Pindah kana eusi

Naha Enya Doa Bapa Kami téh Cara Ngadoa nu Paling Ditarima ku Allah?

Naha Enya Doa Bapa Kami téh Cara Ngadoa nu Paling Ditarima ku Allah?

Jawaban Alkitab

 Murid-murid Isa ménta supaya diajarkeun carana ngadoa. Ceuk maranéhna, ”Juragan, ajar urang kabéh carana ngadoa.” (Lukas 11:1) Jadi, Isa ngajarkeun Doa Bapa Kami pikeun jadi conto kumaha sakuduna urang ngadoa jeung naon nu kudu didoakeun. Tapi, Doa Bapa Kami téh lain hiji-hijina doa nu ditarima ku Allah. a Éta téh ngan conto siga kumaha doa anu didangukeun ku Allah.

Dina artikel ieu urang bakal ngabahas

 Naon eusi tina Doa Bapa Kami?

 Dina sababaraha tarjamahan Alkitab, Doa Bapa Kami nu dicatet dina Matius 6:9-13 ditulis ku kekecapan nu béda-béda. Ieu dua contona.

 Tarjamahan Dunya Anyar: ”Bapa nu di sorga, mugia nami Bapa disucikeun. Mugia Pamaréntahan Bapa geura ngawasa. Kahoyong Bapa mugia laksana di bumi saperti di sorga. Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun nu cukup keur poé ieu. Hampura dosa abdi, sakumaha abdi gé geus ngahampura dosa batur. Tulungan abdi supaya teu nyerah ka gogoda jeung leupaskeun abdi ti si jahat.”

 KITAB SUCI © LAI 1991: ”Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun. Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga. Mugi abdi dinten ieu dipaparin tedaeun nu picekapeun. Sareng hapunten kalelepatan abdi, sakumaha abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi. Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis.” b

 Naon hartina Doa Bapa Kami?

 Pangajaran Isa téh luyu jeung ayat-ayat dina Kitab Suci. Ku kituna, urang bisa ngarti Doa Bapa Kami lamun merhatikeun ayat-ayat séjénna dina Alkitab.

”Bapa nu di sorga”

 Allah téh cocok pikeun disebut ”Bapa” ku lantaran Anjeunna nyiptakeun jeung méré kahirupan ka urang.​—Yesaya 64:8.

”Mugia nami Bapa disucikeun”

 Nami Yéhuwa téh kudu dimulyakeun jeung disucikeun. Urang bisa ngamulyakeun nami Allah waktu urang nyarita ka batur ngeunaan sipat-sipat Anjeunna jeung kahoyong-Na.​—Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru; Yesaya 6:3.

”Mugia Pamaréntahan Bapa geura ngawasa”

 Pamaréntahan Allah téh maréntah ti sorga. Anu jadi Rajana téh Isa. Isa ngajarkeun urang supaya ngadoakeun pamaréntahan éta ngawasa di sakuliah dunya.​—Daniel 2:44; Wahyu 11:15.

”Kahoyong Bapa mugia laksana di bumi saperti di sorga”

 Di sorga téh euweuh nu jahat atawa nu maot. Kitu ogé, Allah hayang manusa téh hirup aman jeung tengtrem salilana di bumi.​—Jabur 37:11, 29.

”Abdi nyuhunkeun dipasihan tuangeun nu cukup keur poé ieu”

 Sing inget urang kudu ngandelkeun Nu Nyipta sabab ngan Anjeunna nu bisa nyadiakeun tuangeun jeung hal-hal séjénna supaya urang bisa terus hirup.​—Kisah 17:24, 25.

”Hampura dosa abdi, sakumaha abdi gé geus ngahampura dosa batur”

 Kabéh manusa téh boga dosa jeung butuh dihampura. Ku kituna, supaya urang dihampura ku Allah urang kudu réla ngahampura batur nu boga dosa ka urang.​—Matius 6:14, 15.

