Pindah kana eusi

Saha Sabenerna Pangawasa Dunya Ieu?

Saha Sabenerna Pangawasa Dunya Ieu?

Ceuk Sadérék, naha . . .

  • Gusti nu Mahakawasa?

  • pamaréntahan manusa?

  • teu apal?

JAWABAN KITAB SUCI

”Saalam dunya kabeh aya dina kakawasaan Setan.”​—1 Yohanes 5:19, Alkitab Bahasa Sunda Edisi Formal 1997 (SF).

”Yesus [Isa] . . . iklas nyorang pupus, supaya ku jalan kitu iasa ngabinasakeun Iblis.”​—Ibrani 2:14, Kitab Suci Nganggo Basa Sunda Sadidinten.

MANGPAATNA KEUR SADÉRÉK

Jadi ngarti ku naon aya loba masalah di dunya ieu.​—Wahyu 12:12.

Jadi yakin kaayaan dunya ieu bakal dirobah jadi leuwih hadé.​—1 Yohanes 2:17.

KU NAON JAWABAN KITAB SUCI BISA DIPERCAYA?

Urang bisa percaya kaayaan dunya bakal leuwih hadé. Sahenteuna aya tilu alesan:

  • Kabinasaan Sétan geus ditangtukeun. Yéhuwa tos nangtukeun yén Sétan moal ngawasa salilana. Mantenna jangji bakal ”numpes gagawean Iblis”.​—1 Yohanes 3:8.

  • Pamaréntahan Gusti bakal ngawasaan dunya ieu. Pamaréntahan Gusti béda pisan ti pamaréntahan dunya nu kejem jeung mentingkeun diri. Dina pamaréntahana-Na, Gusti jangji, ”Ana [manusa] nyambat ka Kami tangtu dibales. Ana [manusa] kasusahan, tangtu ku Kami dibaturan, tangtu ditulungan jeung dibere kahormatan. Umurna rek dipanjangkeun, ku Kami rek disalametkeun.”​—Jabur 91:15, 16.

  • Gusti teu bisa bohong. Kitab Suci nyebutkeun yén Gusti ”mustahil jalir”. (Titus 1:2, SF) Lamun Yéhuwa tos jangji, éta pasti laksana! (Yesaya 55:10, 11) ”Allah, sumber kabagjaan urang, bakal gancang-gancang ngaremukkeun Iblis.”​—Rum 16:20.

PANANYA PIKEUN DIPIKIRKEUN

Kumaha kaayaan dunya ieu sanggeus pamaréntahan Sétan diancurkeun?

Jawabanana aya dina JABUR 37:10, 11 jeung WAHYU 21:3, 4.