Pindah kana eusi

Naon Ceuk Alkitab ngeunaan Pasangan nu Hirup Bareng Padahal Can Kawin?

Naon Ceuk Alkitab ngeunaan Pasangan nu Hirup Bareng Padahal Can Kawin?

Jawaban Alkitab

 Alkitab nyebutkeun yén Allah téh hayang jalma-jalma ”ngajauhan lampah cabul”. (1 Tésalonika 4:3) Dina Alkitab, kecap ”lampah cabul” téh kaasup jinah, hubungan homoséksual, jeung hubungan séks di luar nikah.

 Ku naon Allah hayang hubungan séks téh dilakukeun ku pasangan nu geus nikah?

  •   Perkawinan téh diatur ku Allah. Perkawinan nu mimiti téh diayakeun waktu Allah ngahijikeun pasangan manusa nu mimiti. (Kajadian 2:22-24) Jadi, Allah teu hayang lalaki jeung awéwé hirup bareng saacan nikah.

  •   Allah apal naon nu panghadéna keur manusa. Perkawinan téh dijieun ku Allah pikeun jadi pameungkeut saumur hirup keur salaki pamajikan. Perkawinan téh ngalindungan sakabéh anggota kulawarga. Pikirkeun ibarat ieu. Waktu rék ngarakit méja, pasti urang nuturkeun pituduh ti pabrikna supaya bener ngarakitna. Kitu ogé, mun urang hayang boga kulawarga nu bagja, urang kudu nuturkeun pituduh ti Allah. Lamun urang daék nuturkeun pituduh ti Allah, pasti urang ngarasakeun mangpaatna.​—Yesaya 48:17, 18.

    Biasana pabrik méré pituduh kumaha carana ngarakit méja. Allah gé méré pituduh kumaha supaya kulawarga urang bisa bagja

  •   Akibat tina hubungan séks di luar nikah. Akibatna téh goréng, misalna hamil di luar nikah, katépaan panyakit kelamin, jeung bisa nyababkeun gangguan émosi.

  •   Allah méré kasanggupan ka lalaki jeung awéwé pikeun boga anak liwat hubungan séks. Allah nganggap kahirupan téh suci. Allah gé méré kurnia ka manusa pikeun boga anak. Jadi, Allah hayang urang ngahargaan kurnia éta ku cara nuturkeun pangaturan ti Allah ngeunaan perkawinan.​—Ibrani 13:4.

 Meunang teu pasangan nu can kawin nyobaan heula pikeun hirup bareng?

 Mun hayang perkawinan urang bagja, urang teu perlu ”nyoba heula” hirup bareng saacan nikah. Tapi, hubungan bakal leuwih kuat lamun pasangan jangji pikeun silih satia sarta daék babarengan nyanghareupan masalah. a Perkawinan téh nguatkeun jangji maranéhna.​—Matius 19:6.

 Kumaha supaya perkawinan bisa bagja?

 Henteu aya perkawinan nu sampurna. Tapi, perkawinan urang bisa bagja lamun pasangan daék nuturkeun naséhat tina Alkitab. Contona:

a Tingali artikel ”Kulawarga Suksés—Kasatiaan”.