Pindah kana eusi

Ku Naon Cara Saksi-Saksi Yéhuwa Ngayakeun Perjamuan Kudus Béda jeung Agama Séjén?

Ku Naon Cara Saksi-Saksi Yéhuwa Ngayakeun Perjamuan Kudus Béda jeung Agama Séjén?

 Waktu ngayakeun Perjamuan Kudus, Saksi-Saksi Yéhuwa bener-bener nuturkeun Alkitab. Jamuan ieu dikenal ogé sabagé ”Jamuan Gusti”, ”Jamuan Wengi Jungjunan”, atawa Pangéling-ngéling Pupusna Yésus. (1 Korinta 11:20) Tapi, loba garéja ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan ku cara nu teu luyu jeung Alkitab.

Tujuan

 Tujuan diayakeunana Jamuan Wengi Jungjunan téh supaya urang inget jeung ngahargaan naon nu geus dikorbankeun ku Yésus demi kapentingan urang. (Mateus 20:28; 1 Korinta 11:24) Ieu téh lain sakramén, atawa kagiatan agama nu tujuanana ngaberkahan jalma atawa ngahampura dosa saurang jalma. a Alkitab ngajarkeun yén dosa urang bisa dihampura lain ku ritual agama, tapi ku cara némbongkeun iman ka Yésus.—Rum 3:25; 1 Yohanes 2:1, 2.

Sakumaha sering?

 Yésus nitah murid-muridna pikeun terus ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan, tapi teu ngomong kudu sakumaha sering. (Lukas 22:19) Sababaraha ngarasa kudu ngayakeunana unggal bulan. Aya ogé nu ngarasa kudu ngayakeunana unggal minggu, unggal poé, sababaraha kali dina sapoé, atawa sasering-seringna. Tapi, aya sababaraha hal nu kudu dipikirkeun ku urang.

 Yésus téh ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan dina tanggal diayakeunana Paska Yahudi. Anjeunna maot dina poé éta kénéh. (Mateus 26:1, 2) Ieu téh lain kabeneran. Kitab Suci nyaruakeun korban Yésus jeung domba Paska. (1 Korinta 5:7, 8) Paska téh diayakeunana sataun sakali. (Budalan 12:1-6; Imamat 23:5) Ku kituna, Pangéling-ngéling Pupusna Yésus ogé diayakeunana sataun sakali ku urang Kristen abad kahiji. b Jadi, Saksi-Saksi Yéhuwa ogé nuturkeun conto nu aya dina Alkitab.

Tanggal jeung waktu

 Tina conto Yésus, urang diajar sakumaha sering Pangéling-ngéling kudu diayakeun, sarta tanggal jeung waktuna. Yésus ngayakeunana sanggeus panonpoé surup dina tanggal 14 Nisan 33 M, numutkeun kalénder dina jaman Alkitab. (Mateus 26:18-20, 26) Saperti urang Kristen abad kahiji, unggal taun Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun Pangéling-ngéling dina tanggal nu sarua. c

 Mémang dina taun 33 M, 14 Nisan téh poé Jumaah. Tapi, can tangtu 14 Nisan dina taun-taun saterusna téh poé Jumaah ogé. Pikeun nangtukeun tanggal 14 Nisan, Saksi-Saksi Yéhuwa teu ngitung maké kalénder Yahudi modéren, tapi ngagunakeun cara nu sarua siga cara di jaman Yésus. d

Roti jeung inuman anggur

 Pikeun jamuan anyar ieu, Yésus ngagunakeun roti nu teu diragian jeung inuman anggur beureum sésa jamuan Paska. (Mateus 26:26-28) Nuturkeun conto Yésus, urang ngagunakeun roti nu teu diragian atawa nu dicampur ku bahan séjén. Urang ogé ngagunakeun anggur beureum nu murni, lainna jus anggur atawa anggur nu geus digulaan, nu ditambahan bahan séjén, atawa nu dijieun leuwih tinggi kadar alkoholna.

 Sababaraha garéja ngagunakeun roti nu diragian, padahal ragi sering dilambangkeun sabagé dosa ku Alkitab. (Lukas 12:1; 1 Korinta 5:6-8; Galata 5:7-9) Ku kituna, ngan roti nu teu diragian atawa dicampur ku bahan séjén wungkul nu cocog pikeun ngalambangkeun awak Yésus nu teu dosa. (1 Petrus 2:22) Hal séjénna nu teu luyu jeung Alkitab nyaéta ngaganti inuman tina anggur murni ku jus anggur. Sababaraha garéja maké jus anggur lantaran maranéhna nyieun aturan nu teu luyu jeung Alkitab, nyaéta ngalarang nginum alkohol.—1 Timoteus 5:23.

Ngan saukur lambang, lainna daging jeung getih nu sabenerna

 Roti nu teu diragian jeung anggur beureum nu aya dina acara Pangéling-ngéling téh ngalambangkeun daging jeung getih Kristus. Teu siga anggapan sababaraha jalma, roti jeung anggur ieu teu robah sacara mujijat ngajadi daging jeung getih. Pikirkeun sababaraha hal nu dijelaskeun ku Kitab Suci.

