Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa kana Pendidikan?

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa kana Pendidikan?

 Pandangan urang ngeunaan pendidikan téh dumasar kana prinsip-prinsip Alkitab. Unggal Saksi Yéhuwa ngagunakeun haté sanubarina nu geus dilatih Alkitab pikeun ngalarapkeun prinsip-prinsip Alkitab nu bakal dibahas di dieu. a

 Pendidikan téh penting pisan

 Pendidikan ngabantu saurang jalma ningkatkeun ’hikmah jeung akal budina’, nu penting ceuk Alkitab. (Siloka 2:10, 11; 3:21, 22) Yésus ogé nitah murid-muridna ngajarkeun paréntah anjeunna ka batur. (Mateus 28:19, 20) Jadi, urang ngajurung jeung ngabantu dulur saiman urang supaya boga pendidikan, saperti bisa maca, nulis, komunikasi, b jeung nyaho ngeunaan agama sarta kabudayaan batur.—1 Korinta 9:20-22; 1 Timoteus 4:13.

 Pamaréntah ogé ningali pentingna pendidikan, ku kituna ngawajibkeun barudak ngora pikeun milu sakola dasar jeung sakola menengah. Urang nurut kana paréntah éta, sabab luyu jeung ayat nu nyebutkeun, ”Unggal jelema kudu nurut ka pamarentah”. (Rum 13:1) Salian éta, urang ngajurung budak urang pikeun upaya sabisa-bisa jeung getol diajar di sakola, ulah gancang puas ku peunteun nu pas-pasan. c Ceuk Firman Allah, ”Kudu enya-enya, lir gawe keur Gusti lain keur jelema.”—Kolosa 3:23.

 Pendidikan bisa ngabantu urang nyumponan pangabutuh kulawarga. Ceuk Alkitab, ”Anu tambelar ka baraya, pangpangna ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman, leuwih jahat ti batan anu teu boga iman.” (1 Timoteus 5:8) Pendidikan bisa ngabantu urang ngajalankeun kawajiban ti Allah pikeun nyumponan pangabutuh kulawarga. Buku The World Book Encyclopedia nyebutkeun yén tujuan utama pendidikan téh nyaéta pikeun ”ngabantu jalma-jalma jadi masarakat nu getol . . . digawé.” Ti batan jalma nu teu boga kaahlian nanaon sarta pendidikan dasarna kurang, jalma nu boga kaahlian jeung pendidikanana alus leuwih bisa nyumponan pangabutuh kulawarga jeung leuwih bisa diandelkeun.—Siloka 22:29.

 Kolot ogé kudu nyakolakeun barudakna supaya barudak siap jadi jalma déwasa. (2 Korinta 12:14) Urang ngajurung para kolot supaya nyakolakeun budakna, sanajan di tempat maranéhna téh sakola teu haratis, hésé dimeunangkeun, sarta teu luyu jeung budaya di ditu. d Urang ogé méré saran-saran supaya kolot bisa leuwih ngadukung barudakna nu keur sakola. e

 Pandangan nu saimbang ngeunaan pendidikan

 Urang sacara taliti nimbang-nimbang piliheun pendidikan nu aya. Alkitab nyebutkeun, ”Jalma bodo mah percayaan, ari nu binangkit mah ngawas-ngawas heula pilengkaheun.” (Siloka 14:15) Urang ngalarapkeun prinsip ieu ku cara nimbang-nimbang heula piliheun pendidikan sanggeus sakola menengah. Urang mikirkeun biayana jeung sakumaha gedé mangpaatna. Contona, kursus téh bisa ngahémat waktu jeung loba mangpaatna.

 Pendidikan rohani mangpaatna leuwih loba ti batan pendidikan di sakola. Teu siga pendidikan umumna, pendidikan ti Alkitab nyadiakeun pamahaman ngeunaan Allah nu bisa nyalametkeun kahirupan. (Yohanes 17:3) Pendidikan ieu ogé ngajarkeun ahlak nu hadé, nyaéta hal-hal nu ’adil, temen, jeung jujur, anu kudu dipilampah’. (Siloka 2:9) Rasul Paulus meunang pendidikan nu ayeuna bisa disaruakeun jeung pendidikan di universitas, tapi manéhna ngakukeun aya ”nu leuwih ti kitu, nya eta terang ka Kristus Yesus”. (Pilipi 3:8; Rasul 22:3) Kitu ogé ayeuna, loba Saksi Yéhuwa pernah kuliah, tapi maranéhna sadar yén pendidikan rohani téh mangpaatna jauh leuwih loba. f

Pendidikan rohani ngajarkeun ahlak nu hadé

 Pendidikan luhur bisa waé ngaruksak ahlak jeung karohanian

 Alkitab nyebutkeun, ”Jalma anu surti mah kana pibahlaeun teh awas, seug disingkahan. Ari nu teu boga pikiran mah noyod bae, temahna kaduhung.” (Siloka 22:3) Saksi-Saksi Yéhuwa ngarasa yén lingkungan sababaraha universitas atawa tempat pendidikan luhur séjénna téh bisa ngaruksak ahlak jeung karohanian. Ku kituna, loba Saksi mutuskeun henteu nyakolakeun barudakna di ditu. Maranéhna ngarasa yén sababaraha tempat pendidikan luhur téh ngajarkeun pamikiran nu salah, misalna:

  •   Pamikiran nu salah: Duit bisa nyieun urang bagja jeung aman

     Loba nu mikir lamun boga pendidikan nu luhur, urang leuwih gampang meunangkeun pagawéan nu gajihna gedé. Jadi, aya leuwih loba jalma nu kuliah lantaran hayang boga loba duit engkéna. Sababaraha jalma hayang boga loba duit supaya hirupna bagja jeung aman, padahal Alkitab nyebutkeun yén pamikiran siga kitu téh salah pisan. (Pandita 5:10) Malah, Alkitab ngajarkeun yén ”beuki kana duit teh sumberna sagala kajahatan” sarta leungitna iman. (1 Timoteus 6:10) Jadi, Saksi-Saksi Yéhuwa upaya sangkan henteu katipu ku muslihat harta banda.—Mateus 13:22.

