Pindah kana eusi

Na Gusti Allah téh Aya di Mana-Mana?

Na Gusti Allah téh Aya di Mana-Mana?

Jawaban Alkitab

 Gusti Allah bisa ningali sagala hal sarta ngalakukeun naon waé jeung di mana waé. (Siloka 15:3; Ibrani 4:13) Tapi, Kitab Suci teu ngajarkeun yén Gusti aya di kabéh tempat. Sabalikna, Kitab Suci ngajarkeun yén Anjeunna téh Pribadi nu cicing di hiji tempat.

  •   Wujud Gusti: Gusti Allah téh mahluk roh. (Yohanes 4:24) Anjeunna teu bisa ditingali ku manusa. (Yohanes 1:18) Téténjoan ngeunaan Gusti nu dicatet dina Kitab Suci nunjukkeun yén Anjeunna boga tempat panyicingan. Teu pernah disebutkeun yén Anjeunna aya di mana-mana.—Yesaya 6:1, 2; Wahyu 4:2, 3, 8.

  •   Panyicingan Gusti: Gusti cicing di alam roh. Ieu téh béda jeung dunya urang nu bisa ditempo. Di alam roh éta, Gusti boga ’tempat linggih di sawarga’. (1 Raja 8:30) Kitab Suci nyaritakeun yén dina hiji waktu, mahluk-mahluk roh ”ngadeuheus ka payuneun PANGERAN”. a Éta hartina Gusti cicing di hiji tempat.—Ayub 1:6.

Lamun Gusti teu aya di sagala tempat, na Anjeunna bisa merhatikeun manusa hiji-hiji?

 Bisa. Gusti nyaah pisan ka urang masing-masing. Sanajan Anjeunna aya di alam roh, Gusti merhatikeun jalma-jalma di bumi nu bener-bener hayang nyobat jeung Anjeunna. Gusti gé bakal nulungan maranéhna. (1 Raja 8:39; 2 Babad 16:9) Kumaha Gusti Yéhuwa nunjukkeun perhatiana-Na ka umat-Na nu satia?

  •   Waktu urang ngadoa: Yéhuwa langsung ngadéngékeun doa urang waktu urang ngadoa kénéh.—2 Babad 18:31.

  •   Waktu urang strés pisan: ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”—Jabur 34:19.

  •   Waktu urang butuh bingbingan: Yéhuwa méré ”papatah, keur pilampaheun [urang]” liwat Firman-Na, Alkitab.—Jabur 32:8.

Kasalahpahaman yén Gusti Allah aya di mana-mana

 Kasalahpahaman: Gusti aya dina unggal ciptaana-Na.

 Fakta: Gusti henteu cicing di Bumi atawa di hiji tempat di jagat raya. (1 Raja 8:27) Mémang bener, béntang-béntang jeung ciptaana-Na nu séjén téh ”ngebrehkeun kamulyaan Allah”. (Jabur 19:2) Tapi saperti tukang gambar henteu cicing di jero gambarna, Gusti ogé henteu cicing dina ciptaana-Na. Sanajan kitu, hiji gambar bisa nyaritakeun loba hal ngeunaan jalma nu ngagambarna. Sarupa kitu, ciciptaan Gusti nu katénjo téh bisa nyaritakeun ngeunaan ”sipat-sipat [Gusti], — sanajan [Gusti] teu bisa katenjo”. (Rum 1:20, Sunda Formal) Misalna, urang bisa ngarti yén Gusti téh boga kawasa, bijaksana, jeung nyaah ka urang.

 Kasalahpahaman: Supaya bisa nyaho jeung merhatikeun sagala hal, Gusti kudu aya di sagala tempat.

 Fakta: Roh suci téh nyaéta kawasa nu dipiboga ku Gusti. Ku roh suci-Na, Gusti bisa nyaho jeung ngalakukeun sagala hal di mana waé jeung iraha waé. Anjeunna teu kudu pundah-pindah.—Jabur 139:7, Terjemahan Dunia Baru.

 Kasalahpahaman: Jabur 139:8 nunjukkeun yén Gusti aya di mana-mana. Ceuk ayat éta, ”Ngungsi ka langit, Gusti aya di dinya, nyempod ka alam maot, Gusti aya di dinya.”

 Fakta: Ayat ieu lain keur ngabahas tempat panyicingan Gusti. Ieu téh ngan puisi nu ngajarkeun yén Gusti bisa nulungan urang, teu sual urang aya di mana.

a Dina Kitab Suci, PANGERAN téh gelar keur Gusti Allah nu nami-Na Yéhuwa.