Pindah kana eusi

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Hubungan Séks jeung Sasama Jenis?

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Hubungan Séks jeung Sasama Jenis?

Jawaban Alkitab

 Allah hoyong sangkan hubungan séks ngan dilakukeun ku lalaki jeung awéwé nu geus nikah. (Kajadian 1:27, 28; Imamat 18:22; Siloka 5:18, 19) Alkitab ngalarang jalma ngalakukeun kagiatan séksual lamun lain jeung salaki atawa pamajikan sorangan, sarta jeung sasama jenis (homoséksualitas). (1 Korinta 6:18) Ieu kaasup ngalakukeun hubungan séksual, nyabakan alat kelamin batur, sarta séks oral atawa séks anal.

 Sanajan Alkitab teu satuju kana hubungan sasama jenis, lain hartina Alkitab ngajurung urang pikeun ijid ka jalmana. Sabalikna, urang Kristen kudu ”ngajenan ka unggal jelema”.—1 Petrus 2:17.

 Naha aya jalma nu geus homo ti barang lahir?

Alkitab henteu ngajelaskeun sacara langsung ngeunaan kaayaan fisik jalma nu homo, tapi ngajelaskeun yén ti barang lahir, urang kabéh condong ngalanggar paréntah Allah. (Rum 7:21-25) Jadi, Alkitab teu ngabahas ku naon saurang jalma bisa homo, tapi Alkitab ngalarang tindakan homoséksualitas.

 Carana nyukakeun Allah sanajan kapincut ka sasama jenis.

Alkitab ngomong, ”Ulah daék dikadalikeun ku awak anjeun. Paéhan sagala napsu séksual nu salah.” (Kolosa 3:5, Contemporary English Version) Pikeun maéhan sagala kahayang nu bisa ngalantarankeun tindakan salah, urang kudu ngadalikeun pikiran urang. Lamun urang sering ngasupkeun hal-hal positif ka pikiran urang, urang bakal leuwih gampang nampik kahayang nu salah. (Pilipi 4:8; Yakobus 1:14, 15) Bisa jadi, mimitina asa hésé pisan, tapi lila-lila éta bakal leuwih gampang. Allah jangji rék ngabantu urang ’ngaganti ku pikiran anu anyar’.—Epesus 4:22-24.

 Jutaan jalma nu kapincut ka lawan jenis gé bajoang pikeun nuturkeun papakon Alkitab. Misalna nu léngoh jeung sigana moal nikah, atawa nu geus nikah tapi teu bisa ngalakukeun hubungan séks, maranéhna ngadalikeun napsu séks sanajan aya loba gogoda. Ku kituna, maranéhna tetep bisa hirup bagja. Jalma-jalma nu kapincut ka sasama jenis gé bisa bagja lamun bener-bener boga tékad pikeun nyukakeun Allah.—Pamindo 30:19.