Pindah kana eusi

ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN

”Jalanan Jadi Imah Abdi”

”Jalanan Jadi Imah Abdi”
  • Lahir Taun: 1955

  • Nagri Asal: Spanyol

  • Kasang tukang: Telenges, Kacanduan Narkoba jeung Alkohol

KAHIRUPAN ABDI BAHEULA

 Sababaraha jalma butuh waktu lila pikeun diajar tina pangalaman goréngna. Abdi siga kitu. Abdi lahir jeung gedé di Barcelona, kota kadua panggedéna di Spanyol. Abdi jeung kulawarga cicing di daérah Somorrostro, nu kalolobaanana mah basisir. Somorrostro téh katelah ku kajahatan jeung narkobana.

 Kolot abdi boga salapan budak, abdi nu cikal. Lantaran miskin pisan, bapa nitah abdi gawé di klub ténis jadi tukang mulung bola. Harita umur abdi kakara sapuluh taun, tapi digawé sapuluh jam unggal poéna. Jadi, abdi teu bisa sakola siga kalolobaan budak sapantaran abdi. Pas umur 14, abdi digawé di béngkél beusi.

Taun 1975, abdi ngagabung jeung Légiun Asing Spanyol di Afrika Utara jeung maké saragam husus

 Dina taun 1975, abdi dipanggil pikeun wajib militér di Spanyol. Abdi hayang hirup téh aya tangtanganana, ku kituna abdi ngagabung jeung Légiun Asing Spanyol di Melilla, daérah di Afrika Utara nu kalolobaan pendudukna téh urang Spanyol. Harita, abdi mulai kalibet ku narkoba jeung alkohol.

 Sanggeus kaluar ti Légiun, abdi balik ka Barcelona jeung nyieun géng. Urang maok sagala rupa nu bisa dipaok. Tuluy urang ngajual barang-barang éta keur meuli narkoba. Abdi mulai maké LSD jeung amfétamin, hirup rucah, osok nginum-nginum, jeung judi. Kahirupan bejad ieu ngajurung abdi jadi beuki telenges. Abdi osok mamawa péso, kampak, atawa bedog. Lamun perlu, abdi tara asa-asa maké pakarang éta.

 Hiji waktu, géng abdi maok mobil tuluy diudag-udag ku pulisi. Mani siga di film-film. Urang mawa mobil éta sajauh kira-kira 30 kilométer, nepi ka pulisi némbakan urang. Tungtungna mobil éta nabrak, tuluy urang kabéh laluncatan kalalabur. Basa bapa apaleun, abdi langsung diusir ti imah.

 Salila lima taun, jalanan jadi imah abdi. Abdi saré di trotoar, di treuk, bangku taman, jeung di makam. Malah abdi pernah cicing di guha. Abdi teu boga tujuan hirup, teu paduli rék hirup rék paéh gé. Abdi inget pas keur kapangaruhan ku narkoba, abdi ngeureut pigeulang jeung leungeun abdi. Nepi ka ayeuna gé tapakna aya kénéh.

KUMAHA ALKITAB NGAROBAH KAHIRUPAN ABDI?

 Basa umur abdi 28 taun, indung abdi néangan abdi tuluy nitah balik ka imah. Abdi satuju jeung jangji bakal tobat, tapi butuh waktu lila pikeun nedunan jangji éta.

 Hiji poé, aya dua Saksi Yéhuwa ngetrok panto. Pas abdi keur ngadéngékeun maranéhna, bapa ngagorowok ti jero imah nitah ngajeblagkeun panto. Abdi teu resep dititah-titah, jadi ku abdi teu digugu. Maranéhna méré tilu buku leutik. Tuluy abdi nanyakeun di mana maranéhna osok ngumpul. Sababaraha poé sanggeusna, abdi datang ka Balé Karajaan.

