Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Percaya ka Perjangjian Lawas?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa Percaya ka Perjangjian Lawas?

 Tangtu. Saksi-Saksi Yéhuwa percaya yén Alkitab ”sagemblengna wahyu ti Allah, sarta mangpa’at”. (2 Timoteus 3:16) Ieu kaasup bagian nu biasa disebut Perjangjian Lawas jeung Perjangjian Anyar. Saksi-Saksi Yéhuwa nyebut bagian-bagian Alkitab ieu sabagé Kitab-Kitab Ibrani jeung Kitab-Kitab Yunani Kristen. Ku kituna, moal aya anggapan yén sababaraha bagian Alkitab geus tinggaleun jaman atawa teu cocog deui.

Ku naon boh Perjangjian Lawas boh Perjangjian Anyar penting keur urang Kristen?

 Rasul Paulus dibingbing ku Allah pikeun nulis, ”Anu ditulis dina Kitab Suci teh kabeh oge maksudna ngajar urang.” (Rum 15:4) Jadi, aya katerangan nu penting pikeun urang dina Kitab-Kitab Ibrani. Di antarana, éta kitab-kitab ngamuat sajarah penting jeung naséhat nu mangpaat.

  •   Sajarah penting. Kitab-Kitab Ibrani ngamuat catetan nu rinci ngeunaan ciptaan sarta kumaha manusa bisa boga dosa. Mun teu aya katerangan ieu, urang moal bakal nyaho jawaban tina pananya saperti: Kumaha asal-usul manusa? Ku naon manusa bisa maot? (Kajadian 2:7, 17) Kitab-Kitab Ibrani ogé nyaritakeun kumaha Yéhuwa nulungan jalma-jalma nu parasaanana sarua jeung urang.—Yakobus 5:17.

  •   Naséhat nu mangpaat. Kitab Siloka jeung Pandita, nyaéta bagian tina Kitab-Kitab Ibrani, eusina naséhat nu teu pernah tinggaleun jaman. Misalna, aya naséhat ngeunaan carana boga kulawarga nu bagja (Siloka 15:17), boga pandangan nu saimbang ngeunaan pagawéan (Siloka 10:4; Pandita 4:6), jeung carana budak ngora bisa bagja (Pandita 11:9–12:1).

 Urang ogé bisa meunang mangpaat tina Hukum Musa nu dicatet dina Torét (lima buku mimiti dina Alkitab). Sanajan urang Kristen teu wajib ngajalankeun hukum ieu, prinsip-prinsipna bisa ngabantu urang bagja dina kahirupan.—Imamat 19:18; Pamindo 6:5-7.