Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan Sajinis?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan Sajinis?

Jawaban Alkitab

 Lila saacan pamaréntah manusa nyieun aturan ngeunaan perkawinan, Allah geus nyieun aturan ngeunaan perkawinan. Buku nu mimiti dina Alkitab nyebutkeun, ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (Kajadian 2:24) Numutkeun Vine’s Expository Dictionary of Biblical Words, kecap Ibrani pikeun ”bojo” téh ”ngamaksudkeun saurang awéwé”. Yésus gé nandeskeun yén nu dihijikeun dina perkawinan téh kudu ”lalaki jeung awewe”.—Mateus 19:4.

 Tujuan Allah nyiptakeun perkawinan téh nyaéta ngahijikeun lalaki jeung awéwé pikeun salilana. Lalaki jeung awéwé diciptakeun pikeun silih cumponan pangabutuh émosi jeung séks, sarta pikeun miboga turunan.