Pindah kana eusi

Naon ”Konci Karajaan” téh?

Naon ”Konci Karajaan” téh?

Jawaban Alkitab

 

 ”Konci Karajaan” téh ngagambarkeun wewenang pikeun muka jalan sangkan jalma-jalma bisa ”asup ka Karajaan Allah”. (Mateus 16:19; Rasul 14:22) a Pétrus ”diserenan konci Karajaan Sawarga” ku Yésus. Ieu hartina Pétrus narima wewenang pikeun nyingkabkeun yén jalma nu boga iman bisa narima kahormatan pikeun asup ka Karajaan sawarga ku cara narima roh suci Allah.

Keur saha konci ieu digunakeun?

 Pétrus ngagunakeun wewenang ti Allah pikeun muka jalan keur tilu kelompok ieu sangkan bisa asup ka Karajaan:

  1.   Urang Yahudi jeung nu lain Yahudi nu jadi panganut agama Yahudi. Teu lila sanggeus Yésus maot, Pétrus ngayakinkeun sakelompok urang Yahudi sangkan percaya yén Yésus téh pribadi nu dipilih ku Allah pikeun maréntah dina Karajaan. Pétrus méré nyaho naon nu kudu dilakukeun ku maranéhna supaya salamet. Ku kituna, Pétrus muka jalan supaya maranéhna bisa asup ka Karajaan. Hasilna, rébuan jalma ”palercaya ka anu dipertelakeun ku Petrus”.​—Rasul 2:38-41.

  2.   Urang Samaria. Ka dieunakeun, Pétrus diutus ka urang Samaria. b Manéhna ngagunakeun deui konci Karajaan waktu manéhna jeung Rasul Yohanes ”mangnedakeun sakur anu geus palercaya supaya dipaparinan Roh Suci”. (Rasul 8:14-17) Éta muka jalan sangkan urang Samaria bisa asup ka Karajaan.

  3.   Jalma nu lain Yahudi nu acan jadi panganut agama Yahudi. Tilu satengah taun sanggeus Yésus maot, Allah nunjukkeun ka Pétrus yén jalma nu lain Yahudi gé boga kasempetan pikeun asup ka Karajaan. Jadi, Pétrus ngagunakeun salah sahiji konci Karajaan ku cara ngawawar ka jalma nu lain Yahudi. Ku kituna, Pétrus muka jalan supaya maranéhna narima roh suci, jadi urang Kristen, jeung boga harepan jadi anggota Karajaan.​—Rasul 10:30-35, 44, 45.

Naon hartina ”asup ka Karajaan”?

 Jalma-jalma nu ”asup ka Karajaan” bakal maréntah bareng jeung Yésus di sawarga. Alkitab ngaramalkeun, maranéhna bakal ”dariuk dina singgasana”, bakal jadi raja-raja nu ”nyakrawati marentah bumi”.​—Lukas 22:29, 30; Wahyu 5:9, 10.

Kasalahpahaman ngeunaan konci-konci Karajaan

 Kasalahpahaman: Pétrus nu nangtukeun saha nu bisa asup ka sawarga.

 Fakta: Alkitab nyebutkeun, Yésus Kristus nu bakal ”ngahakiman ka anu harirup jeung ka nu geus maraot”, lainna Pétrus. (2 Timoteus 4:1, 8; Yohanes 5:22) Malah, Pétrus sorangan nyebutkeun yén Yésus ”dijenengkeun hakim sakumna manusa, boh anu harirup keneh boh anu parantos maraot”.​—Rasul 10:34, 42.

 Kasalahpahaman: Nu di sawarga nungguan iraha Pétrus rék ngagunakeun konci-konci Karajaan.

 Fakta: Waktu Yésus ngomong ngeunaan konci-konci Karajaan, anjeunna méré nyaho Pétrus, ”Anu ku maneh dibeungkeut di ieu dunya, bakal dibeungkeut di Karajaan Sawarga. Anu ku maneh diudar (dileupaskeun) di ieu dunya, di Karajaan Sawarga oge bakal diudar.” (Mateus 16:19, Sunda Formal) Aya nu nganggap, éta kekecapan ngamaksudkeun yén nu nangtukeun putusan nu dijieun di sawarga téh Pétrus, tapi kecap aslina dina basa Yunani nunjukkeun yén putusan Pétrus téh nuturkeun putusan nu geus dijieun di sawarga. c

 Alkitab gé nunjukkeun yén Pétrus téh tunduk ka Allah waktu manéhna ngagunakeun konci-konci Karajaan. Misalna, Pétrus taat waktu dibéré paréntah ku Allah pikeun ngagunakeun konci nu katilu.​—Rasul 10:19, 20.

a Sakapeung, Alkitab ngagunakeun kecap ”konci” pikeun ngalambangkeun wewenang jeung tanggung jawab.​—Yesaya 22:20-22; Wahyu 3:7, 8.

b Agama urang Samaria téh béda jeung agama urang Yahudi, tapi urang Samaria gé percaya kana sababaraha pangajaran dina Hukum Musa jeung ngajalankeun sababaraha kabiasaanana.

c Tingali catetan pikeun Mateus 16:19 dina Kitab Suci Terjemahan Dunia Baru (Édisi Palajaran).