Roma 15:1-33

  • Kudu silih tarima cara Al-Masih (1-13)

  • Paulus, palayan keur bangsa-bangsa (14-21)

  • Rencana perjalanan Paulus (22-33)

15  Urang nu kuat kudu nanggung kalemahan jalma-jalma nu teu kuat imanna, ulah nyenangkeun diri sorangan.  Urang masing-masing kudu nyenangkeun sasama jeung nyieun kahadéan supaya maranéhna kuat.  Pan Al-Masih gé teu nyenangkeun dirina sorangan, sakumaha ayat nu nyebutkeun ngeunaan manéhna, ”Hinaan jalma-jalma nu ditujukeun ka Gusti keunana ka abdi.”  Sakabéh ayat nu ditulis baheula téh ditulis keur ngajar urang. Urang jadi boga harepan lantaran ayat-ayat éta nguatkeun urang jeung ngabantu urang tabah.  Tah, mugia Allah nu nguatkeun sarta ngabantu aranjeun tabah, ngabantu ogé aranjeun boga pikiran sarta sikep nu sarua jeung Isa Al-Masih.  Ku kituna, aranjeun bisa ngahiji jeung sasora dina ngamulyakeun Allah, nyaéta Bapana Isa Al-Masih Juragan urang.  Jadi, aranjeun kudu silih tarima* cara Al-Masih narima aranjeun, supaya Allah dimulyakeun.  Kuring ngabéjaan, Al-Masih téh ngalalayanan urang Yahudi* pikeun némbongkeun yén kekecapan Allah salawasna bener, jeung pikeun ngabuktikeun yén jangji-jangji-Na ka karuhun maranéhna téh bener.  Ieu gé supaya bangsa-bangsa séjén ngamulyakeun Allah nu geus némbongkeun welas asih-Na, sakumaha aya ayat nu nyebutkeun, ”Éta sababna abdi rék ngagung-ngagungkeun Gusti di antara bangsa-bangsa, jeung rék ngawihkeun pupujian keur nami Gusti.” 10  Ayat séjén nyebutkeun, ”Bangsa-bangsa, sing galumbira bareng jeung umat Allah.” 11  Ceuk ayat séjénna deui, ”Puji Yéhuwa, hé sakabéh bangsa. Puji Anjeunna, hé sakabéh suku bangsa.” 12  Terus ceuk Yésaya, ”Ti kulawarga* Isai, engké muncul saurang anu bakal ngawasaan bangsa-bangsa. Manéhna bakal jadi pangharepan bangsa-bangsa.” 13  Mugia Allah, nu méré harepan, ngalimpahkeun kabungah jeung katengtreman ka aranjeun lantaran aranjeun percaya ka Anjeunna, supaya harepan aranjeun jadi beuki kuat ku kakuatan ti kawasa suci. 14  Dulur-dulur, kuring yakin aranjeun téh bageur pisan, boga loba pangaweruh, jeung bisa silih papatahan.* 15  Tapi, aya hal-hal nu jéntré dituliskeun ku kuring pikeun ngingetan aranjeun. Ieu téh lantaran Allah geus némbongkeun welas asih nu taya bandingna* ka kuring, 16  supaya kuring jadi palayan Isa Al-Masih pikeun nguarkeun warta hadé ti Allah ka bangsa-bangsa. Kuring getol ngalakukeun tugas suci ieu ngarah maranéhna ditarima ku Allah, siga kurban nu disucikeun ku kawasa suci. 17  Kuring bungah lantaran jadi murid Isa Al-Masih jeung ngalakukeun tugas ti Allah. 18  Kuring moal nyaritakeun nu séjén-séjén. Nu bakal dicaritakeun ku kuring mah ngan naon nu diucapkeun jeung dilampahkeun ku Al-Masih liwat kuring, supaya jalma-jalma ti bangsa séjén taat ka manéhna. 19  Maranéhna bisa taat téh ku lantaran tanda jeung mujijat nu dilakukeun ku kawasa suci Allah. Ku kituna, kuring bisa nguarkeun warta hadé ngeunaan Al-Masih, ngider ti Yérusalém nepi ka Ilirikum, euweuh nu kaliwat. 20  Tujuanana téh ngarah kuring teu nguarkeun warta hadé ka tempat-tempat nu jalmana geus nyaho ngaran Al-Masih. Ku kituna, kuring henteu neruskeun pagawéan nu geus dimimitian ku batur.* 21  Ieu luyu jeung ayat nu nyebutkeun, ”Jalma-jalma nu can dibéjaan ngeunaan manéhna bakal kenal ka manéhna, jeung jalma-jalma nu can pernah ngadéngé bakal ngarti.” 22  Éta sababna, kuring geus mangkali-kali teu jadi waé datang ka aranjeun. 23  Tapi ayeuna, kabéh tempat di daérah ieu geus diwawaran ku kuring, jeung geus mangtaun-taun kuring téh hayang pisan panggih jeung aranjeun. 24  Jadi mun engké kuring indit ka Spanyol, mudah-mudahan kuring bisa panggih jeung aranjeun. Sanggeus urang sosonoan sakeudeung, aranjeun bisa nganteurkeun kuring nepi ka sabagian perjalanan. 25  Tapi ayeuna, kuring rék indit heula ka Yérusalém rék ngalalayanan jalma-jalma suci di ditu, 26  sabab dulur-dulur di Makédonia jeung Akhaya resep méré sumbangan keur jalma-jalma suci nu miskin di Yérusalém. 27  Maranéhna resep méré sumbangan, malahan ngarasa boga hutang. Ieu téh lantaran jalma-jalma suci geus ngabagikeun hal-hal rohani ka maranéhna. Ku kituna, maranéhna ngarasa wajib nyumbangkeun hartana. 28  Jadi engké, sanggeus bérés masrahkeun sumbangan ieu ka jalma-jalma suci, kuring rék ka Spanyol bari nyimpang ka aranjeun. 29  Kuring yakin, waktu panggih jeung aranjeun, kuring bakal mawa loba berkah ti Al-Masih. 30  Dulur-dulur, lantaran urang sarua boga iman ka Juragan urang Isa Al-Masih jeung boga kanyaah nu asalna ti kawasa suci, kuring ménta supaya aranjeun bareng jeung kuring husu ngadoa ka Allah demi diri kuring, 31  ngarah kuring diluputkeun ti jalma-jalma nu teu percaya di Yudéa, jeung ngarah palayanan kuring keur jalma-jalma suci di Yérusalém bisa katarima. 32  Ku kituna, lamun dikersakeun ku Allah, kuring bisa panggih jeung aranjeun bari suka bungah, jeung urang bisa silih gedékeun haté. 33  Mugia aranjeun disarengan ku Allah nu méré katengtreman. Amin.

Catetan Tambihan

Atawa ”silih sambut”.
As. ”jalma-jalma nu disunat”.
As. ”akar”.
Atawa ”silih ajar”.
As. ”henteu ngabangun di luhureun pondasi batur”.