Pindah kana eusi

Naon jeung Saha ”Alfa jeung Oméga” téh?

Naon jeung Saha ”Alfa jeung Oméga” téh?

Jawaban Alkitab

 ”Alfa jeung Oméga”, nu dina Alkitab basa Sunda ditarjamahkeun jadi ”Nu Awal jeung Nu Ahir”, ngamaksudkeun Allah Yéhuwa, Pribadi Nu Mahakawasa. Istilah ieu muncul tilu kali dina Alkitab.​—Wahyu 1:8; 21:6; 22:13, Terjemahan Baru (TB). a

Ku naon Allah nyebut diri-Na sabagé ”Alfa jeung Oméga”?

 Alfa jeung oméga téh aksara nu mimiti jeung nu ahir dina alpabét Yunani. Basa Yunani digunakeun pikeun nulis bagian Alkitab nu biasana disebut Perjangjian Anyar, kaasup buku Wahyu. Dua aksara Yunani ieu digunakeun pikeun ngagambarkeun Yéhuwa sabagé Pribadi nu mimiti jeung nu ahir. (Wahyu 21:6, TB) Mantenna téh Allah Nu Mahakawasa nu geus aya ti baheula pisan jeung bakal terus jadi Allah Nu Mahakawasa salalanggengna. Ngan Mantenna nu ”langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna”.​—Jabur 90:2.

Saha ari ”nu awal jeung nu panutup” téh?

 Alkitab ngagunakeun istilah ieu pikeun Allah Yéhuwa jeung Putra-Na, Yésus, tapi hartina béda. Perhatikeun dua conto ieu.

  •   Di Yesaya 44:6, Yéhuwa nyarios, ”Kami teh anu mimiti, anu ahir, hiji-hijina Allah. Taya deui Allah jaba ti Kami.” Di dieu, Yéhuwa ngajéntrékeun yén Mantenna téh Allah nu sajati tur langgeng, sarta teu aya deui Allah nu séjén. (Pamindo 4:​35, 39) Dina ayat ieu, istilah ’anu mimiti jeung anu ahir’ hartina sarua jeung ”Alfa jeung Oméga”.

  •   Salian ti éta, istilah ”Nu Awal [pro’tos, lain alfa] jeung Nu Panutup [e’skha·tos, lain oméga]” disebutkeun di Wahyu 1:​17, 18 jeung 2:8. Dina ayat-ayat ieu, kontéksna némbongkeun yén pribadi nu disebutkeun téh maot tuluy hirup deui. Jadi, ayat-ayat ieu teu bisa ngamaksudkeun Allah lantaran Mantenna henteu bisa maot. (Habakuk 1:​12, Terjemahan Dunia Baru) Tapi ari Yésus mah pernah maot tuluy dihirupkeun deui. (Rasul 3:​13-​15) Anjeunna téh manusa nu awal nu dihirupkeun deui ka sawarga sabagé mahluk roh nu teu bisa maot. Anjeunna ayeuna ”hirup salalanggengna”. (Wahyu 1:​18; Kolosa 1:​18) Sanggeus éta, kabéh jalma nu maot dihirupkeun deui ku jalan Yésus. (Yohanes 6:​40, 44) Jadi, Yésus téh nu panutup nu dihirupkeun langsung ku Yéhuwa. (Rasul 10:40) Dina hal ieu, Yésus cocog pisan disebut ”Nu Awal jeung Nu Panutup”.

Naha Wahyu 22:13 ngabuktikeun yén Yésus téh ”Alfa jeung Oméga”?

 Henteu. Dina Wahyu pasal 22, aya sababaraha pribadi nu ngomong, tapi saha nu ngomong dina ayat 13 teu pati jelas. Waktu ngoméntaran bagian Wahyu ieu, Propésor William Barclay nulis, ”Susunan tulisanana téh teu jelas; . . . jeung hésé pisan pikeun mastikeun saha sabenerna nu keur ngomong.” (The Revelation of John, Jilid 2, Édisi Révisi, kaca 223) Ku kituna, ”Alfa jeung Oméga” di Wahyu 22:13 ngamaksudkeun Allah Yéhuwa lantaran di ayat-ayat séjén di buku Wahyu, gelar ieu dipasihkeun ka Mantenna.

a Istilah ieu muncul kaopat kalina di Wahyu 1:​11 dina Alkitab King James Version. Tapi, kalolobaan tarjamahan modéren teu ngamuat istilah ieu lantaran teu aya dina naskah Yunani nu pangheubeulna. Katingalina, éta ditambahkeun kana salinan Alkitab nu ka dieunakeun.