Pindah kana eusi

Naha Aya Film, Buku, atawa Lagu nu Dilarang ku Saksi-Saksi Yéhuwa?

Naha Aya Film, Buku, atawa Lagu nu Dilarang ku Saksi-Saksi Yéhuwa?

 Henteu. Organisasi urang teu mariksa film, buku, atawa lagu pikeun nangtukeun mana nu kudu disingkahan ku anggota urang. Ku naon?

 Alkitab ngajurung unggal jalma pikeun ngalatih ”budi akalna” sangkan bisa ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah.—Ibrani 5:14, Sunda Formal.

 Kitab Suci nyadiakeun prinsip-prinsip nu bisa dipikirkeun ku urang Kristen waktu milih hiburan. a Dina sagala bidang kahirupan, urang boga tujuan ”ngupayakeun maneh sangkan kamanah ku Pangeran”.—Epesus 5:10.

  Alkitab ngajarkeun yén kapala kulawarga boga wewenang, jadi manéhna bisa nangtukeun hiburan naon nu kudu disingkahan ku anggota kulawargana. (1 Korinta 11:3; Epesus 6:1-4) Tapi, salian ti kulawarga, euweuh nu boga hak pikeun nangtukeun yén sababaraha film, lagu, atawa artis teu pantes pikeun anggota sidang jamaah.—Galata 6:5.

a Contona, Alkitab nyaram sagala rupa nu aya patalina jeung spiritisme, lampah cabul, atawa katelengesan.—Pamindo 18:10-13; Epesus 5:3; Kolosa 3:8.