Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Henteu Jadi Jalma nu Telenges Deui”

”Abdi Henteu Jadi Jalma nu Telenges Deui”
  • Lahir Taun: 1956

  • Nagri Asal: Kanada

  • Kasang Tukang: Ngarasa kuciwa, hirupna cabul, jeung telenges

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi lahir di kota Calgary di Alberta, Kanada. Basa orok kénéh, kolot abdi pepegatan. Tuluy, abdi jeung si Mamah pindah ka imah aki nini. Aki nini abdi téh mani nyaah ka abdi jeung si Mamah. Basa éta abdi bener-bener bagja. Abdi masih inget, éta téh taun-taun anu tenang jeung pikaresepeun.

 Basa umur tujuh taun, hirup abdi jadi susah. Harita si Mamah kawin deui jeung si Bapa tuluy abdi sakulawarga pindah ka St. Louis, Missouri, Amerika Serikat. Basa éta abdi karék apal si Bapa téh jalma nu telenges. Contona, waktu abdi balik ka imah dina poé kahiji abdi sakola, manéhna apaleun abdi teu ngabales waktu di-bully. Si Bapa kalah ka ambek tuluy neunggeul abdi leuwih tarik ti batan babaturan abdi di sakola! Éta bener-bener nanceb dina haté abdi. Jadi basa umur tujuh taun, abdi mulai gelut jeung budak séjén.

 Mamah keuheul ku sabab si Bapa téh gedé ambek. Jadi, maranéhna sok paséa. Basa umur 11 taun, abdi mulai nyalahgunakeun alkohol jeung narkoba. Lila-lila abdi jadi beuki telenges jeung sok gelut di jalan. Basa abdi lulus SMA, abdi geus bener-bener jadi jalma nu telenges.

 Waktu umur 18 taun, abdi ngagabung di Korps Marinir Amerika Serikat. Di ditu, abdi jadi beuki telenges lantaran dilatih pikeun maéhan jalma. Sanggeus lima taun, abdi kaluar tina dines militér. Lantaran hayang digawé di Biro Penyelidikan Federal (FBI), abdi mulai diajar psikologi. Abdi asup ka hiji universitas di Amerika Serikat tuluy kuliahna diteruskeun di Kanada.

 Basa kuliah, abdi bener-bener kuciwa ka dunya ieu. Jalma-jalma siga ngan mentingkeun dirina sorangan. Salian ti éta, hirup di dunya téh mani euweuh tujuan jeung masalah manusa téh sigana euweuh jalan kaluarna. Abdi geus teu percaya deui mun manusa bisa nyieun dunya ieu jadi leuwih hadé.

 Ku sabab teu boga tujuan hirup, kahirupan abdi téh ngan dipaké keur nyalahgunakeun alkohol jeung narkoba, ngagunakeun sagala cara pikeun néangan duit, sarta ngalampahkeun hal-hal cabul. Nu dipikiran ku abdi téh ngan pésta jeung pésta deui, awéwé jeung awéwé deui. Ku sabab dilatih di militér, abdi jadi wanian jeung sering gelut. Abdi ngarasa geus nyaho mana nu bener jeung mana nu salah, jadi lamun ningali aya nu teu adil ka batur, ku abdi bakal dilawan. Tapi sabenerna, abdi ngan jalma nu telenges.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Hiji poé, abdi jeung babaturan keur télér ku narkoba di ruang bawah tanah imah abdi, bari nyiapkeun ganja nu rék disulundupkeun. Tuluy, abdi ditanya, percaya ka Gusti atawa henteu. Abdi ngajawab, ”Lamun mémang bener Gusti nu nyababkeun kasangsaraan di dunya, aing mah embung wawuh!” Isukanana, dina poé mimiti abdi digawé di tempat nu anyar, batur gawé abdi nu Saksi Yéhuwa nanya ka abdi, ”Ceuk manéh, Allah kitu nu nyababkeun kasangsaraan di dunya ieu?” Abdi reuwas ku sabab éta pananya pas pisan, jadi abdi hayang nyaho leuwih loba. Salila genep bulan, abdi duaan osok diskusi. Manéhna ngagunakeun Alkitab pikeun ngajawab pananya-pananya abdi ngeunaan kahirupan nu can kajawab.

 Basa éta abdi saimah jeung tunangan abdi, tapi lamun abdi nyaritakeun naon nu geus diajarkeun ka abdi, manéhna embung ngadéngékeun. Hiji poé, abdi méré nyaho manéhna yén abdi ngondang Saksi datang ka imah pikeun diajar Alkitab babarengan. Isukanana basa balik digawé, abdi ningali imah téh geus kosong, kabéh barang dibawaan ku tunangan abdi. Manéhna indit ninggalkeun abdi. Abdi kaluar imah jeung ceurik. Abdi ngadoa ka Gusti ménta tulung. Éta mimitina abdi ngagunakeun nami Allah Yéhuwa dina doa.—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru.

