Pindah kana eusi

Ucapkeun Nyaah ka Kulawarga

Ucapkeun Nyaah ka Kulawarga

 Ong-Li téh salah saurang sadérék istri ti Bulgaria. Manéhna ngajarkeun Alkitab ka saurang awéwé nu ngaranna Zlatka. Salakina Zlatka henteu diajar Alkitab. Ong-Li nyarita, ”Waktu ngabahas ngeunaan kulawarga, abdi nandeskeun pentingna ngomong nyaah ka salaki atawa ka budak. Zlatka neuteup abdi bari sedih, manéhna ngaku can pernah ngomong nyaah boh ka salakina boh ka budak awéwéna nu umur salapan taun.”

 Zlatka ngajelaskeun, ”Demi kulawarga, abdi daék dititah naon waé ogé, tapi ari ngomong nyaah mah abdi teu bisa.” Manéhna nambahkeun, ”Mamah teu pernah ngomong nyaah ka abdi, nini abdi ogé teu pernah ngomong nyaah ka Mamah.” Ong-Li tuluy nunjukkeun ka Zlatka yen Yéhuwa gé ngomong nyaah ka Yésus. (Matius 3:17) Ong-Li tuluy ngajurung Zlatka ngadoakeun hal éta ka Yéhuwa tuluy ngarencanakeun pikeun ngomong nyaah ka salaki jeung budakna.

 Ong-Li ngomong, ”Dua poé ti harita, Zlatka nyarita ka abdi bari bungah. Manéhna geus ngadoa ménta bantuan ka Yéhuwa. Jadi basa salakina balik ka imah, Zlatka ngomong ka salakina, manéhna geus diajar tina Alkitab pentingna ngahormat jeung nyaah ka salaki. Manéhna cicing sakeudeung tuluy ngomong yén manéhna nyaah pisan ka salakina! Terus basa budakna balik ka imah, budakna ditangkeup ku Zlatka tuluy manéhna ngomong nyaah ka budakna! Zlatka ngomong ka abdi, ’Asa plong téh, parasaan ieu geus dipendem mangtaun-taun. Ku bantuan Yéhuwa, abdi bisa ngomong nyaah ka kulawarga abdi.’”

Ong-Li terus nawarkeun palajaran Alkitab di daérahna.

 Ong-Li terus nyarita, ”Saminggu ti harita, abdi panggih jeung salakina Zlatka. Manéhna ngomong ka abdi, ’Loba nu ngomong kuduna mah Zlatka ulah diajar Alkitab jeung Ibu, tapi karasa pisan éta téh justru mawa mangpaat keur kulawarga abdi. Ayeuna abdi sakulawarga beuki raket jeung bagja.’”