Ibrani 2:1-18

  • Merhatikeun leuwih ti biasana (1-4)

  • Kabéhanana disina tunduk ka Isa (5-9)

  • Isa jeung dulur-dulurna (10-18)

    • Pamingpin Utama kasalametan maranéhna (10)

    • Imam agung nu welas asih (17)

2  Éta sababna, urang kudu merhatikeun leuwih ti biasana hal-hal nu didéngé ku urang, ngarah urang teu palid.  Lamun firman nu ditepikeun liwat para malaikat téh bisa dipercaya, jeung unggal jalma nu ngalanggar atawa nu teu taat meunang hukuman nu adil,  kumaha urang bisa lolos tina hukuman lamun teu paduli kana kasalametan nu hébat ieu? Warta kasalametan ieu mimitina ditepikeun liwat Juragan urang, tuluy jalma-jalma nu ngadéngékeun manéhna méré nyaho ka urang yén éta téh bener.  Allah gé méré kasaksian yén omongan maranéhna bener ku cara méré tanda, mujijat, jeung rupa-rupa tindakan nu hébat, sarta méré kawasa suci nu dibagikeun sakumaha kahayang-Na.  Allah henteu nugaskeun para malaikat pikeun ngawasaan dunya nu bakal datang, nu dicaritakeun ku urang téa.  Tapi, saurang jalma pernah méré kasaksian, ”Naon atuh manusa téh nepi ka diinget ku Gusti, atawa naon atuh putra manusa téh nepi ka diperhatikeun ku Gusti?  Manéhna ku Gusti dijieun saeutik leuwih rendah tibatan para malaikat. Manéhna dimakutaan ku kamulyaan jeung kahormatan, sarta dilantik pikeun ngawasaan hasil karya panangan Gusti.  Kabéhanana disina tunduk di handapeun suku manéhna.” Lantaran kabéhanana disina tunduk ka manéhna, euweuh nu ku Allah teu ditundukkeun ka manéhna. Tapi ayeuna, urang can ningali kabéhanana tunduk ka manéhna.  Anu geus ditingali ku urang mah Isa, nu dijieun saeutik leuwih rendah tibatan malaikat, ayeuna dimakutaan ku kamulyaan jeung kahormatan lantaran geus sangsara nepi ka maot. Ku welas asih Allah nu taya bandingna,* manéhna ngalaman maot demi sakabéh jalma. 10  Sagala hal téh jadi aya keur Allah jeung ku jalan Allah. Supaya bisa ngamulyakeun loba putra-Na, geus sakuduna lamun Pamingpin Utama kasalametan maranéhna disampurnakeun ku cara ngalaman sangsara. 11  Boh nu nyucikeun boh nu disucikeun asalna ti hiji Bapa, ku kituna Isa teu éra nyebut maranéhna dulur. 12  Manéhna ngomong, ”Abdi bakal nguarkeun nami Gusti ka dulur-dulur abdi. Abdi bakal ngawih muji Gusti di tengah-tengah jamaah.” 13  Manéhna gé ngomong, ”Abdi bakal ngandelkeun Anjeunna.” Salian ti éta, ceuk manéhna, ”Ieu abdi jeung barudak leutik pamasihan Yéhuwa.” 14  Ku kituna, lantaran ”barudak leutik” éta téh manusa,* manéhna gé jadi manusa tuluy maot, supaya ku jalan kitu, manéhna bisa ngamusnakeun Iblis nu sanggup maéhan, 15  sarta bisa ngabébaskeun* kabéh jalma nu saumur hirupna diperbudak ku rasa sieun, nyaéta sieun maot. 16  Nu dibantu ku manéhna téh lain para malaikat, tapi turunan* Ibrahim. 17  Matakna, manéhna kudu jadi sarua jeung dulur-dulurna dina sagala hal supaya bisa jadi imam agung nu welas asih jeung satia dina ngalalayanan Allah. Ku kituna, manéhna bisa méré korban pikeun mupus dosa jalma-jalma sarta ngarukunkeun deui maranéhna jeung Allah. 18  Lantaran manéhna pernah sangsara waktu diuji, manéhna gé bisa nulungan saha waé nu keur diuji.

Catetan Tambihan

As. ”getih jeung daging”.
Atawa ”ngamerdékakeun”.
As. ”binih”.