Pindah kana eusi

Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?

Siga Kumaha Palajaran Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa?

 Saperti kumaha palajaran Alkitab Saksi-Saksi Yéhuwa téh?

 Saurang Saksi Yéhuwa bakal mantuan Anjeun diajar Alkitab per topik. Diajarna maké buku Hirup Bagja Salilana! Lalaunan, Anjeun bakal nyaho kana pangajaran Alkitab jeung mangpaatna keur Anjeun. Pikeun nyaho leuwih loba, mangga tongton vidéo ieu.

 Urang kudu mayar teu?

 Teu kudu. Saksi-Saksi Yéhuwa nyonto Isa nu ngajarkeun ka murid-muridna, ”Maranéh narima ieu teu dipénta bayaran, jadi ulah ménta bayaran.” (Matius 10:8) Bahan-bahan palajaranana ogé disadiakeun gratis, kaasup Alkitab jeung buku Hirup Bagja Salilana!

 Sabaraha lila diajarna?

 Aya 60 bab dina buku Hirup Bagja Salilana! Anjeun bisa mutuskeun sorangan, rék ngaréngsékeun bahan ieu sabaraha lila. Kalolobaan jalma mah resep diajar hiji bab atawa leuwih unggal mingguna.

 Kumaha cara miluan palajaran Alkitabna?

  1.  1. Eusian formulirna nu aya dina situs jw.org. Informasi pribadi nu Anjeun eusi ngan digunakeun supaya salah saurang Saksi Yéhuwa bisa ngontak Anjeun.

  2.  2. Saurang Saksi Yéhuwa bakal ngontak Anjeun. Manéhna bakal ngajelaskeun kumaha carana diajar jeung bakal ngajawab kabéh pananya Anjeun.

  3.  3. Anjeun jeung saurang Saksi Yéhuwa bisa jangjian heula. Diajarna bisa langsung, liwat telepon, video call, surat, atawa e-mail. Sakali diajar biasana sajam, tapi bisa leuwih sakeudeung atawa leuwih lila, gumantung kana jadwal Anjeun.

 Bisa nyobaan heula sakali teu?

 Bisa. Mimitina, eusian formulir online di jw.org. Waktu saurang Saksi Yéhuwa ngontak Anjeun, béré nyaho mun Anjeun hayang nyobaan heula diajar Alkitab. Manéhna bakal ngagunakeun brosur Hirup Bagja Salilana! Anjeun bisa nyobaan diajar maké tilu bab dina brosur éta. Sanggeus nyobaan diajar, Anjeun bisa mutuskeun hayang neruskeun diajar atawa henteu.

 Lamun geus miluan palajaran Alkitab ieu, urang bakal dititah jadi Saksi Yéhuwa teu?

 Henteu. Saksi-Saksi Yéhuwa resep ngajarkeun batur ngeunaan Alkitab. Tapi, urang teu pernah maksa batur pikeun jadi Saksi Yéhuwa. Urang ngahargaan hak kabéh jalma pikeun nangtukeun sorangan kapercayanana.​—1 Pétrus 3:15.

 Bisa maké Alkitab sorangan teu?

 Bisa, Anjeun bébas ngagunakeun Alkitab naon waé. Loba jalma leuwih resep ngagunakeun Alkitab nu geus sering dipaké ku maranéhna. Ari Saksi-Saksi Yéhuwa mah resep ngagunakeun Alkitab Terjemahan Dunia Baru nu leuwih jelas jeung akurat.

 Meunang ngajak batur teu?

 Mangga. Anjeun bisa ngajak babaturan atawa kabéh kulawarga.

 Lamun baheula pernah diajar Alkitab jeung Saksi Yéhuwa, meunang diajar deui teu?

 Meunang. Meureun ayeuna Anjeun bakal leuwih resep diajarna, lantaran cara diajarna geus diluyukeun jeung kabutuhan jalma-jalma ayeuna. Bahanna gé leuwih pikaresepeun sabab geus dirancang pikeun diskusi sarta aya leuwih loba gambar jeung vidéo.

 Na bisa lamun hayang diajar Alkitabna ku sorangan waé?

 Bisa. Loba palajar Alkitab ngarasa meunangkeun leuwih loba mangpaat mun aya nu mantuan maranéhna diajar. Tapi, aya ogé nu mimitina resep diajar Alkitab sorangan heula. Dina bagian Bantuan pikeun Diajar Alkitab aya loba bahan gratis nu bisa ngabantu Anjeun diajar Alkitab sorangan. Bahan-bahanna téh nyaéta: