Wahyu nu Ditarima ku Yahya 3:1-22

  • Pesen ka sidang jamaah di Sardis (1-6), Filadélfia (7-13), Laodikia (14-22)

3  ”Ka malaikat sidang jamaah di Sardis, tulis kieu: Ieu nu diucapkeun ku nu boga tujuh kawasa suci Allah jeung tujuh béntang: ’Kuring nyaho naon nu dilakukeun ku manéh. Katingalina wéh manéh téh hirup, padahal mah paéh.  Sing waspada, jeung kuatkeun naon nu aya kénéh tapi geus téréh paéh, sabab kuring ningali yén pagawéan nu dilakukeun ku manéh di hareupeun Allah kuring can bérés.  Ku kituna, sing inget kana naon nu geus ditarima jeung didéngé ku manéh. Terus tuturkeun éta jeung geura tobat. Lamun manéh teu hudang, kuring pasti datang kawas maling. Manéh moal nyaho iraha kuring datang.  ”’Sanajan kitu, aya kénéh sababaraha jalma* di Sardis nu teu ngotoran baju maranéhna. Maranéhna bakal leumpang bareng jeung kuring maké baju bodas, lantaran maranéhna layak narima kahormatan éta.  Jalma nu meunang bakal maké baju bodas, jeung ngaranna moal bakal dipupus ku kuring tina buku kahirupan. Manéhna bakal diaku ku kuring di hareupeun Bapa kuring jeung malaikat-malaikat-Na.  Nu baroga ceuli, pék déngékeun naon nu diucapkeun ka sidang-sidang jamaah ku jalan kawasa suci.’  ”Ka malaikat sidang jamaah di Filadélfia, tulis kieu: Ieu nu diucapkeun ku nu suci, nu bener, jeung nu boga konci Daud. Mun manéhna muka panto, moal aya nu bisa nutup, jeung mun manéhna nutup panto, moal aya nu bisa muka. Ceuk manéhna,  ’Kuring nyaho naon nu dilakukeun ku manéh. Kuring nyaho manéh teu pati kuat, tapi manéh tetep nurut kana kekecapan kuring jeung tetep satia ka kuring.* Kuring geus mangmukakeun panto keur manéh, jeung moal aya nu bisa nutup.  Ieu nu bakal dilakukeun ku kuring ka sababaraha jalma baladna* Sétan, nu ngabohong jeung ngaku-ngaku urang Yahudi, padahal mah lain: Maranéhna bakal disina datang jeung sujud di hareupeun suku manéh, sarta disina nyaho yén kuring nyaah ka manéh. 10  Lantaran manéh nuturkeun tuladan kuring pikeun tetep tabah, kuring gé bakal ngajaga manéh waktu manéh diuji. Dina waktu éta, sakabéh penduduk di sakuliah bumi bakal diuji. 11  Kuring bakal geura datang. Terus cekel pageuh naon nu dipiboga ku manéh, supaya teu aya nu ngarebut makuta manéh. 12  ”’Jalma nu meunang ku kuring bakal dijadikeun tihang di bait Allah kuring, jeung moal aya nu bakal nyingkirkeun manéhna ti dinya. Dina tarangna, kuring bakal nuliskeun ngaran Allah kuring jeung ngaran kota Allah kuring, nyaéta Yérusalém Anyar nu turun ti sorga, ti Allah kuring. Kuring gé bakal nuliskeun ngaran kuring nu anyar. 13  Nu baroga ceuli, pék déngékeun naon nu diucapkeun ka sidang-sidang jamaah ku jalan kawasa suci.’ 14  ”Ka malaikat sidang jamaah di Laodikia, tulis kieu: Ieu nu diucapkeun ku Amin, saksi nu satia jeung bener, nu mimiti diciptakeun ku Allah: 15  ’Kuring nyaho naon nu dilakukeun ku manéh. Manéh téh tiis henteu, panas henteu. Kahayang kuring mah manéh téh tiis atawa panas. 16  Jadi, lantaran manéh siga cai nu panas henteu, tiis henteu, manéh rék diutahkeun ku kuring. 17  Ceuk manéh, ”Aing beunghar, loba harta, jeung teu kakurangan nanaon.” Tapi, manéh teu sadar yén manéh téh malarat, pikawatireun, miskin, lolong, jeung taranjang. 18  Saran kuring mah manéh meuli barang-barang ieu ti kuring: emas nu dimurnikeun ku seuneu supaya manéh beunghar, baju bodas supaya manéh teu éra lantaran katingali taranjang, sarta salep pikeun diolés dina panon supaya manéh bisa nénjo. 19  ”’Kuring negor jeung ngadisiplin kabéh nu dipikanyaah ku kuring. Ku kituna, sing sumanget jeung geura tobat. 20  Kuring nangtung di hareupeun panto jeung ngetrok. Mun aya nu ngadéngé sora kuring jeung mukakeun panto, kuring bakal asup ka imahna tuluy milu dahar peuting babarengan. 21  Jalma nu meunang bakal diidinan diuk bareng jeung kuring dina tahta kuring, sakumaha kuring gé geus meunang sarta diuk bareng jeung Bapa kuring dina tahta-Na. 22  Nu baroga ceuli, pék déngékeun naon nu diucapkeun ka sidang-sidang jamaah ku jalan kawasa suci.’”

Catetan Tambihan

As. ”sababaraha ngaran”.
As. ”ka ngaran kuring”.
Atawa ”ti tempat ibadah”.