Pindah kana eusi

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Protéstan?

Naha Saksi-Saksi Yéhuwa téh Protéstan?

 Lain. Saksi-Saksi Yéhuwa téh Kristen, tapi lain Protéstan. Ku naon?

 Protéstan téh ”agama nu nentang agama Katolik Roma”. Mémang, Saksi-Saksi Yéhuwa teu satuju kana pangajaran Garéja Katolik, tapi urang ogé lain Protéstan, ku sabab:

  1.   Sababaraha kapercayaan Protéstan papalingpang jeung pangajaran tina Alkitab. Contona, Alkitab ngajarkeun yén ”Allah teh hiji”, lain Tritunggal. (1 Timoteus 2:5; Yohanes 14:28) Alkitab ogé ngajarkeun yén jalma-jalma nu jahat bakal dibinasakeun salilana, lain diasupkeun ka naraka.—Jabur 37:9; 2 Tesalonika 1:9.

  2.   Urang moal protés atawa ngarobah pangajaran Garéja Katolik atawa agama séjénna. Sabalikna, urang ngawawarkeun warta hadé ngeunaan Karajaan Allah sarta ngupayakeun sabisa-bisa pikeun ngabantu batur percaya ka warta ieu. (Mateus 24:14; 28:19, 20) Tujuan urang lain rék ngarobah pangajaran agama séjén, tapi ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah jeung Firman-Na, Alkitab, ka jalma-jalma nu rendah haté.—Kolosa 1:9, 10; 2 Timoteus 2:24, 25.