  •   Lamun Yésus nitah murid-muridna nginum getihna, hartina anjeunna nitah maranéhna ngalanggar Hukum Allah nu ngalarang nginum getih. (Kajadian 9:4; Rasul 15:28, 29) Dina pandangan Allah, getih téh suci. Jadi, mustahil Yésus nitah murid-muridna ngalanggar Hukum Allah.—Yohanes 8:28, 29.

  •   Mustahil para rasul nginum getihna Yésus, sabab basa éta téh Yésus hirup kénéh. Basa éta, getih Yésus can dikucurkeun sabagé korban.—Mateus 26:28, NW.

  •   Yésus téh dikorbankeun ”ngan sakali jeung keur salalanggengna”. (Ibrani 9:25, 26) Jadi, lamun roti jeung anggur barobah jadi daging jeung getih Yésus dina Jamuan Wengi Jungjunan, éta hartina jalma-jalma nu ngadahar jeung nginum téh ngorbankeun Yésus leuwih ti sakali.

  •   Yésus ngomong, ”Lampahkeun saterusna pikeun ngingetkeun ka Kami”, lainna ”pikeun ngorbankeun Kami”.—1 Korinta 11:24.

 Loba nu percaya yén roti jeung anggur barobah ngajadi daging jeung getih Yésus lantaran sababaraha kecap dina Alkitab. Contona, dina loba tarjamahan Alkitab, kekecapan Yésus ngeunaan anggur ditarjamahkeun jadi, ”Ieu téh getih Kami”. (Mateus 26:28) Tapi, sabenerna kekecapan Yésus téh maksudna ”Ieu ngahartikeun getih Kami”, ”Ieu ngalambangkeun getih Kami”, atawa ”Ieu ngamaksudkeun getih Kami”. e Siga nu enggeus-enggeus, Yésus sering ngajar ngagunakeun misil.—Mateus 13:34, 35.

Saha waé nu bisa ngadahar roti jeung nginum anggur?

 Ngan saeutik nu ngadahar roti jeung nginum anggur waktu Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun Jamuan Wengi Jungjunan. Ku naon?

 Getih Yésus ngaganti perjangjian antara Allah Yéhuwa jeung bangsa Israil ku ”jangji nu anyar”. (Ibrani 8:10-13) Nu kalibet dina perjangjian ieu bisa milu ngadahar roti jeung nginum anggur dina acara Pangéling-ngéling. Jadi nu dimaksud téh lain kabéh urang Kristen, tapi ngan jalma-jalma ”anu geus disaur” ku Allah ku cara nu istiméwa. (Ibrani 9:15; Lukas 22:20) Jalma-jalma ieu bakal maréntah di sawarga bareng Kristus. Alkitab méré nyaho yén jumlahna téh ngan 144.000 jalma.—Lukas 22:28-30; Wahyu 5:9, 10; 14:1, 3.

 Jalma-jalma nu disaur ku Allah pikeun maréntah bareng jeung Yésus téh ”ngan saeutik”. Kalolobaan mah boga harepan pikeun jadi bagian tina ”jelema kacida lobana” nu bakal hirup langgeng di bumi. (Lukas 12:32; Wahyu 7:9, 10) Nu boga harepan hirup di bumi teu milu dahar jeung nginum dina acara Pangéling-ngéling, tapi maranéhna milu nganuhunkeun lantaran Yésus geus ngorbankeun nyawana pikeun maranéhna.—1 Yohanes 2:2.

a Numutkeun Cyclopedia karya McClintock jeung Strong, Jilid IX, kaca 212, istilah sakramén teu pernah muncul dina Perjangjian Anyar. Mémang, aya panarjamah Alkitab nu narjamahkeun kecap Yunani μυστήριον [my·steʹri·on] jadi sakramén. Sanajan kitu, kecap ieu tara digunakeun waktu ngabahas baptisan, Perjamuan Kudus, atawa kagiatan agama séjénna.

b Tingali The New Schaff-Herzog Encyclopedia of Religious Knowledge, Jilid IV, kaca 43-​44, sarta Cyclopedia karya McClintock jeung Strong, Jilid VIII, kaca 836.

c Tingali The New Cambridge History of the Bible, Jilid 1, kaca 841.

d Kalénder Yahudi modéren ngitung awal bulan Nisan tina munculna bulan anyar dumasar kana élmu astronomi. Tapi dina abad kahiji, awal bulan Nisan diitung ti saprak bulan anyar mimiti katingali di Yérusalém. Ku kituna, ieu bisa béda sapoé atawa leuwih ti bulan Nisan nu diitung maké cara élmu astronomi. Ku sabab éta, tanggal Saksi-Saksi Yéhuwa ngayakeun Pangéling-ngéling bisa béda jeung tanggal Paska urang Yahudi modéren.

e Tingali A New Translation of the Bible karya James Moffatt, The New Testament​—A Translation in the Language of the People karya Charles B. Williams, jeung The Original New Testament karya Hugh J. Schonfield.