  •   Pamikiran nu salah: Urang kudu sakola luhur lamun hayang dianggap hébat jeung dihormat ku batur

     Contona mantan perdana mentri Georgia, Nika Gilauri, nulis ngeunaan pandangan nu umum di nagrina, ”Gelar sarjana téh wajib lantaran dianggap sabagé lambang status sosial di Georgia. . . . [Baheula,] budak ngora nu teu boga gelar sarjana téh dianggap aéb kulawarga.” g Ieu béda pisan jeung naséhat Alkitab supaya teu néang kamulyaan ti dunya keur diri sorangan. Yésus pernah ngomong ka para pamingpin agama nu hayang kapuji ku batur, ”Aranjeun resep dipuji ku pada jalma . . . Atuh rek percaya ka Kaula kumaha?” (Yohanes 5:44) Lingkungan di tempat kuliah téh bisa nyieun urang jadi sombong, padahal Allah ngéwa ka jalma nu sombong.—Siloka 6:16-19; 1 Petrus 5:5.

  •   Pamikiran nu salah: Unggal jalma bisa nangtukeun sorangan, mana nu bener mana nu salah

     Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun papakon Allah ngeunaan nu bener jeung nu salah. (Yesaya 5:20) Hiji artikel dina Journal of Alcohol and Drug Education nyebutkeun, godaan ti babaturan di tempat kuliah bisa ngajurung barudak ngora ”nyieun putusan nu papalingpang jeung hal nu salila ieu diajarkeun ka maranéhna ngeunaan nu bener jeung nu salah”. h Hasil risét ieu luyu jeung prinsip Alkitab, ”Pergaulan goreng ngaruksak sipat nu hade.” (1 Korinta 15:33) Di lingkungan universitas, laku lampah nu dilarang ku Allah saperti mabok-mabokan, maké narkoba, jeung séks saacan nikah téh geus lumrah, malah mah kalah ka silih jurung.—1 Korinta 6:9, 10; 2 Korinta 7:1.

  •   Pamikiran nu salah: Pendidikan luhur téh cara nu pangalusna pikeun ngarobah dunya jadi leuwih hadé

     Urang apal yén loba jalma hayang boga pendidikan luhur téh lainna lantaran hayang beunghar, hayang dianggap hébat, atawa ngarah bébas rék senang-senang ku cara nu salah. Sabalikna, maranéhna hayang jadi jalma nu leuwih hadé jeung ngarobah dunya jadi leuwih hadé. Ieu téh tujuan nu mulya, tapi cara Saksi-Saksi Yéhuwa mah béda. Saperti Yésus, urang yakin yén nu bisa nyieun dunya leuwih hadé téh ngan Karajaan Allah. (Mateus 6:9, 10) Tapi, urang teu ngan ngadagoan wungkul bari cicing waé nepi ka Karajaan Allah ngaréngsékeun masalah-masalah di dunya. Sabalikna saperti Yésus, urang nguarkeun ”Injil Kasalametan anu mertelakeun hal Karajaan Sawarga” ka sakuliah dunya, sarta ngabantu ratusan rébu jalma unggal taunna pikeun barobah jadi jalma nu leuwih hadé. i​—Mateus 24:14.

a Saksi Yéhuwa nu ngora kénéh nu masih saimah jeung kolotna nurut kana kahayang kolotna ngeunaan pendidikan, salila éta teu ngalanggar hukum Allah.—Kolosa 3:20.

b Urang medalkeun leuwih ti 11 juta bacaan nu ngajarkeun carana maca jeung nulis, saperti buku dina basa Inggris nu judulna Apply Yourself to Reading and Writing. Urang ogé ngayakeun kelas maca nulis haratis dina 120 basa di sakuliah dunya. Ti taun 2003 nepi ka 2017, urang ngajarkeun carana maca jeung nulis kira-kira ka 70.000 jalma.

c Tingali artikel ”Apa Aku Berhenti Sekolah Saja?

d Contona, urang ngajurung kolot pikeun nyakolakeun budak lalaki jeung budak awéwéna. Tingali artikel ”Haruskah Anak Saya Bersekolah?” di majalah Menara Pengawal, 15 Maret 2003.

f Tingali bagian ”Asal-Usul Kahirupan Ceuk Para Ahli” dina jw.org/su.

g Practical Economics: Economic Transformation and Government Reform in Georgia 2004​—2012, kaca 170.

h Jilid 61, No. 1, April 2017, kaca 72.

i Pikeun ningali kumaha Firman Allah jeung warta Karajaan ngarobah kahirupan jalma-jalma, mangga tingali bagian ”Alkitab Ngarobah Kahirupan” di jw.org/su.