Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Abdi Gedé Ambek”

”Abdi Gedé Ambek”
  • Lahir Taun: 1975

  • Nagri Asal: Meksiko

  • Kasang Tukang: Barangasan; narapidana

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Abdi lahir di San Juan Chancalaito, kota leutik di nagara bagian Chiapas, Meksiko. Kulawarga abdi urang Chol, salah sahiji sélér bangsa turunan Maya. Kolot abdi boga 12 budak, abdi nu kalima. Basa keur leutik kénéh, abdi sarta adi lanceuk diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Hanjakalna, harita abdi teu ngalarapkeun naséhat-naséhat Alkitab.

 Basa umur 13 taun, abdi mulai maké narkoba jeung puak-paok. Pas umur sakitu gé, abdi indit ti imah jeung pipindahan. Basa umur 16 taun, abdi digawé di kebon ganja. Hiji peuting kira-kira sataun ti harita, waktu rék ngirim ganja dina jumlah gedé maké parahu, bandar narkoba saingan nyerang jeung némbakan. Abdi kabur ku cara ngajleng ka walungan jeung ngojay nepi ka hilir. Sanggeusna, abdi kabur ka Amerika Serikat.

 Di Amerika, abdi neruskeun bisnis narkoba jeung meunang leuwih loba masalah. Basa umur 19, abdi ditéwak jeung dipanjarakeun lantaran ngarampog jeung ampir maéhan jelema. Di panjara, abdi jadi anggota géng jeung ngalampahkeun loba katelengesan. Balukarna, abdi dipindahkeun ka panjara nu dijaga leuwih ketat di Lewisburg, Pennsylvania.

 Di panjara Lewisburg, kalakuan abdi nu goréng jadi beuki goréng. Lantaran abdi geus boga tato géng, abdi langsung ngagabung jeung géng nu sarua nu aya di panjara éta. Abdi jadi leuwih telenges deui sarta sering ribut jeung batur. Sakali waktu géng abdi béntrok jeung géng séjén. Urang gelut bébéakan nepi ka maké tongkat baseball jeung barbel. Nu jaga panjara nyemprotkeun gas air mata supaya béntrokanana eureun. Sanggeus éta, abdi dipindahkeun ka sél husus keur narapidana nu paling bahaya. Abdi téh gedé ambek jeung osok ngomong kasar. Abdi gé hampang leungeun. Tapi, abdi resep ngalampahkeunana jeung tara kaduhung.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Dina sél husus, ampir sapoéan abdi teu meunang kaluar, jadi abdi maca Alkitab sangkan teu bosen. Terus, saurang sipir awéwé méré buku Saudara Dapat Hidup Kekal dalam Firdaus di Bumi. * Salila maca buku ieu, abdi jadi inget deui hal-hal nu geus diajarkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa tina Alkitab waktu abdi leutik kénéh. Abdi mikir yén lantaran telenges, hirup abdi jadi sakitu ruksak jeung sangsarana. Abdi ogé inget ka kulawarga. Hiji lanceuk jeung hiji adi awéwé geus jadi Saksi Yéhuwa, abdi jadi mikir, ’Maranéhna bisa hirup abadi. Abdi gé pasti bisa.’ Ti harita, abdi jadi boga tékad pikeun barobah.

 Abdi sadar abdi butuh bantuan pikeun barobah. Jadi mimitina, abdi ngadoa ka Allah Yéhuwa nyuhunkeun bantuan. Terus, abdi nyuratan kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa di Amerika Serikat ménta diajar Alkitab. Kantor cabang ngatur sangkan sidang nu pangdeukeutna ngontak abdi. Harita, abdi teu meunang narima tamu salian ti kulawarga. Jadi, saurang Saksi ti sidang éta ngirim surat nu ngagedékeun haté jeung publikasi Alkitab. Tékad abdi pikeun barobah jadi beuki kuat.

 Abdi nyieun putusan nu gedé basa rék kaluar ti géng padahal abdi geus mangtaun-taun ngagabung. Pamingpin géngna aya di sél husus ogé, jadi waktu istirahat di luar, abdi nyampeurkeun manéhna tuluy ngomong abdi rék jadi Saksi Yéhuwa. Teu disangka manéhna ngomong, ”Lamun manéh sérius mah, pék baé. Aing moal pipilueun lamun urusan jeung Allah. Tapi, lamun kaluar lantaran alesan séjén, manéh nyaho akibatna.”

 Dua taun sanggeusna, staf panjara merhatikeun parobahan abdi. Maranéhna jadi leuwih bageur. Misalna, abdi teu diborgol deui ku sipir waktu dikawal kaluar ti sél mun rék mandi. Salah saurang sipir malahan nyampeurkeun jeung ngajurung abdi pikeun terus barobah. Taun panungtungan abdi di panjara, abdi dipindahkeun ka panjara nu teu pati dijaga ketat di deukeut panjara utama. Taun 2004, sanggeus sapuluh taun dipanjara, abdi dibébaskeun jeung didéportasi ka Meksiko maké beus panjara.

 Sanggeus nepi di Meksiko, abdi langsung néangan Balé Karajaan Saksi-Saksi Yéhuwa. Dina pasamoan nu mimiti, abdi maké saragam panjara lantaran éta hiji-hijina baju nu layak dipaké. Sanajan baju abdi kitu, para Saksi soméah ngabagéakeun abdi. Waktu abdi ngarasakeun sakumaha bageurna maranéhna, abdi ngarasa aya di antara urang Kristen sajati. (Yohanes 13:35) Dina pasamoan éta, para kokolot ngatur sangkan abdi meunang palajaran Alkitab nu rutin. Abdi dibaptis jadi Saksi Yéhuwa sataun sanggeusna nyaéta tanggal 3 Séptémber 2005.

 Dina Januari 2007, abdi ngawula sabagé palayan sapinuh waktu, ngagunakeun 70 jam unggal bulan pikeun ngajarkeun Alkitab ka batur. Dina taun 2011, abdi lulus ti Sekolah Alkitab bagi Saudara Lajang (ayeuna disebut Sekolah bagi Penginjil Kerajaan). Sakola ieu ngabantu abdi pikeun ngajalankeun tanggung jawab di sidang.

Ayeuna abdi resep ngajar batur pikeun rukun

 Taun 2013, abdi kawin jeung Pilar, pamajikan abdi nu dipikanyaah. Bari heureuy manéhna ngomong yén manéhna teu percaya baheula abdi siga kitu. Abdi teu pernah balik deui ka gaya hirup abdi baheula. Abdi jeung pamajikan percaya yén abdi nu ayeuna téh bukti kawasa Alkitab bisa ngarobah kahirupan.​—Rum 12:2.

MANGPAATNA KEUR ABDI

 Abdi ngarasakeun benerna kekecapan Yésus di Lukas 19:10, ”[Abdi] pang sumping teh rek neangan jeung nyalametkeun jelema nu leungit.” Abdi teu ngarasa sasab deui. Abdi ogé teu nyilakakeun batur deui. Untung abdi diajar Alkitab, ayeuna abdi boga tujuan hirup nu pangmulyana, akur jeung batur, sarta nu pangpentingna, abdi bisa nyobat jeung Yéhuwa, Pribadi Nu Nyipta.

[CATETAN HANDAP]

^ Buku ieu dipedalkeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa tapi geus teu dicitak deui. Ayeuna, buku utama keur diajar Alkitab téh nyaéta Hirup Bagja Salilana!