 Abdi olohok ningali jalma-jalma pakéanana rarapih. Ari abdi, geus mah gondrong, janggot acak-acakan, kucel deuih. Abdi ngarasa teu pantes, jadi cicing wé di luar. Tapi, abdi teu nyangka bisa nempo babaturan géng baheula nu ngaranna Juan. Pakéan manéhna téh mani rapih. Abdi ahirna apal yén manéhna jadi Saksi Yéhuwa sataun saacanna. Ningali manéhna, abdi jadi reugreug asup jeung milu masamoan. Ti saprak harita, kahirupan abdi barobah.

 Abdi daék diajar Alkitab jeung sadar lamun hayang kamanah ku Allah, abdi kudu ngarobah sikep nu barangasan jeung hirup nu rucah. Nyieun parobahan siga kitu téh teu gampang. Abdi diajar lamun hayang nyenangkeun Allah Yéhuwa, pikiran abdi kudu ”barobah anyar sama sakali”. (Rum 12:2) Haté abdi kageuing pisan ku welas asih Allah. Sanajan nyieun loba kasalahan, Mantenna masihan kasempetan ka abdi pikeun barobah. Pangajaran ngeunaan Allah Yéhuwa asup kana jero haté. Abdi jadi nyaho yén Nu Nyipta téh merhatikeun abdi.—1 Petrus 5:6, 7.

 Abdi jadi kajurung pikeun mulai barobah. Misalna, waktu diajar ngeunaan bako, abdi mikir, ’Lamun Allah Yéhuwa hoyong abdi bersih dina sagala hal, abdi kudu miceun roko!’ (2 Korinta 7:1) Jadi, ku abdi rokona dipiceun ka wadah runtah!

 Abdi ogé kudu eureun maké jeung ngajual narkoba. Butuh leuwih loba waktu jeung upaya pikeun ngalakukeunana. Sangkan hasil, abdi kudu mutuskeun hubungan jeung babaturan nu baheula, mun henteu abdi moal bisa maju sacara rohani. Tapi, ahirna abdi jadi leuwih ngandelkeun Allah jeung bantuan ti babaturan nu anyar di sidang. Abdi ngarasa dipikanyaah jeung diperhatikeun ku maranéhna. Abdi can pernah ngarasakeun ieu saacanna. Sababaraha bulan sanggeusna, abdi bisa bener-bener bébas ti narkoba tuluy jadi ”manusa anyar”. (Epesus 4:24) Ku kituna, abdi bisa kamanah ku Allah. Bulan Agustus 1985, abdi dibaptis jadi Saksi-Saksi Yéhuwa.

ABDI NARIMA MANGPAAT

 Ku lantaran diajar Alkitab, abdi jadi boga kasempetan pikeun ngarobah hirup. Abdi jadi bébas ti kahirupan nu bejad nu ngaruksak awak jeung ngarendahkeun martabat. Leuwih ti 30 babaturan abdi baheula maotna ngora kénéh lantaran AIDS atawa panyakit nu disababkeun ku narkoba. Sukur pisan abdi bisa ngalarapkeun prinsip Alkitab, jadi teu ngalaman balukar goréng siga kitu.

 Péso jeung kampak nu dibabawa ku abdi basa ngora kénéh ayeuna tinggal carita. Abdi teu pernah ngabayangkeun bakal mamawa Alkitab jeung ngagunakeunana pikeun mantuan batur. Ayeuna, abdi jeung pamajikan jadi Saksi Yéhuwa nu ngawula sapinuh waktu.

 Kolot abdi mémang teu jadi Saksi Yéhuwa, tapi maranéhna ngahargaan lantaran ningali mangpaat nu ditarima ku abdi tina diajar Alkitab. Malahan, bapa abdi ngabéla Saksi di hareupeun kabéh babaturanana. Manéhna apal yén iman abdi nu ayeuna ngalantarankeun abdi nyieun parobahan nu luar biasa. Indung abdi ngomong kuduna mah abdi diajar Alkitab ti baheula. Éta téh bener pisan!

 Tina pangalaman hirup, abdi diajar yén bodo pisan lamun néangan kabagjaan tina narkoba atawa tina hal goréng séjénna. Ayeuna abdi meunang kabagjaan sajati tina ngajarkeun bebeneran Firman Allah ka batur, pangajaran nu bener-bener nyalametkeun hirup abdi.