Pindah kana eusi

Disangka Pastor

Disangka Pastor

 Osman, pamajikanana, jeung budak awéwéna keur méré kasaksian ngagunakeun rak di luareun hiji pamakaman di Chili. Ujug-ujug datang sakelompok jalma nu rék nguburkeun mayit nu dibarengan ku jalma-jalma nu maén musik tarik pisan. Sababaraha jalma nyangka yén Osman téh pastor ti garéja maranéhna, jadi maranéhna nyampeurkeun, nangkeup Osman, jeung ngomong, ”Pa Pastor, nuhun nya datangna teu telat. Bapa tos diantosan ku abdi sadaya!”

 Osman nyoba ngajelaskeun yén manéhna téh lain pastor, tapi jalma-jalma téh gandéng pisan, jadi sora Osman teu kadéngé. Teu lila sanggeus jalma-jalma éta asup ka pamakaman, sababaraha jalma balik deui terus ngomong ka Osman, ”Pa, diantosan di jero pamakaman.”

 Sanggeus jalma-jalma rada tenang, kakara Osman bisa ngajelaskeun saha manéhna téh jeung ku naon aya di ditu. Jalma-jalma téh ambekeun lantaran pastorna teu datang, jadi maranéhna nanya ka Osman, ”Mun kitu mah, tiasa teu Bapa nepikeun sababaraha hal tina Alkitab keur urang?” Osman ngaenyakeun.

 Waktu keur leumpang ka kuburan, Osman nanya ngeunaan almarhum sarta mikirkeun ayat-ayat nu bakal ditepikeun. Sanggeus nepi ka kuburan, Osman ngenalkeun diri jeung ngajelaskeun yén manéhna téh salah saurang Saksi Yéhuwa nu osok ngawawarkeun warta hadé ka jalma-jalma.

 Terus, Osman ngagunakeun Wahyu 21:3, 4 jeung Yohanes 5:28, 29 pikeun ngajelaskeun yén Allah téh teu hoyong manusa maot. Justru, Allah bakal ngahirupkeun deui nu maot tuluy maranéhna bakal boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi. Sanggeus réngsé ngajelaskeun, loba jalma nangkeup Osman jeung nganuhunkeun ka manéhna lantaran geus nepikeun ”warta hadé ti Yéhuwa”. Terus, Osman balik deui.

 Sanggeus acara pamakamanana réngsé, sababaraha jalma datang ka rak jeung nanyakeun sababaraha topik Alkitab ka Osman jeung kulawargana. Maranéhna ngobrol lila pisan, terus waktu rék indit maranéhna nyokot ampir kabéh publikasi nu aya dina rak.