”Tulungan abdi supaya teu nyerah ka gogoda jeung leupaskeun abdi ti si jahat”

 Yéhuwa teu pernah ngagoda urang pikeun ngalakukeun nu salah. (Yakobus 1:13) Tapi urang téh digoda ku ”si jahat”, nyaéta Sétan si Iblis. (1 Yahya 5:19; Matius 4:1-4) Urang ménta tulung supaya teu kagoda jeung terus taat ka Anjeunna.

 Naha enya ngulang-ngulang Doa Bapa Kami téh cara nu bener pikeun ngadoa?

 Doa Bapa Kami nu diajarkeun ku Isa téh ngan saukur conto, teu kudu diulang-ulang. Saacan Isa ngajarkeun Doa Bapa Kami, Isa méré nyaho, ”Unggal ngadoa, ulah teterusan maké kekecapan nu sarua.” (Matius 6:7) Dina waktu séjénna, Isa ngajarkeun conto doa maké kekecapan nu béda.​—Lukas 11:2-4.

 Cara panghadéna pikeun ngadoa téh nyaéta urang kudu ngabudalkeun eusi haté urang.​—Jabur 62:9.

 Kumaha sakuduna urang ngadoa?

 Doa Bapa Kami téh conto doa nu alus supaya doa urang didangukeun ku Allah. Perhatikeun kumaha Doa Bapa Kami téh cocog jeung ayat-ayat dina Alkitab ngeunaan doa.

  •   Ngadoa ngan ka Allah

     Ceuk Alkitab: ”Tong hariwang ku nanaon. Tapi dina sagala hal, pék pénta bantuan Allah ku cara ngadoa jeung sasambat bari ngucap sukur.”​—Filipi 4:6.

     Hartina: Kecap ”Bapa nu di sorga” dina Doa Bapa Kami ngajarkeun yén urang sakuduna ngadoa ka Allah Yéhuwa hungkul, lain ka Isa, Mariam, atawa santo-santo.

  •   Doakeun hal-hal nu sajalan jeung kahoyong Allah

     Ceuk Alkitab: ”Sagala hal nu dipénta ku urang nu sajalan jeung kahayang Allah bakal didéngékeun ku Anjeunna.”​—1 Yahya 5:14.

     Hartina: Urang bisa ngadoakeun naon waé nu sajalan jeung kahoyong Allah. Dina Doa Bapa Kami aya kekecapan ”kahoyong Bapa mugia laksana”. Tina kekecapan ieu, Isa rék nunjukkeun yén kahoyong Allah téh penting pisan. Urang bisa diajar ngeunaan kahoyong Allah pikeun bumi jeung umat manusa ku cara diajar Alkitab.

  •   Ngadoakeun kabutuhan sorangan

     Ceuk Alkitab: ”Pasrahkeun kasusah maneh ka Allah, Mantenna tangtu ngaraksa; Mantenna moal ngantep jelema bener eleh.”​—Jabur 55:23.

     Hartina: Allah merhatikeun kabutuhan urang. Dina Doa Bapa Kami, Isa nyebutkeun sababaraha pangabutuh pribadi. Urang ogé bisa ngadoakeun kabutuhan sapopoé, ménta bingbingan supaya bisa nyieun putusan nu hadé, dikuatkeun waktu boga masalah, jeung ménta pangampura keur dosa-dosa urang. c

a Contona, Isa jeung murid-muridna pernah ngadoa maké kekecapan nu teu percis sarua jeung Doa Bapa Kami.​—Lukas 23:34; Filipi 1:9.

b Dina KITAB SUCI © LAI 1991 aya kekecapan: ”Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna. Amin.” Kekecapan ieu téh pujian keur Allah, nu disebut ogé doksologi. Kekecapan ieu aya ogé dina Alkitab-Alkitab séjénna. Tapi, ceuk The Jerome Biblical Commentary, ”Doksologi téh . . . teu aya dina kalolobaan [manuskrip] nu bisa dipercaya.”

c Jalma-jalma dosa nu butuh pangampura ti Allah meureun ngarasa teu layak pikeun ngadoa. Tapi Yéhuwa ngomong, ”Hayu urang béréskeun masalah di antara urang.” (Yesaya 1:18, Terjemahan Dunia Baru) Yéhuwa moal nolak jalma nu enya-enya néangan pangampura ti Anjeunna.