 Dua poé sanggeusna, abdi mulai diajar Alkitab jeung sapasang Saksi. Sanggeus maranéhna indit, abdi neruskeun deui maca buku nu dipaké keur diajar Alkitab, nyaéta buku Saudara Dapat Hidup Kekal dalam Firdaus di Bumi. * Sapeupeuting, abdi maca buku éta nepi ka béak. Pangajaran ngeunaan Allah Yéhuwa jeung Putra-Na, Yésus Kristus, asup kana haté. Abdi karék apal Yéhuwa téh welas asih jeung Mantenna milu nalangsa lamun urang nalangsa. (Yesaya 63:9) Nu paling nanceb kana haté mah kanyaah Gusti ka abdi jeung pangorbanan Putra-Na demi abdi. (1 Yohanes 4:10) Abdi nyimpulkeun yén Yéhuwa téh sabar ka abdi ku sabab ”kahoyong-Na manusa teh tarobat kabeh tina dosana, sabab Mantenna henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan”. (2 Petrus 3:9) Abdi ngarasa Yéhuwa téh hayang abdi jadi sobat-Na.—Yohanes 6:44.

 Dina minggu éta, abdi ngamimitian datang ka pasamoan. Basa éta, buuk abdi gondrong, ceuli dianting, jeung pikasieuneun. Tapi para Saksi balalageur ka abdi, siga karék papanggih jeung dulur jauh. Maranéhna bener-bener urang Kristen sajati. Mani asa waas, kaayaanana siga keur di imah aki nini baheula.

 Teu lila, pangajaran Alkitab ngarobah hirup abdi. Buuk abdi dicukur, abdi teu ngalampahkeun hal-hal cabul deui, sarta eureun nyalahgunakeun narkoba jeung alkohol. (1 Korinta 6:9, 10, Sunda Formal; 11:14) Abdi hayang nyenangkeun Yéhuwa. Jadi waktu apal Yéhuwa téh teu resep kana lalampahan abdi, abdi teu pernah ngabéla diri. Malah, abdi sok ngarasa kaduhung. Abdi ngomong ka diri sorangan, ’Aing teu bisa siga kieu terus.’ Abdi teu asa-asa ngarobah cara pikir jeung laku lampah abdi. Hasilna, abdi ngarasakeun mangpaat tina ngalampahkeun kahoyong Yéhuwa. Dina 29 Juli 1989, genep bulan sanggeus mimiti diajar Alkitab, abdi dibaptis jadi saurang Saksi-Saksi Yéhuwa.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Alkitab geus ngabantu abdi ngarobah sipat-sipat abdi. Baheula, abdi sok ngaladénan jalma nu ngajak gelut. Tapi ayeuna, abdi ngupayakeun jadi jalma nu ”akur jeung saha bae”. (Rum 12:18) Abdi sadar ieu téh lain upaya abdi sorangan. Abdi nganuhunkeun ka Yéhuwa pikeun kawasa Firman-Na jeung roh suci-Na nu geus ngarobah hirup abdi.—Galata 5:22, 23; Ibrani 4:12.

 Ti batan hirup abdi dipaké keur nyalahgunakeun narkoba, telenges ka batur, jeung ngalampahkeun nu cabul, ayeuna abdi sabisa-bisana nyenangkeun Allah Yéhuwa jeung méré nu panghadéna. Éta kaasup ngabantu batur kenal ka Mantenna. Sababaraha taun sanggeus dibaptis, abdi pindah ka nagri nu kalolobaan jalmana can ngadéngé ngeunaan Yéhuwa. Salila mangtaun-taun, abdi ngarasakeun bungahna ngajar batur jeung ningali kahirupan maranéhna jadi leuwih hadé ku bantuan Alkitab. Abdi ogé bungah pisan lantaran si Mamah ayeuna jadi Saksi Yéhuwa. Salah sahiji hal nu ngageuing si Mamah nyaéta ningali parobahan alus tina laku lampah abdi.

 Dina taun 1999, di El Salvador, abdi lulus ti sakola nu ayeuna disebut Sekolah bagi Penginjil Kerajaan. Sakola éta ngalatih abdi supaya bisa ngatur kagiatan panginjilan sarta ngajar jeung nguatkeun sidang. Dina taun éta kénéh, abdi nikah jeung Eugenia, istri abdi nu dipikanyaah. Abdi duaan babarengan nginjil sapinuh waktu di Guatemala.

 Ti batan ngarasa kuciwa, ayeuna mah abdi bener-bener bagja. Pangajaran Alkitab ngabantu abdi bébas ti hal-hal cabul jeung katelengesan. Abdi gé bisa ngarasakeun kanyaah nu sajati jeung hirup tengtrem.

^ Saksi-Saksi Yéhuwa ayeuna sering ngagunakeun buku Hirup Bagja Salilana! pikeun diskusi Alkitab.