Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

Abdi Sok Mawa Péstol Kamana-mana

Abdi Sok Mawa Péstol Kamana-mana
  • LAHIR TAUN: 1958

  • NAGRI ASAL: ITALIA

  • KASANG TUKANG: ANGGOTA GÉNG NU KEJEM

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA:

Abdi lahir jeung gedé di daérah miskin di sisieun kota Roma. Hirup abdi hésé, abdi teu apal saha indung abdi sarta abdi gé teu akur jeung bapa. Abdi diajar carana hirup ti jalanan.

Ti umur 10 abdi geus maling, terus umur 12 abdi mulai kabur ti imah. Sababaraha kali si bapa kudu ngajemput abdi ka kantor pulisi. Abdi kasar jeung gedé ambek, jadi osok paadu omong jeung batur. Ahirna basa umur 14 abdi bener-bener kaluar ti imah. Abdi hirup di jalanan jeung mulai maké narkoba. Abdi teu boga tempat keur saré, jadi abdi ngabobol mobil jeung saré di dinya nepi ka isuk. Terus basa hudang isuk abdi néangan cai mancur pikeun bebersih.

Abdi jadi tukang maok anu ahli, ti ngajambrét kantong batur nepi ka maling apartemén atawa vila. Kajahatan abdi jadi kasohor, nepi ka abdi diajak asup ka géng anu gedé anu méré kasempetan ka abdi pikeun ngarampog bank. Lantaran abdi kejem, abdi dipikasieun ku anggota géng. Kamana-mana abdi mawa péstol, malah waktu saré gé péstolna ku abdi teundeun di handapeun bantal. Kakerasan, narkoba, maling, jeung laku lampah cabul, geus jadi bagian dina kahirupan sapopoé abdi. Ku lantaran abdi jadi buron pulisi, salila mangtaun-taun abdi sering ditéwak jeung sababaraha kali kaluar asup panjara.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI:

Hiji waktu basa abdi kaluar panjara, abdi nganjangan ka si bibi. Abdi teu nyaho, si bibi jeung dua barudakna téh geus jadi Saksi Yéhuwa. Maranéhna ngondang abdi pikeun milu ka acara ibadah Saksi. Ku sabab panasaran, abdi miluan. Pas nepi Balé Karajaan, abdi keukeuh hayang diuk deukeut panto supaya bisa ningali saha nu kaluar asup. Tangtu abdi mawa péstol.

Pasamoan éta ngarobah kahirupan abdi. Abdi inget pisan, abdi ngarasa siga aya di planét séjén. Jalma-jalmana meni soméah ka abdi, maranéhna ngarajak ngobrol bari senyum. Abdi masih inget, tina panon maranéhna gé abdi bisa ngarasa lamun maranéhna téh jalma anu bageur. Meni béda jauh pisan jeung kahirupan abdi salila ieu!

Abdi mulai diajar Alkitab jeung Saksi. Beuki loba diajar, abdi beuki paham mun abdi kudu bener-bener barobah. Naséhat dina Siloka 13:20 nanceb pisan kana haté abdi, ”Pék nyampur jeung nu pinter tangtu pinter, pék babaturan jeung nu garejul tangtu ancur.” Abdi sadar abdi kudu kaluar ti géng. Ieu téh teu gampang, tapi ku bantuan Yéhuwa abdi bisa ngalakukeunana.

Ayeuna abdi jadi bisa ngadalikeun tindakan abdi

Abdi ogé eureun ngalakukeun hal-hal nu goréng. Abdi bajoang eureun ngaroko jeung maké narkoba. Abdi nyukur buuk, ngaleupas anting, jeung teu ngomong kasar deui. Ahirna kakara abdi bisa ngadalikeun diri.

Sabenerna abdi teu resep maca jeung diajar, jadi rék konséntrasi diajar Alkitab téh hésé pisan. Tapi ku upaya nu enya-enya, lalaunan abdi jadi nyaah ka Yéhuwa. Mulai aya parobahan dina diri abdi. Haté sanubari abdi mulai kaganggu. Abdi osok boga parasaan négatif. Baréto loba pisan hal goréng nu geus abdi lakukeun, sigana Yéhuwa téh moal bakal ngahampura abdi. Tapi abdi dililipur ku carita ngeunaan Yéhuwa nu ngahampura raja Daud nu tobat sanggeus ngalakukeun dosa nu sérius.​—2 Samuel 11:1–12:13.

Tantangan séjénna nyaéta nyaritakeun iman abdi ku cara ngawawar ti imah ka imah. (Mateus 28:19, 20) Abdi sieun pisan lamun panggih jeung jalma nu pernah dinyenyeri ku abdi. Tapi lalaunan abdi bisa nyanghareupan rasa kasieun éta. Abdi ngarasakeun bungahna ngabantu jalma diajar ngeunaan Bapa nu di sawarga, nu resep ngahampura.

MANGPAATNA KEUR ABDI:

Diajar ngeunaan Yéhuwa téh nyalametkeun hirup abdi. Kalolobaan babaturan géng abdi geus dipanjara, malahan aya nu geus maot. Tapi abdi mah hirup bungah jeung boga harepan. Abdi diajar jadi jalma nu rendah haté, taat, jeung teu babari ambek. Hasilna abdi jadi rukun jeung batur. Kahirupan perkawinan abdi jeung Carmen gé bagja, urang duaan resep ngabantu batur diajar Alkitab.

Ayeuna abdi boga pagawéan nu jujur, mémang sih aya kénéh hubunganna jeung bank. Tapi ayeuna mah abdi ngabersihan bank, lain ngarampog bank!