Pindah kana eusi

Na Saksi Yéhuwa téh Ngahijikeun Kulawarga atawa Nyieun Kulawarga Papecah?

Na Saksi Yéhuwa téh Ngahijikeun Kulawarga atawa Nyieun Kulawarga Papecah?

 Saksi-Saksi Yéhuwa hayang kulawarga-kulawarga ngahiji ku sabab urang ngahormat Gusti salaku Nu Nyiptakeun kulawarga. (Kajadian 2:21-24; Epesus 3:14, 15) Dina Kitab Suci, Gusti ngajarkeun prinsip-prinsip nu geus ngabantu jalma-jalma di sakuliah dunya boga perkawinan nu kuat jeung bagja.

Kumaha Saksi-Saksi Yéhuwa Ngabantu Kulawarga Jadi Leuwih Ngahiji?

 Urang sabisa-bisa nuturkeun naséhat Kitab Suci lantaran éta ngabantu urang jadi salaki, pamajikan, jeung kolot nu leuwih hadé. (Siloka 31:10-31; Epesus 5:22–6:4; 1 Timoteus 5:8) Malahan mah, naséhat ti Kitab Suci bisa ngabantu ngahijikeun kulawarga nu anggotana boga agama nu béda-béda. (1 Petrus 3:1, 2) Perhatikeun pangalaman sababaraha jalma nu batur hirupna téh jadi Saksi Yéhuwa:

  •   ”Salila genep taun babarengan, urang téh paséa waé. Mani lieur pisan. Tapi sanggeus Ivete jadi Saksi Yéhuwa, manéhna téh jadi leuwih nyaahan jeung sabar. Lantaran manéhna barobah, urang jadi tara paséa deui jeung perkawinan jadi leuwih bagja.”​—Clauir, ti Brazil.

  •   ”Abdi teu resep basa salaki abdi, Chansa, diajar Kitab Suci jeung Saksi Yéhuwa. Abdi hariwang mun engké kulawarga abdi jadi papecah. Tapi geuningan, justru Alkitab téh ngabantu perkawinan urang.”​—Agness, ti Zambia.

 Waktu ngawawar, urang ngabantu batur ngalarapkeun naséhat tina Kitab Suci pikeun

Na pindah agama téh mawa masalah dina kulawarga?

 Sakapeung mah mémang enya. Contona dina taun 1988, lembaga risét nu ngaranna Sofres ngayakeun survéi keur sababaraha pasangan. Hasil survéina nyebutkeun, 1 ti 20 perkawinan nyanghareupan masalah nu gedé basa pasanganana jadi Saksi.

 Yésus ngaramalkeun yén saha waé nu nuturkeun pangajaranana bakal ngalaman masalah dina kulawarga. (Mateus 10:32-36) Ahli sajarah Will Durant nyebutkeun yén di Impérium Roma baheula, ”Kakristenan sok disalahkeun nyieun kulawarga papecah.” a Kiwari sababaraha Saksi Yéhuwa gé nyanghareupan masalah nu sarua. Na ieu hartina Saksi Yéhuwa nu nyababkeun kulawarga papecah?

Mahkamah Eropa untuk Hak Asasi Manusia

 Waktu Saksi-Saksi Yéhuwa dituduh mecah-beulah kulawarga, Mahkamah Eropa untuk Hak Asasi Manusia nyebutkeun yén anggota kulawarga nu lain Saksi téh sering nyieun masalah lantaran embung ”narima jeung ngahormat kabébasan anggota kulawargana dina ngajalankeun agamana”. Éta Mahkamah nambahkeun, ”Hal ieu téh geus lumrah dina kulawarga nu anggota na béda agama, kaasup Saksi-saksi Yéhuwa.” b Sanajan batur teu ngahargaan kapercayaanana, Saksi-Saksi Yéhuwa mah sabisa-bisa tetep nuturkeun naséhat Kitab Suci, ”Nu goreng ulah dibales ku goreng. . . . sing sabisa-bisa neangan pijalaneun akur jeung saha bae.” ​—Rum 12:17, 18

Alesanna Saksi-Saksi Yéhuwa Kudu Kawin jeung Nu Saiman

 Saksi-Saksi Yéhuwa taat kana paréntah Kitab Suci yén kawin téh ”kudu ka urang Kristen keneh”, nyaéta kawin jeung nu saiman. (1 Korinta 7:​39) Paréntah ieu dumasar kana Kitab Suci, jeung aya mangpaatna. Contona, hiji artikel dina Journal of Marriage and Family taun 2010 nyebutkeun kieu, ”Salaki pamajikan nu saiman jeung ibadahna babarengan” biasana boga hubungan anu leuwih hadé jeung kuat. c

 Tapi, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngajurung batur pikeun ninggalkeun batur hirupna nu lain Saksi. Ceuk Kitab Suci, ”Lamun salakina Kristen, pamajikanana lain tapi daek hirup babarengan, ulah diserahkeun. Lamun pamajikanana Kristen, lalakina lain tapi daek hirup babarengan, ulah menta pepegatan.” (1 Korinta 7:​12, 13) Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun paréntah ieu.

a Tingali Caesar and Christ, kaca 647.

b Tingali putusan kasus Saksi-Saksi Yehuwa Moskwa dan Yang Lainnya vs Rusia, kaca 26-​27, paragraf 111.

c Lihat Journal of Marriage and Family, Jilid 72, Nomor 4, (Agustus 2010), kaca 963.