun ambek sarta manéhna kuduna karunya ka jalma-jalma dosa nu tobat éta.—Yunus 3:10–4:1, 4, 11. a

 Dua conto ieu ngagambarkeun yén amarah nu teu dikadalikeun jeung euweuh alesanana téh ”henteu sapuk jeung pangersa Allah”.—Yakobus 1:20.

 Sadérék kudu kumaha lamun keur ambek?

  •   Kudu nyaho bahayana amarah nu teu dikadalikeun. Aya nu mikir yén ngabudalkeun amarah téh ciri jalma nu kuat. Tapi sabenerna, jalma nu teu bisa ngadalikeun amarahna téh jalma nu lemah. ”Mun maneh teu bisa mengkek amarah, ibarat kota bolostrong euweuh kutana, babari ditarajangna.” (Siloka 25:28; 29:11) Sabalikna, jalma nu sanggup ngadalikeun diri mah jalma nu kuat jeung bijaksana. (Siloka 14:29) Ceuk Alkitab, ”Jalma nu teu gampang ambek leuwih kuat ti batan priya nu perkasa.”—Siloka 16:32, Terjemahan Dunia Baru (NW).

  •   Geura kadalikeun amarah saacan ngalampahkeun hal nu matak kaduhung. Jabur 37:8 (NW) nyebutkeun, ”Jauhan amarah jeung tinggalkeun panas haté. Ulah keuheul jeung tungtungna ngalampahkeun nu goréng.” Perhatikeun yén waktu urang ambek, urang bisa milih pikeun ngajauhan amarah saacan urang ”ngalampahkeun nu goréng”. Epesus 4:​26 gé nyebutkeun, ”Lamun aya kaambek ulah katalanjuran nepi ka jadi dosa.”

  •   Lamun bisa, geura nyingkah saacan kaayaanana beuki panas. Ceuk Alkitab, ”Awalna pagétréng téh kawas bendungan nu bocor. Méméh ger paséa, geura nyingkah ti dinya.” (Siloka 17:14, NW) Mémang alus lamun masalah jeung batur geura dibéréskeun, tapi Sadérék jeung manéhna kudu tenang heula saacan ngabahas masalahna.

  •   Téangan heula faktana. Ceuk Siloka 19:11, ”Jalma anu asak sasar mah sok bisa mengkek amarah.” Urang bijaksana lamun néangan heula faktana saacan nyieun kasimpulan. Lamun urang nyaho kabéh pandangan ngeunaan masalah éta, urang moal ambek teu puguh.—Yakobus 1:19.

  •   Ngadoa ménta katengtreman. Doa bisa ngabantu Sadérék supaya boga ”katengtreman jeung karahayuan ti Allah, nu moal kahontal ku akal”. (Pilipi 4:7) Ngadoa téh cara utama pikeun meunangkeun roh suci Allah. Roh suci Allah bisa nyieun urang tengtrem haté, sabar, jeung ngadalikeun diri.—Lukas 11:13; Galata 5:22, 23.

  •   Sing ati-ati dina milih babaturan. Urang téh sok kababawa ku batur. (Siloka 13:20; 1 Korinta 15:33) Ku kituna, Alkitab méré nyaho, ”Ulah nyobat jeung jelema nu galede ambek, nu kalasar tabeatna.” Ku naon? Sabab ”bisi ari katepaan hese miceunna deui”.—Siloka 22:24, 25.

a Katingalina, Yunus daék ngalempengkeun cara pikirna sarta teu ambek deui, lantaran manéhna tetep digunakeun Allah pikeun nulis hiji bagian Alkitab nu maké ngaran manéhna.